Ari ditilikk...soal harem..selir...budak belian awewe..sabenerna mah
palacuran terselubung anu disakkeun ku tradisi monarkhi...kumaha mun di
kasultanan urang (Solo sareng Yogya ?), sami kitu. pamajikan resmi 4...tapi
tiasa nganggo selir unlimitednya...

On 1/8/09, Waluya <[email protected]> wrote:
>
>   > From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> > ari sultan Oman, kacaritakeun boga agama naon tah? kg Waluy?
> > uin kabita , mun pareng mah
>
> Naon nu kabitana Bah Oza, dikabiri? ....hehehe. Koreksi Bah, sanes Sultan
> Oman (ke Kang Oman ngambek), tapi dongeng di Dinasti Usmaniah/Ottoman atawa
> sakapeung disebut Kakalifahan Usmani di Turki. Ieu Dinasti kawasa ti abad
> 14
> tepi ka awal abad 20 (1299-1922). Dinasti ieu ambruk digulingkeun ku Kemal
> Attarurk, "Bapa Turki" modern.Ceuk Sajarah, asal muasal pangawasa Usmani
> teh
> ti steppa-steppa (padang rumput) Asia Tengah. Maranehna mimiti ngagem agama
> Islam di abad 8-9 M. Kasedekeun ku invasi Bangsa Mongol, maranehna
> pararindah ka kulon jeung ngadegkeun karajaan di Anatolia.
>
> Salian kakoncara tukang naklukeun jeung ngawasa ti Asia tepi ka Eropa,
> dinasti Usmani oge kakoncara ku tingkah-polah pangawasana, nu keur ukuran
> ajen-inajen jaman ayeuna mah rada aneh, matak helok ditambahan bari
> ngabirigidig ...hehehe. Contona dina suksesi Sultan/ Raja, aya kabiasaan
> dulur lalaki sultan anu anyar, sadayana dipaehan, supaya ulah aya nu
> khianat
> ka Sultan anu anyar. Kabisaan ieu robah waktu Selim II kawasa (1566-74).
> Para pangeran karajaan teu dipaehan tapi ukur dikerem di gedong lengkep
> jeung para selirna nu ngahaja dipilih teu bisa anakan.
>
> Sultan oge boga hiji tempat di kompleks Istana nu disebut Harem ( cenah
> kecap ieu asalna tina basa Arab Aram, dilarang). Beda jeung pangartian
> umum,
> harem sabenerna lain wae pamajikan jeung selir, tapi oge kulawarga Sultan
> nu
> sejenna nu awewe saperti indung, dulur awewe kaasup budak lalaki sultan nu
> acan akil baleg. Harem dijaga ku lalaki nu dikabiri. Di kompleks Harem,
> hiarki nu pangluhurna nyaeta Indung Sultan nu disebut "Valide Sultan" ( Ibu
> Suri), geus kitu KADIN, nyaeta "pamajikan" Sultan. Kadin biasana tara
> leuwih
> ti opat, tapi ari selir mah "unlimited" ...hehehehe teu diwatesan.
>
> Darajat panghandapna dina Harem, nyaeta "budak awewe" (women slave). Ieu
> budak beulian awewena umumna nu gareulis ti tempat-tempat kakaisaran
> Usmani.
> Nu gareulis ieu rata-rata urang Kaukasia, Georgia jeung Abkhazian.
> Maranehna umumna dibeuli ti "pasar budak" nu asalna meunang nyulikan atawa
> dijual ku kolotna. Urang Kaukasia atawa Georgia sok ngahaja ngajual anak
> awewena supaya hirupna engke senang. Kabeh awewe "budak beulian" ieu
> sanggues asup kana Harem disebut "Awewe Istana" (Women In Court). Umumna
> maranehna ukur jadi jongos, teu kitu wae "budak awewena" bisa "dianggo" ku
> Sultan. Lamun kaciri aya nu luarbiasa boh dina kageulisan jeung bakatna,
> "budak awewena" ieu bakal ditraining : ngigel, maca sajak, ngamaenkeun alat
> musik ...jeung seni erotika. "Budak awewena" engkena jadi "gledilki" nu
> hartina kira-kira "maids in waiting" ...nungguan kaanggo ku Sultan atawa
> sakapeung malah dihadiahkeun ku Sultan ka tamu pamegetna. Para selir ieu,
> cenah lamun ayeuna mah "sapeutingeun" ("one night stands"). Dianggo ku
> sultan ngan sapeuting, geus kitu acan tanggtu papanggih deui jeung Sultan,
> iwal lamun manehna reuneuh jeung ngalahirkeun budak lalaki. Lamun boga
> budak
> lalaki selir ieu naek darajat jadi IKBAL, favorit keur sultan. Jadi dina
> Harem, hiarki sosialna kieu "budak awewen" (parawan), selir sapeutingeun ,
> ikbal jeung pangluhurna Kadin ....
>
> Anggota Harem lamun nyieun "kasalahan", bisa dihukum. Hukum pangbeuratna
> diasupkeun kana karung terus ditelebkeun make beungbeurat batu ka selat
> Bhosporus hirup-hirup. Tapi aya oge Sultan nu rada "sedeng", Sultan IBrahim
> I (1640-1648) nelebkeun 280 urang selirna ka selat Bhosporus. Aya nu
> nyebutkeun manehna bosen kulantaran selirna jaradi gendut , tapi aya oge nu
> nyebutkeun cenah kaulntaran salah saurang selirna nyieun kasalahan. Sultan
> "sedeng" teh akhirna digulingkeun ti inisitaif Mufti (para ulama). Manehna
> dipaehan digantikeun ku anakna ....
>
> Selir nu kasohor nu jadi pangawasa kulantaran bisa mangaruhan Sultan nyaeta
> HURREM, "pamajikan" Sultan Suleyman I (1520-1566). Hurrem aslina sabenerna
> wanoja asing, aranna Aleksandra Lisowska, lahir kota Rahatyn Karajaan
> Polandia (ayeuna jadi wilayah Ukraina). Manehna jadi "budak awewena" waktu
> ekspedisi Suleyman I ka daerah dinya. Hurrem ku kapinteranana akhirna jadi
> "pamajikan" favorit Sultan. Cenah manehna nyieun intrik-intrik politik,
> tepi
> ka Sultan Suleyman I kapangaruhan, percaya yen anakna, Pangeran Mustafa nu
> sabenerna disiapkeun keur ngaganti manehna, barontak. Mustafa akhirna
> dipaehan ku parentah Bapana. Hurrem sukses, sabab akhirna nu ngaganti
> Suleyman I teh anakna, Selim I. Hurrem oge boga anak awewe Mihrimah. Ieu
> putri karajaan nu paling boga pangaruh jeung kakawasaan dina sajarah
> Kasultanan Usmani Turki. Waktu Hurrem maot, manehna dikuburkeun di
> mausoleum digigireun makam "salakina", di kompleks Masjid Sulaeman di
> Istambul.
>
> Cag ah ......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke