--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>

> 
> Uing mah rek nanya nanya heula nu ieu we:
> 
> Pertanyaan nonmer 1':
> 
> Naon bedana antara sajarah jeung fiksi?
> 
> Cing sugan aya ciri-ciri nu bisa dijadikeun ukuran,
> keur ngabedakeun sastra jeung fiksi. Lamun geus kapanggih eta ciri
> urang jadikeun jidar, keur noong pantun, naha kaasup sastra atawa
> fiksi.

Nuhun Kang MH,

Sok atuh urang paluruh babarengan. Sigana mah kieu meureun beda antara  
sajarah jeung fiksi:

Sajarah mah KUDU didasaran ku kajadian anu pernah aya. Data, kajadian 
jeung nu boga lalakon PERNAH aya.
Tujuan na: ngaberendelkeun data.

Sabalikna,  ari dina fiksi mah... data, kajadian jeung nu boga lalakon 
UKUR direka2 ku nu nyieun carita.
Tujuan na: hiburan.

Nyambung jeung pairan Kang WLY. Sigana mah carita pantun teh fiksi 
sajarah. Dingengek oral/lisan Sunda anu make kasang tukang sajarah. 
Sigana mah TEU beda jeung model roman na Dan Brown dina carita Da 
Vinci Code misalna. Data sajarah dipasieup jadi dongeng anyar. 

Saha nu satuju jeung rahulan kuring, saha oge nu teu satuju.... prak 
diskusikeun we lah! :)))

baktos,

Rahman



Kirim email ke