--- In [email protected], Maria Astati <maria.ast...@...> wrote: > > Aya Kang, ''boneka'', eta sarua jeung basa portugis, kuring nyaho ti > babaturan sorangan nu asalna ti Brazil, duka nu liannamah.., kudu dipaluruh > deui.. > > Ngan duka ari ''sandal'' ti basa mana tah asalna? >
Anu kaciri ku kuring mag Teh M, urusan imah jeung permebelan loba anu tina basa Portugis. kanyataan na sigana mah, kulantaran sacara tradisional urang Sunda baheula tara make mebel2an. Pan urang Sunda mah resep na 'ngampar'lin? Jadi mun aya pangaruh permebelan teh meureun impor ti urang Kulon? Lebah urusan arsitektur ge moal beda. Makana loba istilah teknis wangunan imah loba nguyang ti batur? Mun aya teori sejen, sok atuh urang obrolkeun bae. baktos, Rahman
