baraya arapal meureun kana kecap "guntur", ngaran gunung di lembur
uing. da lembur uing mah disebutna ge "jiga pangupukan puyuh", pedah
eta dilingkung gunung, salah sahijina gunung guntur tea.

ieu mah lain rek ngadongeng gunung ketang. tadi sore teu kahaja, aya
balad uing urang keling nanya, "maon maksudna guntur?", cenah. pedah
kabiasaan uing lamun keur ngoprek sakadang komputer, sok make ngaran
gunung-gunung nu aya di tatar sunda. kabeneran si keling noong
sakadang komputer tea, nu matak manehna nanya kitu teh. "ngaran gunung
di lembur uing," jawab uing teh. terus sikeling teh ngadongeng, yen
"guntur" teh oge ngaran kota di india, kawilang kota gede, lembur
manehna.

cing baraya ka nu resep toponomi, naon hubunganana nya antara ngaran
"guntur" gunung di garut jeung ngaran kota di india? asana harita uing
kungsi maca oge, hiji artikel nu ngadongengkeun yen kecap "sunda" oge
di india mangrupakeun ngaran tempat.

salam,
mh

Kirim email ke