kumaha jeung saha nu mandina eta teh.
di lembur uing taun 80-an mandi teh sok make kasay, paragi gogosok,
bahanna teh tina kimput nu geus kolot. tah keur sabunna make taneuh
angir, taneuh lempung bodas. lamun beungeut sok make kasay ku pucuk
daun jambu batu. tah keur ngosok huntuna, make jukut lameta, meunang
metik na galengan sawah.

tapi upama nu mandina munding atawa domba mah, kasayna teh ku eurih. hehehe.
(mh)

2009/6/9 Rahman <[email protected]>:
> Ari urang Sunda baheula, mun mandi make naon nya? Mun nilik kecap na mah 
> 'sabun' teh impor. Tina basa Portugis sigana mah. Bandingkeun jeung kecap 
> 'savon' dina basa Prancis.
>
> Pangaruh urang Portugis kaitung gede oge di Nusantara samemeh urang NL 
> ngaranjah ka beulah dinya. Conto pangaruh  Portugis nu sejen, musik kroncong.
>
> Coba itung2 we deuih istilah2 saperti; sapatu, sakola, lomari, bandera, 
> mantega jlte.
>
> Sugan aya nu apal kana kekecapan sejen na?
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke