Urang Banten beuki galak leuwih bengis; Sabab tambah loba nu ngabantu arinyana! Urang wetan tambah loba, tambah wani tambah galak; sabab tambah loba batur arinyana!
Urang Pajajaran geh, Tambah .......! Ngan Tambahna: Tambah beak! Sabab hiji ngaganda salikur, salikur ngalawan musuh aya ratusan....! Nya karuhan, urang Pajajaran geus kalinglung! Musuh tingterekel keuna kuta...! Der perang jero-eun kuta, di belahan kiwari aya lembur JERO KUTA! Kuta beak, imah beak; Beak saung jeung kandang-kandangan; Beak dirakrak jeung dihuru; Diduruk musuh nu lain tanding dina lobana...! Ceuk urang Pajajaran: "Lengser! Bapa, Aki! Kumaha .....?" Ceuk Si Lengser: "Mundur! Mundur, batur, mundur! Urang mundur ngetan ngidul! Laju Urang Pajajaran mararundur; Nyabrang, Nyararabrang leuwi Ki Pata Hunan, Ka sabrangeun Gintung nu tujuh.....! Nya amprok jeung Raja urang Di tegalan tungtung kidul, tonggoheun cai leutik! Ceuk Raja ka Si Lengser: "Ripuh mun kieu mah! Boa-boa urang mudu taluk!" Ceuk si Lengser: "Pajajaran mah, Gusti, Cadu keuna taluk, sabab buyut ti Karuhun!' Lebaheun Si Lengser nyebut buyut, engke teh disarebutna: CI KABUYUTAN!" Ceuk Raja: "Dayeuh geus direbut musuh!" Ceuk Si Lengser: "Najan Dayeuh geus karebut, Raja mah teu meunang taluk! PAJAJARAN teh LEGA KENEH, lega keneh enggon perang! Terus Gusti, terus! Najan perang sabari mundur, urang mundur teh lain eleh!" Urang Pajajaran laju mundur .....! Lain mundur kasedek ku urang Banten! Tapi mundur, lantaran hanteu nanding dina loba! (Tah eta gara-garana datang ka engke, URANG SUNDA ti harita datang ka kiwari KADESEH DEUI, KADESEH DEUI ku SAKUR anu DARATANG NGARADON HIRUP di TANAH SUNDA; Jeung daratangna Nu ti KULON jeung ti WETAN......! da BONGAN URANG SUNDA KENEH, urang SUNDA KENEH MARANTUAN anu daratang Sina NYAMPALAN di urutna PAJAJARAN TENGAH....! Sabab-sababna marantuan jeung ngarantep sina deungeun-deungeun nyarampalan? Lantaran sarieun Urang PAJAJARAN TENGAH jaradi DEUI! Lantaran pada saririk ka urang Pajajaran Tengah Anu dina wayah nu bakal datang baris ngaluluguan Bangsa Sunda ngajajarkeun anu BENER ti nu SARAKAH....! Jeung lantaran anu saririkna sarieun KABOKER SAGALA SALAH, SAGALA TEU BENER!) ============== [Cag ti kuring, lalakon nu malundur salajengna engke dipaju ku Bah Osa di "Kisunda". Engke ku kuring diforwardkeun ka "Baraya_sunda" Nyuhungkeun dihapunten bilih seueur nu salah ketik ... WLY]
