--- In [email protected], "Waluya" <waluya2...@...> wrote: > > > > Terkadang Nur berbicara tentang Tuhan (ia belum melupakan-Nya). Ia > menyebut-Nya "Yang di Atas". Mungkin itu untuk menunjuk sesuatu yang > jauh-tapi justru tak merisaukannya, karena manusia, yang di bawah, tetap > berharga: bernilai dalam kerelaannya. >
Mun tea mah ENYA Pangeran teh anti ungkluk saperti anu digembar-gembor ku tukang moral. Naha geuning teu baheula teu ayeuna ungkluk teh masih keneh aya? Aya dua kamungkinan: 1. (Per)ungkluk(an) teh dipikabutuh ku manusa. Teu ayeuna, teu baheula, teu pikahareupeun... perungklukan BAKAL tetep eksis. Anu disebut DOSA perungklukan teh lain dosa nu ngalakukeunana, tapi dosa masyarakat anu ngantep dulur na jadi masakat! Sapanjang manusa (rek nu dianggap boga moral atawa henteu) ngantep kamasakatan.... perungklukan bakal tetep eksis. 2. Pangeran ngalarang perungkulkan teh lain ka ungkul na, tapi manusa anu hirup di sakuriling bungking anu kalah LALAJO jelema jadi ungkluk. Perungkulkan lain kalah siga nu borok dirorojok, tapi anu kudu dibebener teh MUSABAB na. Taya hiji awewe anu RIDO jadi ungkluk!Biasa na mah anu ngalacurkeun maneh teh jelema kapaksa ku kaayaan. Jelema anu tutunjuk nyebut dosa jeung parab naraka ka hiji ungkluk bari teu boga tarekah nyata MANTUAN sakadang ungkluk asup kana kelompok manusa munapek tea kitu? baktos, Rahman
