> From: mh > Bah Willy, sainget uing mah buku-buku HY can asup kana referensi buku > rujukan > akademis. Mangga we toong buku Biologi barudak sakola, annger we masih > ngarujuk ka teori Darwin. Buku-buku HY jigana ngan populer di > lingkungan pangajian.
Leres MH, ngan usulan ngaganti kurikulum biologi di sakola/ universitas kungsi mucunghul 4-5 taun katukang, gara-gara buku HY ieu. Teras oge seueur guru nu kapangaruhan ku buku HY, sacara teu langsung, ngadidik oge ka muridna supaya percaya Teori Evolusi runtag sanajan dina kurikulum diajarkeun soal teori evolusi. Ngan ari ngajarna bari cangcaya kanu diajarkeunana mah, tanggtu we hasilna nu katangkep ku murid teh, beuki teu percaya ..... Baktos, WALUYA
