Baraya, kuring manggihan blog aranna teh MADROTTER 
http://madrotter.blogspot.com/
eusina lagu-lagu heubeul, kaasup lagu-lagu Sunda jaman baheula: Titim Patimah, 
Upit Sarimanah, Haji Dariah (tarling) jrrd. Pokona mah lagu-lagu nu jaman 
ayeuna mah bakal hese kapanggihna deui.

Nu Lucu, nu nyieun blog ieu ngakuna aranna HENK, urang Rottedam Walanda nu 
cicing di Bandung ti taun 1996. Duka saha Henk teh, naha leres urang Bule atawa 
urang Indonesia asli. Nu jelas kuring nganuhunkeun ka usahana 
ngalebet-lebetkeun lagu heubeul kana internet, tepi ka kuring bisa ngareungeu 
deui sora Upit Sarimanah, Titim Patimah, biolana Idris Sadri, pantun beton 
Mundinglaya dikusumah  ......jrrd ...

Mangga geura cobaan lebet kana blog Madrotter ....


Baktosna,
WALUYA



Kirim email ke