On Thu, Feb 19, 2009 at 6:03 PM, eminx <[email protected]> wrote:
> calung ngaing tetep tulang maung...
> da maungna tos teu aya ... ngan rohna maung nu tetep ditakolan ku barudak
>

Lain baraya euy, pernah kapikir teu ku dia sakabeh?
Geura pikir, urang teh ari ngainterpretasikeun diri turunan Maung
belang, nu gagah rongkah.
Tapi ari katuangan bet resep kana kadaharan Embe, resep kana dangdaunan nya.

Boa-boa sikep midua ieu nu ngajadikeun karakter maung teh teu napel na
awak urang.
Nu antukna urang ukur jadi patalukan, teu pati resep padungdung tutumpuran.

Tah supaya idola nu aya dina implengan sajalan jeung karakter nu napel
dina kalakuan,
ngarah urang jadi tuan minimal di lembur sorangan, jigana urang teh
kudu ngarobah pola
barang dahar. Tina mikaresep kadaharan embe, urang ganti kana kadaharan maung.
Tah lamun geus kitu jigana bakal kaluar karakter maungna.

salam,
mh

Kirim email ke