Na siga anu kaindit ku dangding bendo nya ieu warta "raja Jawa hayang jadi presiden" teh? heuheu. Duka teuing kang Maman, anu keur diteangan teh "prabu", ari anu mucunghul bet "raja".
Nguping kecap "raja" anu sok ras kainget teh taya lian ti dongeng "Raja jeung Gedang". Eta geuning, dongeng sakalimah tea:"aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo nu asak mah". manar On Thu, Nov 20, 2008 at 10:41 PM, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. Tapi, > nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat" > di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan > bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun > hareup. > > Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, > sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing > molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu > heueuh. > > Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana > calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain > perkara Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling > heunteu saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. > Mangsa kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji > komisaris di eta majalah). > > Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. > Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes > heunteu ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang > nunjuk urang Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, > jeung maranehna daraekeun). > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 >
