Sampurasun, kang Oman haturan sim kuring pun engkus.
Kacida nganuhunkeunnana kana eta pedaran akang, karaos
sareng nampi sim kuring nambihan kanyaho ti
pedaran-pedaran akang, namung punten sim kuring hoyong
oge ngiring mairan, hapunten bilih teu sapuk.
Tah Dina pedaran nu dibahas ku akang geuning
netelakeun yen Sunda-Islam mah ngagaduhan sifat
atanapi karakter nu mibanda kaluhungan nilai-nilai
atanapi ajen tinajen, bukti ku kajembarannana nu
mangrupakeun salah sahiji wujud konsep   mandala nu
tangtu luyu jeung sifat kamanusaan. Kitu diantarana nu
kaharti ku sim kuring. Tah upama nitenan kana harti
eta tulisan eta oge tanggapan/bahasan akang, ceuk sim
kuring nyata geuning yen nu mawa sifat/karakter luhur
kitu teh estu buah tina kasundaannana sanes tina
kaislamannana, da buktina geuning ku akang dijelaskeun
ti jaman luluhur baheula memeh Islam datang ka
pasundan (conto ti kang Oman di patilasan Talaga),
geuning agama Budha ditarima, pon kitu deui agama
Hindu, Islam, Kristen. Geuning can aya panalungtikan
nu nyindekeun luluhur Sunda baheula nolak/ngusir
sumawonna merangan agama nu datang ka wewengkon Sunda,
tapi sabalikna geuning runtagna Pajajaran jeung Galuh
akibat diserangna ku Banten jeung ku Cirebon (eta ceuk
sajarah). Kitu deui di waktu kiwari nu ngabogaan
sifat-sifat luhur kitu teh geuning dipibanda ku dulur
urang kisunda nu non Islam saperti di Dusun Susuru
(Ciamis), masarakat Cigugur, masarakat Lebak Cawene,
masarakat adat Ciptagelar, masarakat adat gunung
Halimun, masarakat Kanekes jeung sajabana, sedengkeun
karakter masarakat Islam etnik lainna, boh nu aya di
wewengkon Nusantara lainna pon kitu deui nu di
sumberna wewengkon Arab, nyata aya perbedaan nu nyata.
Tah ku kituna ceuk bawirasa kuring, sawajarna lamun
urang sunda miajen jeung ngamumule luluhurna, supaya
urang Sunda boga ajen jeung teu katulah, da geus bukti
kaluhungan jeung kaluhuran budi pangarti warisan
luluhur nu geus jadi adat paradatan Sunda (naon bae
agemannana) geuning mangrupakeun nilai-nilai nu
diperlukeun pikeun ngawangun jeung ngahudangkeun deui
bangsa jeung nagara sangkan boga deui ajen-tinajenan,
ku kituna ka dulur0dulur kisunda poma ulah salah nya
nyanghareup jeung tumarima (kitu oge ceuk kuring).
Hayu urang suhun deui Kasundaan, rek ku saha deui
diajenan lamun lain ku urang nu jadi wawarisna.

Sakitu pairan ti sim kuring, bilih langkung saur bahe
carekna, nya nyuhunkeun dihampura rumasa teu acan jadi
jalma bener, nuju diajar keneh.  Atuh ka Kang Maman
soal budak janggotan, mangga titenan pamendak sim
kuring dina Re : Uga Wangsit Siliwangi, kaping
11/08-2004, mangga sareng sae upami dipadungdengkeun
deui.

Amit sun nun, rampes

pun engkus

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> Haturan Kang, seja ngiring mairan, dibabaran bae
> palih handapna potongan tulisan salira anu kapilih.
> Nyanggakeun sapulukaneun:
> 
> sindang_asih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Islam Sunda: Gambaran Awal
> 
> Sindang Asih (SA)
> 
> ...bagaimana sikap masyarakat Islam pada kerajaan
> ini demikian inklusif. Hal ini terbukti ketika pada
> awal
> berdirinya, mereka banyak menerima imigran non
> Muslim untuk tinggal dan bekerja di daerah
> kekuasaannya. Padahal Kerajaan Banten juga banyak
> melakukan pemetaan sosial-budaya dengan memasukan
> spirit ke-Islaman di dalamnya... 
> 
> manAR:
> 
> bukti Islam anu inklusif kana budaya/agama sejen
> katawisna tos nyampak tina periode palih ditu keneh.
> Upamana bae, dina mangsa pamarentahan raja
> Sanghiyang Wastukancna, parantos aya sakedikna 3
> agama anu tumuwuh subur sareng heunteu aya
> pacegcogan diantara masing-masing nu nganutna, kl
> abad 12-13 M. Patilasan di Talaga anu diantarana aya
> patung Budha (tingali upamina "Cariosan Prabu
> Siliwangi", seratan Vivian Sukanda tea) nunjukkeun
> yen dina mangsa harita agama Budha parantos lebet ka
> Tatar Sunda, pon kitu deui Islam (Syekh Quro di
> Karawang, guruna Nyi Subanglarang, salah saurang
> prameswari Sri Baduga Maharaja).
> 
> SA
> Kita tahu, budaya Sunda menganut asas
> egaliteraniasme, pluralisme dan semangat kebersamaan
> yang tinggi. Hal ini setidaknya nampak dalam jejak
> historis, mengapa di kawasan ini banyak peninggalan
> masa lalu yang tidak berbau mistik, tidak feodal,
> tidak penuh dengan kemewahan, serta penuh dengan
> nuansa keragaman. Sebab dalam sistem budaya Sunda,
> asas yang dibangun adalam persatuan, kesatuan dan
> pengakuan. 
> 
> manAR
> 
> Sapuk Kang. Ngait kana teu aya bukti-bukti budaya
> Sunda anu "monumental" sarupi candi-candi di wetan
> (jateng-jatim), katingalna memang agama anu lebet ka
> Sunda teh dipangaruhan oge ku budaya Sunda anu tos
> kiat, nyaeta budaya anu disebat ku akang di luhur.
> Anu jadi heran, geuningan dina prak-prakan kaagamaan
> ayeuna, asa pinunjul pisan masalah ngagegedekeun
> simbol kaagamaan. Sigana budaya asli Sunda sakumaha
> anu kua akang ditataan teh tos keuna ku "virus"
> kabudayaan nya? 
> 
> SA:
> Artinya, dalam sistem budaya Sunda, tidak menjadi
> persoalan seseorang itu berlatar-belakang suku
> bangsa apa, yang penting adalah sejauh mana
> kontribusi diri mereka pada perkembangan kebudayaan
> setempat, tanpa harus menanggalkan budaya mereka
> sendiri.
> 
> 
> manAR:
> 
> Sigana, leuwih jembarna, tina ksangtukang agama
> jeung budaya naon bae, anu penting, upama maksud
> hirup kumbuh di tatar Sunda harita, kudu ngabogaan
> sikep SILAS, Ngertakeun Bumi Lamba, jeung mulasara
> Kabuyutan tea.
> 
> SA:
> ...dalam konteks ini, kontrak sosial terjadi antara
> pemimpin dan yang memimpin. Sehingga pemimpin dalam
> sistem budaya Sunda menjadi semakin bermakna karena
> ia bukan penguasa, namun sebagai wakil dan penengah
> bagi persoalan yang ada pada pengikutnya. Pada
> perjalanan selanjutnya, jika seseorang yang
> dijadikan pemimpin itu sangat baik dalam memimpin
> pengikutnya, maka para pengikut itu akan menyebarkan
> gagasan dan model kepemimpinan itu kepada orang
> lain. Sehingga orang yang menyebarkan gagasan itu
> kemudian menjadi pemimpin
> pula bagi pengikutnya. Begitulah, rakyat dalam
> sistem budaya Sunda merupakan diaspora dari gagasan
> kepemimpinan yang berwibawa dan profesional. Asas
> ini dalam konsep politik modern sering disebut
> sebagai asas desentralistik
> 
> manAR:
> 
> "Kasus" kontrak sosial anu kawilang teges pisan
> kajadian nalika nagdegna "Pajajaran". Kacatet dina
> "Rintisan Penulusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat"
> (anu sumberna tina Naskah Wangsakerta tea), kumaha
> dua karajaan harita (Sunda jeung Galuh) ngayakeun
> kontrak sosial: 1) ngahijikeun eta dua karajaan tug
> karajaan-karajaan leutik anu aya dina kakawasaanana
> jadi hiji kalayan sarua sadarajat/ satingkatan (pada
> sajajaran - padajayaran- pajajaran), dina hiji
> karajaan anyar anu namina PAJAJARAN, 2) Ngistrenan
> Prabu Siliwangi (Pamanahrasa) jadi raja Pajajaran
> kahiji anu engke raja saterusna kudu ti katurunan
> Siliwangi ti pramesuarina anu katurunan Prabu
> Susuktunggal (raja Sunda anu akhir samemeh
> dihijikeun jadi Pajajaran).Ku ngadegna Pajajaran,
> bener, satemenna desentralisasi-malah sigana kaasup
> kana sistem federasi-tos dimimitian ku Tatar Sunda
> ti kawit abad 15 M. Kukituna, budaya Sunda -anu
> heunteu keuna ku virus budaya-tos siap jauh ti beh
> ditu keneh kana desentralisasi atawa federasi teh.
> 
> 
> SA:
> Di sini pula menariknya model budaya kepempinan
> Sunda. Jika suatu saat pimpinan puncak mengalami
> kemandegan, kemunduran, maupun kehancuran, maka
> tidak serta merta akan menghancurkan
> pemimpin-pemimpin kecil yang ada di bawahnya. Dalam
> konteks ini pula kita bisa menemukan relevansi
> konsep 'mandala' yang secara harafiah bisa berarti
> wakil. Namun wakil dalam pengertian 'Mandala' lebih
> dalam, sebab mereka juga adalah
> penjaga keseimbangan kosmologi sosial dan cultural
> masyarakat Sunda.
> 
> manAR:
> 
> Aya patarosan sakedik: naha sistem mandala ieu teh
> ayeuna masih keneh aya buktina atawa sesana? Cobi
> diguar Kang, terasna jejer manda teh
> 
> SA:
> Sistem sosial ini jelas beda dengan sistem budaya
> Jawa yang dibangun dari pertanian padi sawah, yang
> kemudian membentuk satu sistem sosial yang penuh
> dengan ketergantungan. Model kultural yang penuh
> dengan ketergantungan ini yang kemudian banyak
> diterjemahkan oleh penguasa kita belakangan ini.
> Sistem feodal dalam kebudayaan Sunda sebenarnya
> masuk belakangan saja. Kultur feodal ini, menurut
> sebagian sejarahwan, masuk seiring dengan
> dikuasainya kawasan Sunda oleh bangsa Jawa,
> khususnya masa kerajaan Mataram. Mereka inilah yang
> mulai memasukan kebiasaan feodal dalam sistem
> kebudayaan Sunda, selain mentransfer sistern ekonomi
> dari
> pola ladang berpindah kepada pola ladang menetap. .
> 
> manAR:
> 
> Aya anu kalintang ngeleketekna dina lebah dieu.
> Budaya huma teh tacan sagemblengna robah ku robahna
> sistem tatanen di Tatar Sunda. Di jihat sejen,
> feodalisme anu asup bareng jeung budaya tatanen-oge
> sikep nyangking agama anu ngagegedekeun
> simbol-tambah atra karasa jeung katempo dina
> kahirupan sapopoe. Budaya huma anu teu acan robah
> teh sikep "individualis" tea jeung kurang bisa gawe
> bareng. Hiji sikep anu kurang produktif dina
> nyanghareupan tangtangan alam kiwari.
> 
> 
> SA:
> Dari basis produksi di atas, kemudian muncul sistem
> dan corak budaya yang berbeda. Dalam konstruksi
> masyarakat Sunda, kosmologi kehidupan tidak hanya
> dipahami sebagai proses alamiah semata. Bagi mereka
> keseluruhan proses sosial yang terjadi tidak bisa
> dilepaskan dari sistem makna dan keyakinan keagamaan
> yang dipahami dan dirasakan dalam kehidupan
> sehari-harinya (Ekajati, 1995). Keyakinan atau
> spirit keagamaan ini yang kemudian menjadi
> perspektif masyarakat Sunda dalam
> melihat berbagai kenyataan.
> 
> manAR:
> 
> Kang Tatan dina lebah dieu nyindekeun yen sikep
> nyangking agama (beragama) Sunda baheula asup kana
> sikep beragama anu intrinsik. Nyaeta agama anu
> ngarojong kana kasehatan jiwa jeung katentreman
> masyarakat. Dina sikep agama anu intrinsik, agama
> teh disawang salaku "comprehensive commitment",
> jeung "diving integrating motive, anu ngatur
> sagemblengna kahirupan urang (nyutat pamadegan
> psikolog Gordon W. Allport, dina "Islam Alternatif",
> Jalaluddin Rakhmat, Mizan, 1986).
> 
> Sabalikna, sikep nyalaksanakeun agama anu
> ekstrinsik. Dina sikep anu kadua ieu-anu patojaiyah
> jeung sikep ngalaksanakan agama anu intrinsik-agama
> teh disawang ukur salaku hiji hal pikeun
> dimanfaatkeun, jeung lain keur kahirupan. Saur Kang
> Jalal 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke