> From: Jajat Sudrajat
> Sampurasun baraya sadaya..
> Nepangkeun singkuring "Ajat" lengkepna Jajat Sudrajat.
> Padumukan di Bogor, nanging sanes asli ti bogor. Asli kalahiran mah ti 
> Cilacap nanging pun bapa asli ti Rancah sareng
> pun ibu asli ti Bangun harja cisaga, ciamis.

Rampes Kang Ajat, mangga kalebet. Nepangkeun kuring, pun Waluya, tadina 
urang Sumedang ayeuna netep di Bandung. Sok mangga ramekeun millis Baraya 
Sunda. Rada tiiseun puguh oge, kang Rahman nu biasana rame wae (owner) keur 
kuriak, cenah. Ngan kuriakna di walanda. Duka kuriak di walanda jeung kuriak 
di urang sami henteu, pan di urang mah kuriak teh jadi "awak kuru banda 
beak" ....hehehehe

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke