> mh <khs...@...> wrote:
> tah nu perlu dipikiran ku calon anggota dewan teh, bisa teu 
> ngontrol kualitas dahareun
> nu dijual keur umum, jiga di tukang dagang hareupen sakola.

Sigana mah geus aya Undang-Undangna perkara eta mah MH. Tapi memang hese nyegah 
kadaharan nu kararitu teh satutung panghasil masyarakat handap keneh mah. Jadi 
teu mikir layak atawa henteuna, nu penting wareg.

Jeung nu kaduana, nu paling penting, nuwuhkeun tanggung jawab ti penjualna. 
Tanggung jawab ieu nu kurang di bangsa urang mah, asal laku, teu mikir engkena 
aya akibatna. Kontrol ti pamarentah diperlukeun, tapi satungtung sikep teu 
tanggung jawab ieu masih kuat, tetep bakal hese.

Tah nuwuhkeun sikep boga tanggung jawab ieu, bagean saha? Biasana ukur 
neumleuhkeun ka pendidikan formal, sakola. Padahal kuduna ulah  kitu, 
masyarakat oge kudu bisa ngadidik sorangan, dimimitian kunu ngarasa jadi tokoh 
masyarakat. Rek tokoh mayarakat jero kampung, tepi ka tokoh masyarakat nu 
skalana leuwih gede ....

Baktosna,
WALUYA




   

Reply via email to