> But, you are thinking to yourself, what about those people who say > that raising a child with a second language is a really bad idea, that > it will harm the primary language? Is there some truth to it? See the > next article in this series: Raising Bilingual Children: Fact or > Fiction? for more details.
Nuhun Kang MH, Ngawadul perkara bi/multilingualismeu memang aya nu pro jeung aya nu kontra. Kauntungan bi/miltilingulismeu gede, tapi oge aya sisi balik na cenah. Ieu dongeng lain panalungtikan ilmiah, tapi obrolan jeung batur kuring anu kabeneran bisa ngawekwek dina 7 basa kalawan ngagolontor. Situasina siga kieu. Eta batur kuring teh boga indung urang NL, bapana urang Amrik. Di imah basa anu dipake nya NL jeung Inggris. Ngan, kulantaran bapana digawe di pausahaan multi. Eta sakadang babaturan teh aclog2an pipindahan. SD na ge di Polandia, di Swiss jeung di Spanyol. SMP jeung SMA ge nya kitu keneh abring2an: ti Jerman, Prancis nepi ka Finlandia. Ceuk eta batur kuring teh. Kuring bisa komunikasi make eta bahasa kabeh: maca nulis, ngawadul... oge mun ngimpi sok gunta ganti basa. Ngan aya hiji hal anu jadi ganjelan keur maneh na cenah. Manehna TEU ngarasa boga basa indung. Kabeh basa anu bisa dipake ku manehna SARUA asing na. Manehna teu bisa ngaidentifikas maneh kana hiji basa. Ngarasa teu boga dataran jang nangtung cenah. Ayeuna manehna boga budak. Sacara konsisten MAKE hiji basa, lantaran ngarasa sieun budakna ngalaman kakososngan jiwa dina masalah kabasan siga maneh na. Bisa jadi ieu teh kasus ektrem oge. Ngan... mulitlingualismeu bisa jadi hahalang oge geuning? Aya pangalam nu sejen na anu mirip teu? baktos, Rahman
