Nyambung deui obrolan kamari ah Kang AD. Itung2 hiburan we lah nya 
Kang? :))
<<Punten Kang Rahman, kuring geus lila (pisan) tacan kaburu ngarespon postingan 
kang R dina jejer ieu. Geus sababaraha minggu ider-ideran nuturkeun "boss" ka 
daerah. Aya eta ge akses internet mah, ngan waktu jang nulisna nu teu aya.>>

Ngitung bari ambek2an mah .... bisa2 kerok atuh Kang he he he. Tapi 
lebah dinya mah kuring satuju. Ngan anu rada ngaganjel teh... kumaha 
ngagabungkeun sistem theistik jeung nu atheistik? Setengah theis? ;))
<<Meureun keur kang R mah, sains mah pasti atheistik kitu? Keur kuring mah ari 
soal theis jeung atheisna sains (atawa leuwih pasna mah scientistna) mah 
tergantung ka hidayah Alloh. Seratan GM tentang Darwin dina Tempo nu kungsi 
dipostkeun ku kang Waluya ngebrehkeun yen Darwin teu pernah atheis.>>

Sains mah sacara umum TEU aya hubungan jeung urusan perpangeranan. 
Hipotesis dina hiji teori sains mah kudu dibuktikeun ku panca indra: 
diukur, ditimbang dites jeung make alat eksperimen sejen na. Tah... 
nerapkeun metodeu sains kana agama, kudu dikumahakeun? Kuring mah 
masih keneh can kaharti.
<< Leres sains teu mempelajari perpangeranan, nu nyangkut Dzat Pangeran, tapi 
leuwih mempelajari makhluk ciptaanana, karakteristikna.>>

Contona mah kieu meureun. Kumaha urang NGABUKTIKEUN (make salah sahiji 
prasyarat metodeu sains) ayana Pangeran? 
<<Tangtu moal bisa ngabuktikeun ayana Pangeran make alay deyektor energi atawa 
materi mah, da Pangeran mah lain materi atawa energi nu sarua jeung makhluk nu 
bisa dideteksi ku alat-alat tea>>

Keur sakuringeun mah urusan Pangeran TEU perlu dibuktikeun. ... pan 
ngaran na ge PERCAYA alias iman tea. Iman kuring ka Pangeran anu 
dingaranan Allah ge.... ah, eta mah sakadar kabeneran kulantaran 
kuring digedekeun diu kulawarga Muslim. Mun kuring lahir di Jepun moal 
salah iman kuring dina sistem Shinto atawa Budha?
<<Tapi teu sakabeh jalma siga kang R kan? Nabi Ibrahim percaya kana ayana 
Pangeran, bahkan bisa berkomunikasi jeung Pangeran, sanggeus melalui pentahapan 
mikir, mengamati, mikir, nyoba, jeung sajabana>>
 

Hanjakal lain sakadar ukur anggepan manusa Kang. Coba perhatikeun 
ayat2 anu dianggap suci tea. Teu dina Kitab suci urang... teu dina 
kitab suci nu sejen na, loba pisan teks anu nyebutkeun diri na jadi 
jalan PANGBENERNA. Nu sejen mah sok disebut jalan MABAL. Mumutlakan 
siga kieu aya jeung hadir intrinsik di tiap agama mana bae oge. Mun 
tea mah enya, Pangeran teh ( nu mana bae oge!)teu nganggap maneh 
pangbenerna, naha atuh bet nurunkeun ayat2 anu ngarasa pangbenerna? 
Pan lieur ngabandunganana ge. Antuk na.... manusa kalah jadi parasea 
alatan NGARASA pangbenerna.

<< Sakabeh ayat ge muncul maknana nu kaharti ku urang sanggeus ditafsirkeun ku 
urang. Kalah kumaha oge makna ayat teh kacampuran ku persepsi nu macana. Aya nu 
nganggap naon wae nu aya dina Al Quran teu boga makna sejen sajaba nu kauni 
dina ayatna. Ceuk sebagian ulama, Al Quran nu hakiki ngan aya dina elmuna 
Pangeran, Al Quran nu dibaca ku urang mah kudu dimaknaan dina konteks persepsi 
Rosululloh SAW dina lingkungan budaya Arab jaman harita.>> 

Pangeran nu lieur .... atawa urang nu lieur ieu teh? he he he...

Enya cenah Kang, pangalaman mistis teh aya hubunganana jeung fisik 
oge. Utamana mah jeung susunan syaraf manusa.

Ceuk panalungtikan mah, Orakel Delphi di Yunani kuno ge lain urusan 
mistik, tapi geuning cenah kappangaruhan ubar teler! :)))

<< Balik deui kana seratan kang Jalal, manehna jeung umumna orientalis jeung 
modernis ningali mistik teh, ngan dina efek fisik jeung psikis tina latihan 
mistik. Kurangna sare jeung barangdahar dihubungkeun kana kerusakan syaraf 
otak. Umumna teu ningali kana kemungkinan perbedaan pengaruh keur jalma nu beda 
dina kapasitas genetikna. Meditasi, wiridan berulang jeung solat tahajud keur 
sebagian jalma matak ngaruksak syaraf otak, tapi keur sabagian jalma sejen 
matak ngadatngkeun kalinuwihan nu kaluar tina wewengkon manusa biasa. Mun 
dianggap panalungtikan naskah wahyu minangka studi literatur, diteruskeun kana 
musyawarah, debat jeung diskusi, ditungtungan ku proses latihan mistik minangka 
eksperimantasina, maka keseluruhan proses beragama teh bisa disaruakeun jeung 
proses ilmiah. Kitu oge lamun dihartikeun mistik teh pendekatan ngawujudkeun 
kayakinan ayana Pangeran ku jalan usaha komunikasi langsung jeung Mantena ku 
cara nu pernah dipilampah ku para
 Nabi/Rosul. Puncak hasil latihan teh dina kasus Rosululloh SAW mah turunna 
wahyu ti mimiti nepi akhir, jeung peristiwa Isro Mi'roj nalika anjeuna tiasa 
"tepang" sareng Pangeran. Kuduna mah urang ge tepang jeung Mantena dina sholat 
urang, ngan lolobana urang - kaasup kuring - sholat teh loba malaweungna, jadi 
bororaah mi'roj nya? Loba buku nu medar ngeunaan ieu, di antarana tulisan Agus 
Mustofa oge Abu Sangkan. Keur awal pemahaman "mistik" secara ilmiah mah meureun 
leuwih ti cukup.>>


Sempetkeun ka NL atuh Kang! Ti Rotterdam ka tempat kuring mah ukur 45 
menit. Ke ku kuring dijapri nomer telepon kuring. Ngan sigana mah 
saung kuring can rengse, masih paburantak!

<< Insya Alloh Kang. Ngan ari ka NL mah pan tos tilu kali, sanajan teu kungsi 
tepang jeung kang R. Mun pareng mah hayang oge ningali Eropa sejenna. Jeung eta 
deuih,.................. sieun diajak babantu ngecet! >>

baktos,

Rahman
 
Sembah baktos oge kang,

AD



 




      New Email names for you! 
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke