Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. Tapi, nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat" di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun hareup. Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu heueuh. Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain perkara Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling heunteu saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. Mangsa kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji komisaris di eta majalah). Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes heunteu ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang nunjuk urang Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna daraekeun).
Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 [Non-text portions of this message have been removed]