--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Dian Nugraha" <dian.nugraha@
...> wrote:
>
> Sigana, nu ngawaler patarosanana kedah nu ngagem AS. Da ari diwaler 
ku batur
> mah teu acan tangtu langkung nyambung.
> 
> Ti nu milis kisunda, kaleresan aya waleran kana patarosan eta di 
dieu:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/26349
> 
> Salam,
> Dian.
> 

Haturan Kang D,

Kamana wae yeuh? Sibuk sigana mah? :))
Nuhun Kang D fwd-an na. Rada ngemplad oge tah pairan si Kang Engkus 
teh. 

Sigana mah jawaban kuring mah rada mencog oge tah he he he. Kokrobet 
na jauh teuing sigana mah! :)))

Jawaban Kang Engkus apik oge. Ngan keukeuh rada aya nu ngaganjel. 
Kuring teu terang, si Kang Engkus teh As atawa henteu? Ngan dina 
pairan Kang Engkus masih nurutan prosedur agama samawi. 

Kieu we tauh ngarah konkrit mah. Mun ageman urang Baduy ditingali 
make POLA samawi mah da KEUKEUH moal asup kana eta pola. Stramin na 
beda. Istialh syahadat misal na, da MOAL aya dina ageman Baduy. Sabab 
istilah eta teh ekslusif Islam. 

Jadi... mun eta pertanyaan teh diterapkeun kana AS, ceuk kuring mah 
hese dijawabna. Mun teu nyampak, piraku kudu dipaksa sina nyampak? 
Mun kitu atuh jadi nyocog2keun hiji hal anu teu cocog? Maksa tea 
kitu? :)))

Okey lah, mun rahulan kuring teh enya ngalantur. Tapi atuh susuganan 
jadi bahan pikiraneun he he he. Paling henteu jadi useup jang 
piobroleun! ;))

baktos,

Rahman 





Reply via email to