di dieu jelas katingali, elmu jeung agama teu bisa dicampuradukeun.... agama
boga wilayahna sorangan. elmu/sain boga wilayahna sorangan.

aya saurang agamis nu make materi hasil timuan ilmiah keur ngarojong ayana
pangeran. hiji mangsa aya elmuwan sejen nu manggih bukti yen materi nu
ngarojong ayana pangeran teh euweuh/teu ngarojong deui ayana pangeran. naha
cek si agamis tadi pangeran jadi euweuh? cek kuring mah moal, manehna bakal
kokotetengan nyiar nu ngayakeun deui pangeranna... atawa balik deui ngimanan
ayat.

alah naha kalah ka kapangeranan nya? heuheu... pedah we dedengena kuring
mah: teori darwin ditolak sabab cenah bisa ngaleungitkeun pangeran. sejenna
aya kaum agama nu masih nyekel teori geosentris hasil manehna maca ayat.
bentrok jeung elmuwan nu heliosentris, hasil neuleu alam. bentrok sabab
anggapan kaum agama eta mah mun heliosentris bener tangtu ayat suci salah,
ayat suci salah tangtu nu nyieunna, pangeran nu salah. sedeng pangeran nu
salah: euweuh. di dieu pangeran leungit deui wae...

heuheu...

duq
nb: ari sakuringeun mah, ayana pangeran nya cukup ku agama wae. da guna
pangeran keur kuring mah, salahsahijina, keur ngeusian nu teu kapanggih, teu
kadongkang ku mata ku leungeun ku ceuli ku irung ku rasa ku uteuk heuheu...
nb2: masalah pangeran aya atawa euweuh jigana teu jadi masalah nya? keur
agama-agama nonteis mah. riceuwna agama jeung sain biasana mah ukur
ngalibetkeun agama-agama samawi nu nganggap pangeran mutlak ayana.


On Wed, Feb 25, 2009 at 9:30 AM, Kumincir Wikidisastra <
kumin...@urangsunda.or.id> wrote:

>   ari kitu mah atuh teu ngalarapkeun metode ilmiah, nya enya teu
> nyambung...
> nu diukurna ulah kaimanan, tapi materi2na...
>
> h0: pangeran euweuh
> atawa
> h0: pangeran aya
>
> sok buktikeun ku di dinya make metode ilmiah...
>
>
> On Wed, Feb 25, 2009 at 9:01 AM, ua duq wrote:
>
> > tah lamun dina masalah agama, misalkeun aya hipotesa: pangeran aya. ku
> > elmuwan statistika mah eta hipotesa teh diasupkeun kana h0, terus nyieun
> > h1.
> > sedengkeun ku agamawan mah eta diasupkeun kana h1, h0-na teu dijieun, da
> > puguh geus kabukti ti awal mulana ge salah!.... . lamun aya hipotesa
> awal:
> > pangeran euweuh! geus pasti ku kaum agamawan mah langsung ditolak! teu
> kudu
> > nyieun hipotesa kadua (h1) huahaha... sedengkeun elmuwan statistika mah
> > kuduna teu paduli manehna kudu neruskeun panalungtikan ku cara nyieun h1.
> >
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>  
> ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke