> From: "Surtiwa" <surt...@gmail.com>
> Ari kitu mah komo deui anu jadi korban teroris
> ...bleng..beledug.kabeneran keuer dahar KFC ngan Rp 7000...bebeledugan
> rugina 100 tikel...abdi mah hoyong ngabales...tapi kumaha mun paeh
> dibeledugkeun..kumaha ngabalesna nya ?

Memang rada sesah, ngadukeun pulisi jeung teroris teh. Nu hiji mah nganggap 
"hirup" teh penting pisan: Karir, anak pamajikan ...jeung kahayang nu 
sejenna deui, ari lawanna nganggap kuduniawian teu penting, nu penting 
tujuan globalna katepi, ari balesan keur manehna mah engke di sawarga. Beda 
"tujuan hirup" ieu, lamun pasanggrok bisa fatal akibatna, nu hiji mah embung 
paeh,  ari lawanna paeh mah tujuan. Nu embung paeh, tangtu curiga pisan, 
kana hal-hal nu nyurigakeun, sanajan contona ujug-ujug ngodok saku, langsung 
didor da sok sieun mencet pamicu bom atawa ngaluarkeun pestol.

Sigana pulisi leuwih resep newak bangsat atawa rampog tinimbang teroris mah, 
sabab ari bangsat/ rampog mah masih boga keneh tujuan, tujuan kaduniawian 
......

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke