Siliwangi jeung Soekarno, aya nu kungsi nyarita ceunah Soekarno pernah kungsi 
neangan pusaka Sunda nu disebut Hanjuang Bodas... sing saha nu bisa manggihan 
eta pusaka teh bakal jadi pamimpin bangsa ieu.

Emangna aya kitu hanjuang bodas? Aaah da eta mah ngan saukur siloka... hanjuang 
bodas nya meureun jati diri sunda tea anu bodas nyacas estuning beresih hatena 
teu boga iri dengki jail kaniyayah ratnasari.

Ngan nyakitu da diteangan ge moal kapanggih ayana dina raga diri sorangan... 
bisa teu ngabersihkeun diri tina rereged dunya... bisa teu hatena beresih 
henteu korupsi? 

Nya meureun lamun geus kapanggih eta... geus beresih hatena... tangtuna bakal 
jadi pamimpin anu pinunjul boh keur dirina sorangan, kaluarga, oge katut jelema 
sabudereunana...

Aki kuring sempet nyarita ngeunaan elmu nu luhung didunya teh disebutna... 
KASUMEDANGAN... naon tah hartina, Su = Alus, Medang = Lapang... jadi haritana 
maneh kudu boge hate nu alus (beresih) teu goreng... jeung hate nu lega 
(lapang).... nya meureun wijaksana ceuk istilah jalma ayeuna mah. Tidinya maneh 
ceunah bakal moal bisa di sakiti / nyeurikeun... jeung moal bisa dipaehan... 
kamsudna mah ceunah da nya emang bener sih asup kana logika... ari jelema nu 
beresih jeung lega hatena... mah moal aya istilah nyeri hate jeung moal paeh... 
kahadean nana tetep bakal hirup terus.

Kusabab eta Siliwangi – Sribaduga Maharaja Jaya Dewata dibere upacara Shrada... 
jadi sangeus paeh 12 taun oge ... tetep weh hirup... da nyakitu tea geuning 
lain ngan saukur 12 taun... ayeuna geus leuwih ti 200 taun oge geuning 
Siliwangi tetep hirup di hate unggal jelema anu reueus kana kasundaan. Ngahiang 
tea meureun... kitu?

Tah masalahna... bisa teu nga- MANAGE HATE supaya tetep BERESIH, tetep 
ngahasilkeun energi POSITIF... tah ieu nu hese, dalah Aa Gym weh nu founder 
manajemen kolbu... manajemen hate tetep weh geuning teu bisa. Bet kalahka 
nganyenyeri pamajikan nana... atawa tibaliknya? Ngabungahkeun? Mudah-2an mah 
ngabungahkeun siiih...

Salam Bodas Nyacas,
KAsep
Nu Keur Ngecet Bodas...

From: Baraya_Sunda@yahoogroups.com [mailto:baraya_su...@yahoogroups.com] On 
Behalf Of Aa Ican
Sent: 01 Desember 2009 15:21
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Baraya_Sunda] OOT: Warna Pemahaman tentang Gusti Prabu Siliwangi

  
mun kaci nanya ieu mah nya, mangga waler...
- nu dimaksud ku dia teh (Gusti) Prabu Siliwangi nu mana?
- naon hubunganana Prabu Siliwangi jeung Soekarno? Naon dasarna?

sikandar
kumincir.blogspot.com
2009/12/1 semar samiaji 
Pesan Gusti Prabu:
 
“urang sunda teh nyukcruk galur mapaytapak” yang dimaknai kurang lebih “manusia 
yang bersih (putih = sunda) adalah manusia yang mengikuti suri tauladan para 
leluhurnya”
 
Di era kepemimpinan Bung Karno disesuaikan menjadi:
 
“…kembalilah kepada Pancasila, bagi mereka yang telah melupakannya”



Kirim email ke