Sunda?

 

Salila iinternetan atawa mimilisan, hususna
milis-milis kasundaan, kuring remen manggihan posting-posting nu sipatna
ngotektak atawa tumanya ngeunaan naon jeung kumaha  Sunda teh. Boh nu asupna 
tina sajarah, budaya,
filsafat, atawa “agama” pisan.  Kituna
teh teu saeutik patanyaan-patanyaan tadi nu “sasab” kana koropak kuring. Mun
dikumpulkeun mah, sigana leuwih ti sapuluh urang nu “sasab” jeung “pareumeun
obor” siga kitu teh. Kabeh tumanya: Naon jeung kumaha ari (urang) Sunda teh? 
Bari
aya oge nu rumusan patanyaannana meleg-meleg filosofis abis: “Kang, naon ari
hakekat Sunda teh?”. Na, aing teh guru tarekat make ditanya hakekat-hakekat
sagala? Boro-boro nerangkeun hakekat, ngaji sareat ge teu parat-parat. Komo
deui ieu hakekat Sunda.

Geus katoong, jalma-jalma cerewed jeung euweuh gawe
kitu teh umumna barudak ngora – nu umurna can nepi ka 25 taun (mudah-mudahan
sing paranjang umur, bari walagri jeung rahayu). Aya nu ngaku mahasiswa di
Yogya, di Lampung, oge di Semarang. Tapi, aya oge nu ngaku mahasiswa di Bandung
jeung…Serang!

Satemenna, rada munasabah mun mahasiswa “in exile”
-- nu sarakola atawa urang Sunda nu bumen-bumen di Yogya, Lampung, atawa
Semarang -- miboga patanyaan kitu teh. Tapi, nu “matak helok”, mahasiswa di 
Bandung
jeung Serang? Ngahaja kecap “matak helok” make tanda kutip (panyurek?). Sabab,
satemenna, nya teu pikahelokeun oge. Rek di mana rek di mana, ceuk cenah,
salila panonpoe kumelendang manusa teu weleh tumanya ngeunaan dirina. Saha, ti
mana, rek ka mana. Kaasup, nya nanyakeun saha jeung kumaha pakait jeung 
komunitas
atawa sekeseler dirina. Sok komo mangsa kiwari, mangsa “Sunda (geus lila) carem”
jeung “jati kasilih ku junti”.

Mun keur waras jeung purun, eta panalek teh sok
dilayanan. Sanajan, tangtuna ge sipatna ngacapruk. Lian ti perkara watek, oge
rumasa teu nyaho nanaon. Kadar kurah-koreh tina pabetekan nu sipatna walurat.
Malah leuwih sering kadar nuduhkeun urangsu...@yahoogroups.com jeung 
kisu...@yahoogroups.com,
nu ku implengan kuring bakal bisa mere jawaban nu sipatna leuwih komprehensif. 
(Bari
sakapeung, komentar-komentar nu nyampak malah leuwih ngacapruk atawa teu luyu
jeung pangharepan kuring sorangan). Atawa, mun nanya perkara sajarah, nunjuk
Wikipedia jeung www.cikalbogor.20m.com. Kadieunakeun,
sanggeus tepang jeung si Ambu, nu ku pikiran bakal mere jawaban nu leuwih jelas
tanggungjawabna (ilmiah), paling heunteu tina jihad arkeologi, sok
ditaruduhkeun ka anjeunna. Teuing dijarugjug heunteuna mah.

Enya kuring sorangan teu bisa ngajelaskeun kalawan
ngaberele bari parat naon jeung kumaha (urang) Sunda teh. Lain bae kuring teu
boga kaahlian dina perkara eta, tapi, nu pangpentingna, mun kuring jujur mah:
Jadi urang Sunda teh ukur di internet, dina milis. Dina kahirupan sapopoe mah
kuring teuing jadi naon. Malah, remenna mah (boa-boa) teu jadi manusa-manusa
acan. Ukur daging jeung tulang nu ijigimbrang meakkeun waktu ku udud, nyatu,
jeung numpakan pamajikan. Kalan-kalan, siga nu heueuh, kutrak-ketrek hareupeun
komputer – neangan duit, keur meuli udud, nyatu, jeung ngabajuan pamajikan
atawa ngabringkeun barudak ka Jalan Sabang – diselang ku ngilu ungked-ungkedan
di masigit, nyumponan kawajiban bari susuganan hirup kuring luyu jeung kahoyong
Anjeunna.

Daek beunghar salelembur, saencan manggih urangsu...@yahoogroups.com, Sunda 
(persisna mah etnisitas)
lain hiji faktor pikeun sakuringeun. Sanajan, sawatara batur gawe atawa batur
ulin teu arang ngahukuman kuring ku stereotype-stereotype nu remen dituduhkeun
ka urang Sunda. “Tukang kawin”, “gumenak”, “pamalesan”, jste. (Teu nyarahoeun, 
kadieunakeun,
di lingkungan urang Sunda sorangan kuring sok disarebut “teu nyunda”,
“sekuler”, “teu nyaho di temah wadi”, “ahli bid’ah”, “kasep”, jste). Kuring
leuwih sering ngaheheh mun geus kitu teh. Rek naon deui? Kateuteuari ngalayanan
jalma-jalma garumasep kawas kitu. 

Anapon kitu, sanajan – cenah -- ti pihak indung,
kuring boga getih Tionghoa, mun ditanya ngeunaan “urang mana”? Kuring sok
ngajawab “Sunda”. Hayang eta ge ngaku urang Samoa, urang Uygur, atawa kokocoran
Bani Hasyim pisan. Tapi, saha nu percaya? Lain bae lahir jeung gede di Bandung,
tapi pan, ngaran ge Maman? Nu dianggap “nyunda pisan”! (Sanajan, Maman
Suherman, baheula mah gawe di tabloid Nova, satemenna urang Bugis nu lahir di
Tasik. Malah kuring kungsi manggihan jalma nu meleg-meleg urang Palembang jeung
Lampung nu oge ngaranna Maman. Kitu deui, sawatara poe ka tukang, kuring 
ngorehan sakur ngaran Maman di facebook. Dua di antarana, basa
ditoelan, meleg-meleg “euweuh” pakuat-pakaitna jeung Sunda. Nu hiji urang
Malaya turunan Ponorogo, nu hiji urang Balikpapan. Malah di Perancis mah loba
pisan nu disarebut Maman teh).

Tangtu kuring -- oge tiap manusa nu kumelendang di
alam dunya ieu -- teu bisa milih jadi urang mana. Etnisitas, indung-bapa, 
nini-aki,
salah sahiji hak prerogative Pangeran. Mutlak. Teu bisa diongget-ongget
samicron oge. Tinggal kumaha urang ngengklokan kanyaah Pangeran eta. Naha rek
ditarimakeun kitu bae, tumamprak kana naon nu nyampak, atawa rek diigelan – dina
harti diuma-ome luyu jeung amanat lian Anjeunna, yen urang lian ti jadi 
Abdullah teh oge Khalifatul lil ardi. Nginjeum slogan nu diasongkeun baturan 
gawe keur hiji caleg: “Hidup memang pemberian, tapi kehidupan adalah
pilihan”. Hehehe…

Kukituna, kuring remen nyalenggorkeun patanyaan-patanyaan
abstrak jeung rada-rada filosofis tadi kana jawaban-jawaban nu sipatna praktis.
Malah matre pisan. Maksud kuring, manan ngadefinisikeun (budaya jeung manusa)
Sunda mending noong kondisi sosial ekonomi urang Sunda kiwari. Pan, cenah, IPM
Jawa Barat jeung Banten teh teu leuwih ti budak SMP. Beh dituna, kumaha
kira-kira carana urang bisa ngilu ngomean eta kaayaan. Naha teu leuwih hade mun 
urang mikiran sangkan bisa ngadegkeun Partai Politik Sunda?

Teuing. Eta tawaran teh remen bantet. Boro-boro
bisa prak dina hiji kagiatan nu kongkrit, dalah wangkongan ge teu laju-laju
acan. Tetela, keur maranehna mah, meureun, perkara “naon Sunda” teh kacida
penting pisan. (Bari pamalesan atawa ogo kacida. Arang mere pamanggih sorangan.
Hayang dihuapan bae). Dalah, diajakan ngawaas bujurna Luna Maya atawa Aura
Kasih ge nu “sarasab” teh teu paruruneun. Teu embol-embol deui.  

Enya. Ngeunaan hal-hal nu pakait jeung budaya,
manusa, atawa sajarah Sunda, kuring lain bae teu loba kaweruh. Di mana aya ge
standar pisan: Pajajaran, Sri Baduga, Galuh, Ajip Rosidi, Oto Iskandar di Nata,
Saritem, Ma Erot, Rahayu Effendi, Pangeran Jayakarta, Cipinang, Hetty Koes
Endang, jste. Kitu ge sawareh mah meunang mulungan tina internet atawa
ngareungeukeun omongan batur. Lain meunang ngotektak sorangan. Sok komo nepi ka
nyosok jero mah. Leuwih ti kitu, asa pamohalan ngaberelekeun perkara Sunda
kalawan parat tur lengkep. Komo kadar dina hiji surelek. Mukaan perkara
sastrana bae, nu cenah salah sahiji produk budaya, sigana, bisa meunang 6.574
tesis doktor. (Teu percaya jumlahna nepi sakitu? Coba bae tataan ku sorangan!).
Sok komo ngaberelekeun hakekat Sunda.

Pon karya sastra atawa kitab-kitab buhun sarupaning
Siksa Kanda Ng Karesian atawa Bujangga Manik? Keur sakuringeun,
can karuhan eta titinggal karuhun teh sarupaning “pandangan hidup orang Sunda”. 
Komo BujanggaT Manik  mah, pan kadar catetan perjalanan hiji inohong Sunda 
zaman baheula. Siksa Kanda Ng ge teu munasabah taya lian iwal ti karya salah 
saurang filosof/resi Sunda
zaman harita. Can karuhan jadi “ageman” kumna urang Sunda. Boa-boa, urang
Galunggung atawa urang Galuh sorangan ge teu kabeh ngagem eta piwulang. Karuhan
urang Marunda, Malingping, Pasir Maung atawa urang Sentul mah. Di mana enya
ngaragem ge, meureun, ukur elit-elitna. Somah atawa cacah kuricakan mah duka
teuing ngagem naon. Boa kitu ge. 

Tangtu bae ku nyodorkeun pipikiran siga kitu kuring
lain rek nyaram macaan kitab-kitab buhun tadi, atawa nalungtik budaya jeung
manusa Sunda umumna -- sakumaha kuring sok “nyapirakeun” budayawan atawa
hal-hal lian nu pakait jeung “kabudayaan”. Tapi, sabalikna: Kotektak eta
titinggal karuhun teh. Asa piraku aranjeunna teu ninggalkeun nanaon pisan, nu
aya mangpaatna keur urang kiwari – oge jaga.  


Ngan, nu ku kuring rek ditepikeun, lain bae tong kadar
nanya (komo nanya ka kuring mah -- da lain ahlina). Tapi, teangan ku sorangan.
Geus meunang atawa geus manggihan, embrakkeun atawa wartakeun ka nu lian. 
Sangkan
bisa dipagunemkeun dumasar kana kaahlian jeung pamanggih sewang-sewangan. Tong
ngan hayang dihuapan bae. Atawa, siga kuring, kadar mulung muntah. Beh, dituna,
mun tea mah Sunda teh teu kapanggih. Keukeuh kiruh atawa burem, nya jieun bae
ku sorangan. Da, moal dosa ieuh. Nyieun Sunda Anyar!

Oge, nu pangpentingna, urang kudu kritis dina maca
jeung ngamumule titinggal karuhun eta. Sabab, nu katoong ku kuring, ngotektak
kabudayaan teh (utamana nu sipatna buhun atawa tradisional) lain bae sok
tikosewad jadi “seniman” – nepi ka urang geus ngarasa jadi urang Sunda ku cukup
bisa nabeuh degung atawa, nu dina prak-prakan ngokolakeun nagara atawa jalma 
loba, sakumaha
nu diprakkeun di hiji kabupaten: Cukup ku dipangsi jeung di kampret hideung
tiap poe Kemis.

Lian tikosewad jadi “seniman”,  oge sok dibarengan sikep konservatif. Nu
antukna malah jadi anti kabudayaan. Kabudayaan, kamotekaran jelema, nu pantesna
mekar, sumarambah  jeung tumuwuh (dinamis)
jadi beku. Eureun jadi “budaya” atawa “tradisi”. Jajauheun jadi hiji peradaban
nu canggih. Sakalina budaya atawa tradisi tadi kasered, obah atawa leungit
pisan, urang sok melankolis. Nyeungceurikan nu geus euweuh. Sunda tideresa 
kadar jadi bartu, lain hiji sumanget nu sipatna organik -- mekar.

Atawa, sikep nu teu kurang “reaksioner” atawa
“konservatif” tadi: Nolak sakur nu datang ti luar. Lain bae dina perkara “JIL”,
“Goenawan Mohammad”, “Paramadina”, “Syiah” atawa “Ahmadiyah”. Tapi, oge sikep
“anti-Barat”. Pedah mamanggul hitar atawa nyanyina gogorowokan, si Candil
Seurieus teu dianggap nyunda. Atawa lain urang Sunda pisan. Padahal, keur
kuring, ieu band teh Sunda pisan. Tingali bae ngaranna ge “Seurieus”. Hiji
semiotika nu lahir tina kakuatan budaya Sunda nu teu ringrang nyageuhgeuykeun 
diri sorangan. Pon kitu deui laguna, “rocker
juga manusia…”. Keur kuring mah hiji parodi nu Sunda abis.   

(Kituna teh, sikep “konservatif” tadi sok dibarungan
sikep nu teu konsisten atawa teu konsekuen. Sakumaha nu sok disindirkeun ku Bah
Willy, dina konteks mimilisan atawa iinternetan, masih keneh ngeukeuweuk
“produk-produk Barat” ieu. Sanajan, keur kuring mah aya alusna oge, Mun ceuk 
jurus kungfu mah –
meureun : Meupeuh musuh ku tanaga batur. Sakumaha hiji grup band lianna, nu
salah sahiji laguna Anak Cucu Perang
Badar, meupeuh Amerika ku lagu-lagu nu iramana hiphop! Jo,jo,jo…).

Heueuh, (urang) Sunda teh lomba wandana geuning. Boh
alatan jarak, oge waktu. Lian ti Sangkuriang, Si Kabayan, atawa Lutung
Kasarung. Urang ge boga Aa Gym, si Candil, Rieke Diah Pitaloka, atawa Julia
Suryasumantri – putuna Iwa Koesoema Soemantri, isterina almarhum Ami Prijono –
nu counseling-counselingna dina majalah Gadis taun 70-an, keur ukuran harita, 
dianggap
malawading alias liberal.        

 

Gang Tengah, wanci pesad sawed, 10 Februari 2009.

  




Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke