2008/12/3 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:

> Haturan Kang D,
>
> Kamana wae yeuh? Sibuk sigana mah? :))
> Nuhun Kang D fwd-an na. Rada ngemplad oge tah pairan si Kang Engkus
> teh.
>
DN:
Aya, ngan eta biasa nyalsena pas usum tiris :-).
Ari usum panas mah sok ngantai pidameleun.

> Kieu we tauh ngarah konkrit mah. Mun ageman urang Baduy ditingali
> make POLA samawi mah da KEUKEUH moal asup kana eta pola. Stramin na
> beda. Istialh syahadat misal na, da MOAL aya dina ageman Baduy. Sabab
> istilah eta teh ekslusif Islam.
>
DN:
Nya sigana tiasa oge nganggo basa nu langkung basajan, contona:
- Rabb -> anu murbeng alam
- Syahadat -> kasaksian urang nu nunjukkeun urang teh kalebet kana hiji ageman.
- Nabi -> anu mimiti nyalabarkeun ageman
- Sholat -> cara urang 'komunikasi' ka Rabb.

> Jadi... mun eta pertanyaan teh diterapkeun kana AS, ceuk kuring mah
> hese dijawabna. Mun teu nyampak, piraku kudu dipaksa sina nyampak?
> Mun kitu atuh jadi nyocog2keun hiji hal anu teu cocog? Maksa tea
> kitu? :)))
>
DN:
Pami teu aya kantun waler teu aya, pami teu terang kantun waler teu
terang. Cekap, teu kapapanjangan.
Janten sakaterang abdi (ngalangkungan waleran kang ER), waleran kana
patarosan2 kamari teh singgetna mah:
1. Saha Rabb-na? -> Batara Tunggal, Nu Murbeng Alam.
2. Saha Nabina? -> Teu aya
3. Naon Kitab Sucina? -> Teu aya
4. Solat jeung syahadatna? -> Sembahyang
5. Kamana kiblatna? -> Ka mana wae sami
6. Naha aya sawarga jeung naraka? -> di dunya
7. Iraha agama Sunda mimiti na? -> (Teu aya waleran)

--
Dian.

Reply via email to