Ayeuna, urang teang Si Lengser. Si Lengser karuhan sakabeh tukang pantun! Barang balad Banten eureun perangna, barang balad Pajajaran nunda perangna, Embah Anis jeung Embah Anom, eundeuk areureun nunda perangna.
Ngan si Lengser anu hanteu! Ceuk Si Lengser: "Eundeuk kamarana dia?" Ceuk Embah Anis: Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi!" Ceuk Embah Anom: "Deuk neuleu nu dibeset di dasar leuwi!" Ceuk si Lengser: "Moal kadeuleu! Caina ge kiruh, mendingan geh, urang lajukeun perang urang, kapalang tinggal sajurus deui!" Tapi Embah Anis deuk noyod terus, Embah Anom oge deuk noyod terus, Laju ku si Lengser Embah Anis dijenggut jambrongna, Embah Anom dijembak jabrigna! Karuhan mani pating ceuweuweuw! Tapina hanteu ngajarawab sabab harayang lalajo nu perang di dasar leuwi! Tarolong bae duaan lalumpatan, lalumpatan bari darongko lalumpat susulumputan! lantaran hayang jarongjon lalajona jeung ulah kapanggih ku Si Lengser. Nya lalajona teh di birit leuwi sabrang kulon! Caringgooooo bae! dina sisi gawir handapeun kopo! Tunda deui, keun sina caringogo! Kocapkeun Raja Sunda jeung Ki Santang! geus haranjat deui! Laju ngabuburak balad Banten. Mani ting alacir paburisat jiga rorongo dikebutkeun! Ceuk raja ka Ki Santang: "Hadena Aden kaburu datang!" Ceuk Ki Santang: "Mun teu kaburu?" Ceuk Raja: "Mantak teuin lalakon panjang Tah ari geus paralid mah, moal bisa calutak deui! Tapi sing aringet! Najan ariyana geus eleh dua kali Rajana mah panasaran keneh! Tangtu inyana teh hayang keneh nyilakakeun urang. Nyilakakeunana moal ku jalan kasar, tapi ngakalan ku jalan halus! Bejaan kabeh sanak, kabeh kadang Sing ti ayeuna keneh pipir imah saimahna beulah kenca nu ditukang di hareup beulah katuhu marelak tangkal sente (?, WLY) Pikeun tumbal keuna baraja! Laju marelak deui tangkal cau Emas Pikeun tamba keuna wisaya sabab kahareupna Musuh teh ngalawanna ku jalan guna wisaya ku teluh eujeung medu ku werejit utah getih, nyieun edan jadi sasar. Gering nangtung ngaganggayon! Tapi teu mudu sieun, mun aya nu keuna ku kitu sambat bae ngaran bapa, celuk bae ngaran dia laju mandian di cai Ti Leuwi Sipatahunan. Jeung inuman ku cai ti pancuran tujuh! Ari jampena? Sina dialajar bae ti si Lengser" Tunda deui! sina dialajar jampe teluh ka Si Lengser. Kocapkeun deui Si Lengser di tegalan! inyana dagdag digdig sorangan bae, tulang cangkeng bari tetenjrag, hahaok bari popolotot, ngareuhak bari kekerot, nantang musuh nu ninggalkeun kalang! Kadeuleu ku inyana, gawir urug, leuwi bedah, balad musuh loba nu palid! Ngeunah jasa angen si Lengser. Gadag gidig inyana di tengah tegalan: Leungeun anu kenca Tulak cangkeng nyerengkebeng, nu katuhu dikeupatkeun ngagandeyang cara Demang eudeuk nganjang eudeuk mogor ka anak mandor! Ret inyana ka kaler. Leuweung jati urug saparo, mani ngemplong deudeuleuan, KADEULEU AYA DEUI NGARALEUT Nu areureun di birit leuwi birit leuwi sabrang kulon! Nu ngaleut teh laju ngaromong jeung sesana balan Banten! Tah lebah dinya engkena teh ngadeg hiji lembur nu kiwari disebutna PABATON! Sabab urut ngumpul jeung badami! Si Lengser laju nabeuh bende! Nabeuhna disakalikeun Tilu tabeuhan disakalikeun Tujuh tabeuhan disakalikeun Atuh Barang bende ditabeuh deui teh, mani beeeejad burarakan! Ari ceuli bende? Mani ngacleng ragragna di lebahan nu kiwari jadi lembur nu ngaranna: CEULIBENDE! Kadenge ku raja urang. Laju dihaokan. Ceuk Raja: "Nahaeun Lengser?" Ceuk si Lengser: "Musuh! Musuh datang deui!" Ceuk Raja: "Sabaraha?" Ceuk Si Lengser: "Nyaho teuing! Teu kabilang ngan ayeuna mah marake JENDOL!" [Lajengkeuneun]
