> Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Didieu saurna kasus gay lesbian oge kitu, tapi teu kantos ngadangu 
> kasus sadisme mah.., margi kaum lesbian biasana teu gembar gembor, 
> duka masih isin, duka naon sababna.., numatak masih seueur 
> kekerasan oge dikalangan lesbian. Kumargi kitu di yayasan2 sosial, 
> kalebet puskemas, disadiakeun konseling kangge nu nampi kekerasan 
> diantawis para lesbian, nya tujuanana mah supados tiasa dikirangan 
> jumlah kekerasanana..

Tah sigana mah kitu, Teh M. persoalan utamana mah, hese neangan 
pasangan, jadi timburuna gede pisan. Ngan terus terang di lembur urang 
mah sigana mah acan bisa narima kalakuan homoseksualitas teh, jadi 
kasus-kasus "sadismeu" kaum homo sigana tetep bakal aya.

Baheula waktu kuring ngendong di losmen di Tanjungkarang Lampung, aya 
tamu losmen lalaki ngamuk, pikasieuneun, tepi ka nu ngendong di 
losmen, kaluar kabeh. Si lalaki eta akhirna dibawa ku pulisi. Cenah 
mah si lalaki ieu teh bogoh ka pelayan lalaki losmen. Manehna nyangka 
si pelayan teh sarua kaum gay siga manehna. Padahal lain, si pelayan 
nolak bari kabur, si tamu nafsu kapegung ....jadi ngamuk ...

Baktos,
WALUYA


  
 


Reply via email to