Der perang!
Perang deui!
Perang,
Perang,
Perang, batur, perang!
Leuwih rosa ti perang nu ti heula!
Perang jeung musuh nu anyar datang
perang jeung nu marake JENDOL
Perang deui jeung sesana balad Banten!

Perang, perang!
Urang Pajajaran
dihurup hiji musuh salikur,
sabab urang Banten 
dibantu ku balad wetan!
Lantaran balad musuh nu ti wetan
Tambah deui, tambah deui
Nya kawalahan oge Raja urang,
nya kawalahan oge Aria Santang,
nya kawalahan jasa si Lengser oge!

Burubul musuh ti kidul,
surudug
si Lengser ka kidul!
Burubul musuh ti kulon,
surudug
si Lengser nangkis di kaler!
Burubul musuh ti wetan!
Surudug
Si Lengser ngamuk di wetan!
Urang Pajajaran perangna rosa jasa!

Sakabeh ngarilu perang
Aki-aki ngilu perang
Nini-nini ngilu perang
Karuhan nu ngarora mah
Nu Lelengoh ngilu perang

Nu barujang
Ngalawanna galak jasa,
sabab ku beubeureuh
Ariyana diati-ati
nu SAPOTONG dikeureut SAPOTONG,
Kawin teh
Eundeuk moal dijadikeun.

Perangna nu jawene? (Cawene? WLY)
leuwih giras ti cangehgar
sabab arinyana hanteu sudi
Mudu leungit ANU NYEMPIL
dicarokel make obeng!

Perang, batur, perang!
Mingkin lila, beuki rosa
Mingkin tambah balad musuh
Beuki kawalahan Pajajaran ......!

Ceuk Raja ka Si Lengser:
"Mun kieu terus-terusan,
mantak boa kudu mundur!"

Ceuk Si Lengser:
"Encan wayah!
Leuwih hade
urang ganti aturan perangna!
Urang make aturan anyar,
nyaeta:
Akeul dulang kayu samida!
Ha(r?)tina?
Kayu seungit pikeun ngukus!
Tegesna:
Amun jaya aya di urang
tangtu musuh bakal musna
Tapi
Amun apes papasten urang
paeh ge moal jaradi jurig
sabab sukma urang
diperenahkeun di Kahiyangan!
Lantaran paehna urang,
Gara-gara
Satuhu ka Sang Rumuhun
Bela pati ka nagara!" 

Ceuk Raja:
"Kumaha ngaturna?"

Ceuk si Lengser:
"Geura tuturkeun!"

Laju si Lengser ka tengah tegalan.
Burubul musuh ti kidul,
suruntul si Langser ka kaler!
Burubul musuh ti kulon
suruntul Si Lengser ka kidul
Burubul musuh ti kaler
Suruntul Si lengser ka wetan!
Cindekna mah
Perang cara si Lengser teh
Datang ka lebur jagat tutumpuran oge,
moal deuk aya nu bisa niru!
Sadupak-dupakna matak cilaka,
satubruk-tubrukna matak ripuh,
satejeh-tejehna matak bengek,
satinjak-tinjakna matak bohak,
sarawel-rawelna matak soek!

Nya karuhan
musuh mani paburisat!

Kumaha amun
burubul musuh ti wetan?
Suruntul Si Lengser ka tengah tegalan!
amun musuh anggeus parek,
Si Lengser laju nonggeng
bari nonggeng nyingsatkeun samping!

Kumaha ari musuh?
Arinyana laju bae kasima!
Sabab piker arinyana:
 "Eta kanjut inyana sagede kiiiitu .......!
Tada teuin meureun GAGANDEN inyana mah .....!

Nya laju sakabeh anu nareuleu Si Lengser nonggeng, pada kalengger!

[Lajengkeuneun]


Kirim email ke