Nuhun Kang Brad.

salam,
mh

On Fri, Nov 28, 2008 at 9:27 AM, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten sakedik diralat, carita Sangkuriang di Banten sanes ti wewengkon
> Pandeglang tapi Serang. Hartosna wewengkon kajadiaana di wilayah kabupaten
> Serang ayeuna. Judulna nu sami sareng buku mah Nyi Hartati dan Sangkuriang.
> Eusi carita rada benten sareng versi van Bandung.
> Dinatawisna:
> 1. Nyi Hartati numpak parahu, dihiji tempat nu ayeuna ngarana Waringin
> Kurung eureun. Parahu dibawa ka darat terus ditangkubkeun jadi gunung
> Tangkupan Parahu. Nyi Hartati neangan gawe, meunang jadi tukang tenun. Ti
> dieu carita sami sareng nu di Bandung, Nyi Hartati keur nenun parabot
> nenunna ragrag, hoream nyokot, sing saha wae nu mangnyokotkeun rek dijieun
> salaki....tepi ka hiji anjing datang mawa alat tenun nu ragrag eta.
>
> 2. Si Tumang nagih janji, Nyi Hartati bingung.Ti harita gunung Tangkupan
> Parahu jadi gunung Pinang.  Nya nyanggupan asal dipangnyieun keun situ di
> daerah Bulakan, dibere waktu  tepika  saacan  panon  poe  bijil.  Si Tumang
> nyanggupan,  ngabendung  daerah Bulakan.  Nyi Hartati  geuwat  nyieun kaen
> beureum sanggeus rengse terus indit ka daerah Bulakan. Di hiji tempat kaen
> beureun dibeberkeun terus ngabejaan si Tumang yen manehna geus gagal sabab
> fajar geus datang. Si Tumang ngarasa dibohongan, terus ngungudag Nyi Hartati
> nu akhirna Nyi Hartati narima jadi pamajikan si Tumang.
>
> 3. Boga anak lalaki ngaran Sangkuriang, sami moro kidang teu meunang, nu
> akhirna Sangkuriang mawa daging si Tumang. di takol ku siwur jeung di usir.
>
> 4. Sangkuriang indit ka wewengkong Ciujung, sedengkeun Nyi Hartati netep di
> Bulakan. Hiji mangsa di wewengkon Krenceng, Ciwandan keur loba nu digarawe,
> Nyi Hartati muka warung sangu. Sangkuriang meunang oge pagawean di wewengkon
> eta, jeung sok dahar di warung Nyi Hartati. Laun-laun bobogohan, akhirna
> kabuka oge yen Nyi Hartati teh indungna Sangkuriang. Sangkuriang balik deui
> ka Ciujung, Nyi Hartati balik deui ka Bulakan. Cai walungan Ciujung teu
> kungsi tepung jeung Rawadanau. Walungan Ciujung diibaratkeun budak,
> Rawadanau indung.
>
> Sakieu cekap kang MH..hehe.
>
> Abdi kantos amengan ka daerah Waringin Kurung mah, muhun leres di kab
> Serang. Perkawis situ Rawadanau mah carita lain deui, tapi mirip kajadian
> Dayang Sumbi. Upami Dayang Sumbi mah raja nu kabelet pipis, Nyi Hartati mah
> Syeh Muhidin ti nagri Arab nu papang dina batok teh. Sami ari nu jadi
> pelakon indungna mah bagong. Janten carita Kajadian situ Rawadanau sareng
> carita Nyi Hartati jeung Sangkurinag aya hubunganana.
>
> Mangga we pilarian bukuna karangan Endang Firdaus, terbitan Grasindo. Aya 3
> buku ipis ngeunaan carita rakyat ti Banten teh. Dua carita eta (Nyi Hartati
> jeung Sangkuriang,  Situ Rawadanau)  aya dina buku  nu  ka-2.
>
> Haturnuhun,
>
> Siporenges
>
>
>
> Cing kang Brad, rada ngadongeng nu panjang, kumaha carita Sangkuriang
>> van Banten teh?
>>
>> salam,
>> mh
>
>
> 

Kirim email ke