Ari saleresna Teori Evolusi teh nyalahan tina palebah mana-na nya....? Soalna sim kuring mah nempo yen Kang Adnan Oktar jeung Mang Darwin beda cara nempona (beda metodologi/asumsi), janten wajar mun beda oge kasimpulanana.
Mang Darwin mah nempona tina proses adaptasi nu ngakibatkeun robahna fisiologis hiji mangkeluk hirup jeung make dasar pilsafatna materialis (mengabaikan esensi penciptaan ku Nu Maha Kawasa). Memang Mang Darwin rada rurusuhan dina nyimpulkeun, padahal anjeunana oge ngaku yen datana nu teu lengkep, anu disebat missing link tea. Sabenerna teori evolusi teh pan lain ngan ukur Mang Darwin wungkul, tapi aya oge Jang Lamark, jste. Salian ti eta teori evolusi sakanyaho sim kuring mah teu nyebutkeun yen manusa teh katurunan monyet, tapi boga kekerabatan yang deukeut, kusabab boga ciri-ciri fisiologis anu paling deukeut. Ari Kang Adnan mah nempona tina kateraturan alam semesta, jeung dasarna tina teologi anu ngajentrekeun yen alam semesta teh aya nu nyiptakeun sanes kebetulan, janten ceuk sim kuring mah, Kang Adnan ngan ukur kateumungkinan alam semesta kacipta sacara kebetulan, da kacida teraturna. Pami teu lepat, dina "manual muslim" aya tulisan nu kira-kira nyebutkeun "... sakabeh mangkeluk hirup dibumi asalna tina cai, tuluy aya nu lempang ku beuteungna, tuluy aya nu lempang ku dua suku, tuluy aya nu lempang ku opat suku....." (punten pami lepat). Naha ieu aya patula-patalina sareng teori evolusi...? Cik ah nyuhunkeun bongbolonganana..... Hapunten pami aya undak-usuk basa nu kirang merenah. Baktos, Budak Baong 2008/9/17 T13 <[EMAIL PROTECTED]> > > Kajadian kieu teh naha mangrupakeun kamajuan eta gareja atawa gareja na > tambah bodo? Sabab mun nitenan buku2 nu ditulis ku Adnan Oktar nu nami > landihanna Harun Yahya (www.harunyahya.com) perkawis Teori Evolusi mang > Darwin, eces pisan yen *Teori Evolusi mang Darwin teh nyalahan*. > > Nu ngarasa masih aya baraya jeung tenyom, mangga ngacung... > > Kuring mah teu sudi abrig2an... > > > -- Budak Baong tea Go Blog: http://budakbaong.wendy.web.id [Non-text portions of this message have been removed]
