Hiji nagara ANYAR jeung leutik anu minculak kabina2. Dirempug ku 
nagara2 Arab anu galede.... eh kalah meunang deuih! Naon make kitu 
nya? 

Kunaon nagara2 Kulon loba nu mihak Israel? Lantaran ngarasa milu salah 
dibabadna urang Yahudi ku Nazi kitu? Atawa lobi Israel nu kuat di 
nagara2 Kulon? Tempo we reaksi Amrik! Bet jiga jadi palang panto 
Israel!

Kunaon nagara2 Arab anu beunghar ku minyak TEU bisa neken Amrik? Arab 
Saudi misalna anu DEUKEUT jeung Amrik, naha mani TEU bisa nempokeun 
pangaruhna? Atawa memang euweuh solidaritas Arab kitu?

Sok ah, urang ngarahul politik internasional... ngarah rame. 

baktos,

Rahman

Reply via email to