"teu kudu ngaluluhur. cukup jiga batur. cukup sarua rarenjul"

Mumbulna kasadaran sorangan, kuring téh sunda, can lila. Paling lila karak
lima taunan. Kituna téh, sanggeus inténs wawawuhan jeung dunya goib, remen
iinternétan.

Naon cenah hubungan ngarasa sunda jeung internét?

Keur sakuringeun mah, rasa nganuhunkeun ka angkatan bersenjata Amérika
Serikat (saterusna ukur ditulis Amérika) kacida gedéna. Kadé hal ieu ulah
dihubung-hubungkeun jeung diserangna (cenah) "umat Islam" Iraq ku tangtara
Amérika. Kuring mah ukur nganuhunkeun ka maranéhna, sabab geus ngembangkeun
hiji sistem jaringan, nu jadi embrio nu ayeuna mah disebut internét téa.

Kuring mah sadar ti bubudak geus boga panyakit kacangcayaan kana jirim diri,
ogé cangcaya ka jirim batur. Rumasa, dina hal wawawuhan kuring teu pati
bisa. Loba mikiran kasieun. Sok sieun nu jadi lawan ngomong, kadupak haténa.
Lamun nyangangang, sieun teu bisa ngayonan. Jadi mun dina riungan di alam
nyata, kuring sok leuwih milih nyidem sora. Nepi ka kiwari kituna téh. Nepi
ka tungtungna wawawuhan jeung internét. Kuring bisa nyumputkeun jirim nepi
ka wani pikeun mudalkeun pikiran tampa sieun irung bocor atawa mata geuneuk.
Da dimana batur nyarita aya nu karérab haténa lain jirim kuring nu eumeur,
paling-paling monitor jeung beurit manéna nu jadi bangkarak. Nuhun US Army!!
teu poho ogé ka sakabéh nu terus ngembangkeun ieu dunya raramatan, nuhun...

Can ngajawab nya?

Keur leutik nepi ka kira-kira sataun beres ngarawu élmu di hiji(-hijina)
paguron luhur nagri di Bogor kuring can enya-enya ngarasa Sunda. Jih naha
jalma nu dingaranan Dudi Herlianto ku bapana ieu téh kacida jauhna jeung nu
ngaranna Sunda kitu? Henteu! baraya. Saumur hirup manehna mah, pagilinggisik
teu sirikna unggal waktu jeung nu ngaranna sunda.

Manéhna ti mimiti ngambeu bau dunya can pernah ngangkat suku duanana ti
lemah Sunda leuwih ti saminggu. Ti mimiti lahir 28 taun katukang, nepi ka
tamat SMA kuring tara incah ti kabupatén nu cenah asal kecapna tina Insun
Medal, Insun Madangan, Sumedang. Terus ngiluan UMPTN (nu babalagaan) nyokot
IPC--poho deui panjangna mah. Dua pilihan mimiti, aya di tatar Sunda. Teknik
Pertambangan di Bandung, jeung Statistika di Bogor. Nu katiluna mah Ékonomi
Pembangunan di Purwokerto. Najan enya gé kiwari jadi bagéan administratip
tatar Jawa (Tengah). Cenah, baheulana mah cenah kaasup karajaan Galuh nu
notabénéna Sunda kénéh. Ieu mah babagi kabungah wé, puji sukur ka hyang
agung kuring lolos UMPTN najan pilihan kadua. Nyahona téh, sanggeus ngaran
asup kana koran, keur nu munggaran. Mangka koranna gé, cenah, koran
kabanggaan warga Jawa Barat (baca: tatar Sunda) deuih.

Salian ti éta, kuring, ti gubrag ka alam dunya, nepi ka capétang basa
Indonésia di sabudeureun tara towong nu maraké basa Sunda. Jeung, nepi ka
kiwari angger lamun keur ngambek sok ngagorowok, "JADOL SIAH!!". Tah, teu
kumaha kurang deukeut ka ki Sunda nya baraya?

Ngan.... rasa sunda kuring harita lain mucunghul tina panggeuro getih
goib. Ukur
rasa tuturut munding, rasa hasil ngabanding-banding jeung batur sakuriling.
Pan cenah mun manéh dijurukeun di Sumedang jeung mun ngomong teu bisa
ngabédakeun p, f, jeung v bisa dipastikeun manéhna téh maké mérék bangsa
(urang/sélér--kuring teu pati resep maké kecap sékésélér!) dina tarangna:
Sunda! Kuring rumasa kitu, jadi tara nyangangang lamun aya nu ngageroan:
"Kabayan, mau ke mana?". Malah mah ngajawab panggerona gé bari nyengir embé
begér sagala.

Lima taun ka tukang mah, kuring narima sacara "enya lah!" kana rasa sunda
éta. Nepi ka kuring asup ka mailing list (disinget milis, sarupaning
komunitas di internét) nu ngahususkeun manéh maké panganteur basa Sunda.
Mimiti asup ka [EMAIL PROTECTED] Terus [EMAIL PROTECTED]
Can ngarasa sugema, kuring terus néangan milis susundaan. Nya nepi ka
kiwari, kuring milu teu kurang ti lima milis. boh nu cara urangsunda jeung
kisunda, modél baraya_sunda@yahoogroups.com jeung
[EMAIL PROTECTED] Bos milis nu maké ngaran nu aya di tatar
Sunda, modél [EMAIL PROTECTED], jeung [EMAIL PROTECTED]

Tah hasil mimilisan éta, rasa susundaan kuring mimiti mumbul dina haté.
Pertanyaan pertanyaan modél: "Naha enya ieu téh Sunda?"/ "Jiga kumaha ari
Sunda téh?" / "Keur naon maké aya jalma nu kokomoan merjuangkeun eksisténsi
nu ngaranna sunda?" jeung réa-réa deui pertanyaan lianna. Singetna mah, ti
milis pisan rasa néangan sunda mimiti mumbul.

Ti milis ogé kuring bisa ningali rupa-rupa sunda. Aya sunda nu asa
pangaingna. Aya nu pokona sunda. Aya nu euweuh bangsa nu leuwih alus iwal
sunda. Jeung aya nu séjén-séjénna. Pokona kelir sunda téh reuteum pisan! Ti
hideung nepi ka bodas, nyampak!

Tah ti hasil ningalian milis ieu pisan, kuring beuki sadar,Sunda teh geuning
biasa. Papak jeung bangsa séjénna nu aya di ieu dunya. Pan kabéh bangsa gé
pasti ngarasa agul ku kaleuwihanna. Jeung jigana kabéh bangsa gé bakal
sabisa-bisa nyumputkeun kagorénganna. Kumaha wé Hitler nu agul ku
kaaryaanna, bari tara ngocal-ngocal kakuranganna...

Jadi nuhun ka milis-milis kasundaan, kuring geus bisa manggih nu salila ieu
disiaran. Kuring geus manggihan "Sunda nu Biasa!". Geus manggihan sunda nu
bisa diagul-agulkeun ka anak incu jaga...

Saréwukali deui nuhun.....


-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke