Heheh... Mangkukna kuring ngabandungan tanya jawab barudak SMA jeung Pa
Yatna Supriatna, ahli konservasi alam ti Conservation International
Indonesia & dosen biologi UI. Sual kapunahan, sacara alami memang kitu
ayana, teu bisa disingkahan, *survival for the fittest*. Anu kajadian
kiwari, manusa ngabalukarkeun parobahan alam anu sakitu gancangna, sahingga
teu mere lolongkrang ka rupa2 mahluk hirup pikeun adaptasi, beakeun lahan
hirup, atawa diboro pisan ku manusa. Antukna, dina jangka waktu saratus taun
we, geus sabaraha spesies boa anu lastari.

Anu jadi kahariwang, lain teuing ku leungitna spesies2 eta, tapi leuwih lega
kana kasatimbangan alam & lingkungan. Leungitna hiji spesies hartina
leungitna hiji komponen kasatimbangan alam. Nya kitu tea, leuweung ruksak,
cai beak, manusa balangsak. Alam bakal nyaimbangkeun maneh. Mun manusa teu
bisa nyaluyukeun diri nalika alam nyaimbangkeun maneh, nya siap2 bae
tikelebuh...

siga nu heueuh, heuheuheu...

On Fri, Nov 21, 2008 at 10:46 AM, Waluya wrote:

>
> Ngan biasana mobil model heubeul akhirna tumpur da boh nu nyieun atawa nu
> make BOSEN modelna kitu-kitu keneh. Lamun make logika model kieu, mangkeluk
> tumpur oge akibat nu ngadamelna BOSENEUN, jadi teu kedah mikiran kelestarian
> lingkungan (ekologi) sagala ...heuheuheu
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke