Nuhun Kang, Anu kudu ditingali, sasaruaanana. Inti carita na sarua: aya budak lalaki (hayang) ngawin indung sorangan. Satuluyna mah ngan ukur reka2 carita. Perkara jadi henteu na mah sigana mah malik kana anggapan moral.
Sigana mah urang Yunani heubeul MERE lolongkrang ka manusa na sangkan bisa nangtukeun moral sorangan. Sigana mah ieu teh luyu jeung budaya Kulon anu individualistik. Tah, justru eta pisan beda na jeung budaya urang anu sifatna ngolompok. Interpretasi masalah moral DITANGTUKEUN sacara KOLEKTIF. Jadi, dina carita Sangkuriang, ending na TEU sina jadi ngadahup, sabab sacara kolektif teu bisa dianggap bener. Di Kulon ge TEU dianggap bener kalakuan inses siga kitu, ngan beda na anggapan moral BISA dilakukeun ku individu masing2. Kitu? Ah.... meureun ketah he he he.... baktos, Rahman --- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Benten pisan antawis legenda Sangkuriang sareng mitos Oedipus. Dina sasakala Sangkuriang mah henteu kajantenan (alias gagal) hubungan insest antawis anak sareng indung tapi dina Oedipus mah kajantenan hubungan inses teh malah mah ngahasilkeun turunan. Sasakala Sangkuriang patali sareng gejala alam dibentukna sareng garingna dano Bandung oge kajantenan 3 gunung, ari dina Oedipus mah samasakali teu aya hubunganana sareng dibentukna gunung sareng dano. Mitos Oedipus ieu kantos disinetronekun di Indosiar. Rame oge. "Ending"na mah bahla ka nu gaduh lalakonna, pada palastra. > > Salam, > Aschev Schuraschev > > > > > > > ________________________________ > From: Rahman <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Wednesday, November 26, 2008 3:48:57 PM > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Sangkuriang van Kuningan > > > --- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com, "ua duq" <dudi.herlianto@ ...> wrote: > > > > oedipus jeung sangkuriang malah kungsi jonghok, sahenteuna dina > wangwangan > > bah godi suwarna... heuheu... dina kumpulan carponna nu judulna > > murang-maring > > > > > Dongengkeun di dieu Kang Dud, kuring teu pernah maca euy. Rame sigana mah? > > Lah, mun aya versi dijitalna... . dedetket di ieu forum atuh! > > Pliiiis!:))R > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] >
