Sumedangna ti mana kang? Sma mana?

On 8/21/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "teu kudu ngaluluhur. cukup jiga batur. cukup sarua rarenjul"
>
> Mumbulna kasadaran sorangan, kuring téh sunda, can lila. Paling lila karak
> lima taunan. Kituna téh, sanggeus inténs wawawuhan jeung dunya goib, remen
> iinternétan.
>
> Naon cenah hubungan ngarasa sunda jeung internét?
>
> Keur sakuringeun mah, rasa nganuhunkeun ka angkatan bersenjata Amérika
> Serikat (saterusna ukur ditulis Amérika) kacida gedéna. Kadé hal ieu ulah
> dihubung-hubungkeun jeung diserangna (cenah) "umat Islam" Iraq ku tangtara
> Amérika. Kuring mah ukur nganuhunkeun ka maranéhna, sabab geus ngembangkeun
> hiji sistem jaringan, nu jadi embrio nu ayeuna mah disebut internét téa.
>
> Kuring mah sadar ti bubudak geus boga panyakit kacangcayaan kana jirim diri,
> ogé cangcaya ka jirim batur. Rumasa, dina hal wawawuhan kuring teu pati
> bisa. Loba mikiran kasieun. Sok sieun nu jadi lawan ngomong, kadupak haténa.
> Lamun nyangangang, sieun teu bisa ngayonan. Jadi mun dina riungan di alam
> nyata, kuring sok leuwih milih nyidem sora. Nepi ka kiwari kituna téh. Nepi
> ka tungtungna wawawuhan jeung internét. Kuring bisa nyumputkeun jirim nepi
> ka wani pikeun mudalkeun pikiran tampa sieun irung bocor atawa mata geuneuk.
> Da dimana batur nyarita aya nu karérab haténa lain jirim kuring nu eumeur,
> paling-paling monitor jeung beurit manéna nu jadi bangkarak. Nuhun US Army!!
> teu poho ogé ka sakabéh nu terus ngembangkeun ieu dunya raramatan, nuhun...
>
> Can ngajawab nya?
>
> Keur leutik nepi ka kira-kira sataun beres ngarawu élmu di hiji(-hijina)
> paguron luhur nagri di Bogor kuring can enya-enya ngarasa Sunda. Jih naha
> jalma nu dingaranan Dudi Herlianto ku bapana ieu téh kacida jauhna jeung nu
> ngaranna Sunda kitu? Henteu! baraya. Saumur hirup manehna mah, pagilinggisik
> teu sirikna unggal waktu jeung nu ngaranna sunda.
>
> Manéhna ti mimiti ngambeu bau dunya can pernah ngangkat suku duanana ti
> lemah Sunda leuwih ti saminggu. Ti mimiti lahir 28 taun katukang, nepi ka
> tamat SMA kuring tara incah ti kabupatén nu cenah asal kecapna tina Insun
> Medal, Insun Madangan, Sumedang. Terus ngiluan UMPTN (nu babalagaan) nyokot
> IPC--poho deui panjangna mah. Dua pilihan mimiti, aya di tatar Sunda. Teknik
> Pertambangan di Bandung, jeung Statistika di Bogor. Nu katiluna mah Ékonomi
> Pembangunan di Purwokerto. Najan enya gé kiwari jadi bagéan administratip
> tatar Jawa (Tengah). Cenah, baheulana mah cenah kaasup karajaan Galuh nu
> notabénéna Sunda kénéh. Ieu mah babagi kabungah wé, puji sukur ka hyang
> agung kuring lolos UMPTN najan pilihan kadua. Nyahona téh, sanggeus ngaran
> asup kana koran, keur nu munggaran. Mangka koranna gé, cenah, koran
> kabanggaan warga Jawa Barat (baca: tatar Sunda) deuih.
>
> Salian ti éta, kuring, ti gubrag ka alam dunya, nepi ka capétang basa
> Indonésia di sabudeureun tara towong nu maraké basa Sunda. Jeung, nepi ka
> kiwari angger lamun keur ngambek sok ngagorowok, "JADOL SIAH!!". Tah, teu
> kumaha kurang deukeut ka ki Sunda nya baraya?
>
> Ngan.... rasa sunda kuring harita lain mucunghul tina panggeuro getih
> goib. Ukur
> rasa tuturut munding, rasa hasil ngabanding-banding jeung batur sakuriling.
> Pan cenah mun manéh dijurukeun di Sumedang jeung mun ngomong teu bisa
> ngabédakeun p, f, jeung v bisa dipastikeun manéhna téh maké mérék bangsa
> (urang/sélér--kuring teu pati resep maké kecap sékésélér!) dina tarangna:
> Sunda! Kuring rumasa kitu, jadi tara nyangangang lamun aya nu ngageroan:
> "Kabayan, mau ke mana?". Malah mah ngajawab panggerona gé bari nyengir embé
> begér sagala.
>
> Lima taun ka tukang mah, kuring narima sacara "enya lah!" kana rasa sunda
> éta. Nepi ka kuring asup ka mailing list (disinget milis, sarupaning
> komunitas di internét) nu ngahususkeun manéh maké panganteur basa Sunda.
> Mimiti asup ka [EMAIL PROTECTED] Terus [EMAIL PROTECTED]
> Can ngarasa sugema, kuring terus néangan milis susundaan. Nya nepi ka
> kiwari, kuring milu teu kurang ti lima milis. boh nu cara urangsunda jeung
> kisunda, modél baraya_sunda@yahoogroups.com jeung
> [EMAIL PROTECTED] Bos milis nu maké ngaran nu aya di tatar
> Sunda, modél [EMAIL PROTECTED], jeung [EMAIL PROTECTED]
>
> Tah hasil mimilisan éta, rasa susundaan kuring mimiti mumbul dina haté.
> Pertanyaan pertanyaan modél: "Naha enya ieu téh Sunda?"/ "Jiga kumaha ari
> Sunda téh?" / "Keur naon maké aya jalma nu kokomoan merjuangkeun eksisténsi
> nu ngaranna sunda?" jeung réa-réa deui pertanyaan lianna. Singetna mah, ti
> milis pisan rasa néangan sunda mimiti mumbul.
>
> Ti milis ogé kuring bisa ningali rupa-rupa sunda. Aya sunda nu asa
> pangaingna. Aya nu pokona sunda. Aya nu euweuh bangsa nu leuwih alus iwal
> sunda. Jeung aya nu séjén-séjénna. Pokona kelir sunda téh reuteum pisan! Ti
> hideung nepi ka bodas, nyampak!
>
> Tah ti hasil ningalian milis ieu pisan, kuring beuki sadar,Sunda teh geuning
> biasa. Papak jeung bangsa séjénna nu aya di ieu dunya. Pan kabéh bangsa gé
> pasti ngarasa agul ku kaleuwihanna. Jeung jigana kabéh bangsa gé bakal
> sabisa-bisa nyumputkeun kagorénganna. Kumaha wé Hitler nu agul ku
> kaaryaanna, bari tara ngocal-ngocal kakuranganna...
>
> Jadi nuhun ka milis-milis kasundaan, kuring geus bisa manggih nu salila ieu
> disiaran. Kuring geus manggihan "Sunda nu Biasa!". Geus manggihan sunda nu
> bisa diagul-agulkeun ka anak incu jaga...
>
> Saréwukali deui nuhun.....
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>

Reply via email to