ceuk kuring mah hentu kitu Abah,
lamun urang ngagambar atanapi ningali gambar AWW buligir, 
eta aya tingkatan nana memang, 
teu sakabeh manusa bisa asup kana dimensi "suci "
anu hartina, lamun urang ningali gambar AWW buligir jeng geulis,
hormon anu mana anu bangkit ku alatan ningali eta gambar,
hormon appresiasi atanapi hormon "kabita"
nu dimaksud konteks suci di dieu nyaeta kasucian hate lengkah
paripolah dina appresiasi
kitu deui dina ngagarap/ nga-create hiji gambar anu "porn"
dibutuhkeun "kasucian" oge keur ngawujudkeun karya anu sae
pami teu kitu eta karya tangtos "karaos" hambar taste-na

memang umumna seuseueurna mah anu kahudangkeun teh "syahwat"
sanes appresiasi, tah di dieu memang urang kudu wijak salaku mahluk beradab
sareng mahluk normal...da muara kasenian mah
kamanungsan.


ari lukisan Basuki Abullah eta mah teu vulgar Abah,
ngan mahal, he he he


kantos Agus Suwage pameran lukisan nu tajukna Adam sareng Hawa di Jakarta
teu disatujuan ku salah sahiji kelompok masyarakat, 
kumargi kaca soca anu didamelna agama tea,
tah pami tos kitu hareudang weh seniman lukis saparakanca,
ngan ceuk kuring, mun NKRI masih keneh ngangge UUD 45 sareng amandemen
sanesna kalebet UU Poon tea, nya santei we da masih warga RI






      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke