Kang,

Lain ukur masalah HAM bakal digarejud ku kang (ny)Obama teh, tapi oge 
masalah ekonomi jeung politik oge.

Amrik ayeuna keur ancur2an sacara ekonomi. Salah sahiji tugas 
pamingpinna nya memener ekonomi na SORANGAN. Biasa na mun geus kapepet 
siga kitu hiji nagara sok nyieun aturan proteksi, enya keur maneh na 
sorangan. Jelema anu ngaharep Kang Obama bakal hade keur nagara urang 
sarua siga keur ngimpi!

Hiji hal anu tegas: Urang amrik ngan ukur mikiran saamrikeun. Kaasup 
Kang Obama. Kapentingan (ekonomi jeung politik Amrik)bakal TETEP nomer 
hiji! Saha ge nu jadi pereksiden na.

Eny kitu? Urang tungguan we lah.... dua poe deui Kang Obama bakal 
diistrenan jadi pamingpin Amrik jeung dunya. Urang bandungan kumaha 
ketak na! :))

baktos,


Rahman



--- In [email protected], "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> > From: Rahman
> > Ancaman Obama untuk Indonesia
> > Oleh Saidiman
> 
> Hehehehe teu aneh sabenerna mah. Lamun demokrat meunang di Amrik 
atawa di 
> Australia partey Buruh anu meunang, Indonesia mah sarua ripuh, 
maranehna 
> terus we ngungkit-ngungit soal HAM, nu diurang mah teu pati 
dianggap.
> 
> Baktos,
> WALUYA
>



Kirim email ke