Bah Iwa, harga komputer ayeuna nerekel naek. Minggu tukang monitor desktop 
kuring rusak, kapaksa ngadigdig ka toko komputer. Pas ditanyakeun hargana, 
nu dagang teh kalahka nyokot kalkulator terus teteleponan. Jelegur teh 
hargana naek gede pisan. Kapaksa we dibeuli da perlu.

Tadi isuk-isuk, keur diuk we di Bank nungguan pamajikan nu aya urusan, aya 
satpam bank nyampeurkeun ngajak ngobrol :"Pa, tingali tuh rupiah tambah 
ambrol, tadi waktu buka mah teu sakitu", bari nunjuk monitor pergerakan 
kurs.

"Teuing ah ...lieur, kumaha engke we", ceuk kuring teh.

Si satpam teh alangah-elengeh terus ngomong:" Keur dahar ge hese nya Pa, 
baroraah mikiran dollar ...."

Baktos,
WALUYA


From: "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]>
Indonesia kabanting tepi ka gugulutukan...Rupiah tikosewad terus 
nyuksruk..lemah
pisan..Anehna anu ngeukeuweuk US Dollar embung nukeur ka na Rupiah sanajan
marnehna teh lain Pangusaha (taun 1998 loba anu jadi beunghar kulantaran
meunang Capital gain tina dagang Rupiah). 

Kirim email ke