> From: mh
> jigana wae urusan harem, lain ukur aya di kasultnanan jaman islam,
> tapi oge aya di karajaan-karajaan nusantara.

Selir MH, sanes harem. Kuring oge percaya pangawasa samemeh jaman Islam, 
miboga selir. Ngan tetep aya beda budaya selir di urang jeung selir di Timur 
Tengah/ Balkan, pangpangna Turki. Selir raja di Turki teu meunang samasakali 
papanggih  jeung lalaki sejen salian ti Sultan. Awewe di kabudayaan TimTeng, 
teu meunang sagawayah papanggih jeung lalaki nu lain kulawargana ( Harem, 
asalna tina kecap Arab : Aram, dilarang).  Tah keur ngajaga kumpulan awewe 
ieu, teu bisa make lalaki tulen, nya diakalan make "satengah lalaki", nyaeta 
para Kasim (kabiri). Di Kabudayaan urang, sakanyaho kuring teu aya budaya 
ngabiri lalaki, komo ditatar Sunda mah .......

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke