di KOROPAK tos aya sababaraha artikel seratan bah ayat
ngeunaan kasundaan. artikelna tos siap citak (PDF).
diantarana artikel nu diposting ku kang ikmal. artikel
sejenna mangga pilari di:

http://free.angeltowns.com/studio579/koropak/

salam,
mh

--- Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Baraya kamari nuju di UI tea aya seratan mang Ayat
> ngenaan : HARTI JEUNG 
> SAJARAH KECAP SUNDA mangga tiasa di ilo dina
> tangkodan serelek iyeu. 
> hatur nuhun,
> baktos,
> ikmal (punten kanggo UI hanca II, teu tiasa hadir)
> 
> **
> 
> *
> *
> 
> *HARTI JEUNG SAJARAH KECAP SUNDA*
> 
> *Mang Ayat tea*
> 
> Kamus Jawa Kuna yasana Prof. Dr. P. J. Zoetmulder
> (suwargi), /Old 
> Javanese-English Dictionary/ (1982, 2 jilid),
> netelakeun yen jejer 
> /sunda /teh mangrupa sawanda atawa homonim. Jejer
> kahiji dihartian 
> �nyarande�, ari anu kadua mah cenah aya pakaitna
> jeung nagara nu 
> ngaranna Sunda (k.1851). Ari dina basa Sangsakerta,
> nyaeta basa nu 
> saenyana mibanda eta kecap, hartina teh leuwih ti
> hiji. Dua diantarana, 
> hartina teh �cahaya� jeung �cai�.
> 
> Lebah patalina jeung /widyanama /atawa toponimi
> (elmu nu maluruh jeung 
> nalungtik sajarah asal-usul ngaran tempat), raratan
> nu aya kieu :
> 
> Bukti pang kahotna nu aya di �jero nagara� mangrupa
> prasasti Kebonkopi 
> 2, unina / ba (r) pulihkan haji sunda /�mulihkeun
> (kakawasaan) raja 
> Sunda�. Titimangsa eta prasasti teh ngagunakeun
> /candrasangkala/, nyaeta 
> kalimah atawa omongan nu nagndung �harga� angka
> taun. Unina, /kawi haji 
> panca pasagi./ Tah, lebah murahan eta
> candrasangkala, para sarjana teh 
> henteu sapuk. Aya nu boga pamadegan yen nyurahanana
> kudu sakumaha 
> sasari, dibalikkeun. Nya kapanggih taunna teh 458
> saka atawa 536 Masehi. 
> Ngan ku lantaran nu sawareh deui mah nganggap yen
> wangun aksarana teu 
> pati kahot, ceuk maranehna mah nyurahanana kudu
> diiwalkeun. Hartina, 
> ulah dibaca ti tukang, tapi tetep ti hareup. Nya
> angka ku kapanggihna 
> the 854 Saka atawa 932 Masehi.
> 
> Prasasti sejen nu nyebut /sunda / nyaeta prasati
> Bantarmuncang atawa 
> Sanghiang Tapak nu dikaluarkeun ku Maharaja Sri
> Jayabhupati Jayamanehan 
> Wisnumurti Samarawijaya
> Sakalabhuwanamandaleswaranindita Haro Gowardhana 
> Wikramottunggadewa nu nyakrawarti salila 12 tan
> (1030-1042 Masehi). 
> Prasasti nu dikaluarkeun taun 1030 masehi teh
> diantarana nyebutkeun yen 
> Sri Jayabhupati the /haji ri sunda �raja di nagara
> Sunda� /sawata kali, 
> ari nagarana disebut /prahajyan sunda /�karajaan
> sunda�. Malah aya hiji 
> prasasti ti jawa Timur nu dianggap dijieun dina
> mangsa pamarentahan raja 
> Erlangga (1019-42 M), Nyaeta prasasti Horen nu
> nyebutkeun /satru 
> sunda�/musuh (ti) sunda�.
> 
> Ari prasasti Kabantenan nu dikaluarkeun ku raja Sri
> Baduga Maharaja 
> (1482-1521 M) nu harita jumeneng raja apilenggah di
> pakwan Pajajaran mah 
> nyebutkeun diadegkeunana sawatar kabuyutan,
> salasahijina dingaranan 
> S/unda Sembawa./ Padahal ari dina naskah-naskah
> Pangeran Wangskerta spk. 
> Mah, Sumba Sembawa teh ngaran anak Maharaja
> Tarusbawa ti karajaan Sunda 
> nu lantaran kaburu maot, teu kungsi jadi raja.
> 
> Lian ti dina prasasti, kecap /sunda / the aya
> rengkolna disawatara 
> naskah buhun, boh nu ditulis make basa sunda, boh
> dina basa sejen. Nu 
> geus puguh gelempengna dina sajarah mah nya naskah
> /Sanghyang Siksa: 
> Kanda ng Karesian (/1518) jeung naskah /Carita
> Parahyangan (/1580). 
> Naskah sejen mah, sok enya oge nyabit-nyabit kecap
> /sunda/, can 
> kapaluruh raratan sajarahna. Wajar kituna tea mah,
> da karereanana naskah 
> buhun teh eusina ngeunaan agama atawa atikan
> enggoning kumaha carana 
> ngahontal sajating hirup.
> 
> Sumber mancanagara oge aya nu nyebut kecap /sunda/
> atawa nu disurahan 
> yen eta teh Sunda. Upamana wae Tome Pires (1513)
> nyebutkeun yen nagara 
> harita murba di jawa tebeh kulon tur boga hubungan
> niaga jeung Portugis 
> di malaka the ngaranna /regno de cumda /�karajaan
> Sunda�. Atuh pon kitu 
> deui Antonio Pigafetta (1522), jalma nu pangmimitina
> nyusun kamus basa 
> Melayu-Itali. Ngembarkeun yen harita nagara sunda
> the kawentar minangka 
> nagara nu rea ngahasilkeun sahang atawa marica. Komo
> Camoes mah, 
> panyajak nu harita milu jeung Magelhaes ngurilingan
> dunya, dina 
> salasahiji sajakna ngan nyebut nagara Sunda, ari
> Majapahit mah teu 
> disigeung pisan. Teu mustahil kituna teh, bubuhan
> harita (1522) 
> Majapahit geus runtag (1478), padahal Sunda mah
> kapan burakna the karek 
> taun 1579, saabad bada Majapait! Dina sumber Cina,
> babakuna ti jaman 
> dinasti Ming (1368-1643), eta nagara katelahna
> /Sun-la/.
> 
> Mun seug urang ngagugu kana embaran dina /Carita
> Parahyangan/, saenyana 
> mah nagara Sunda teh umurna leuwih kahot. Kapan eta
> naskah the 
> ngajentrekeun yen Sanjaya ti Galuh (ayeuna mah
> Ciamis jeung wetaneunana) 
> keur mangsa rumajana kungsi ngumbara ka pakulonan,
> nya eta ka nagara 
> Sunda. Malah antukna mah dipulung minantu ku /tohaan
> di sunda/ �raja di 
> Sunda� nu katelah Maharaja Tarusbawa tea. Ceuk para
> sarjana, Sanjaya 
> atawa Rakean Jambri dina /carita parahyangan /teh
> sarua jeung Sanjaya nu 
> disebut dina prasasti Sthirengga atawa Canggal
> (732). Mun enya kitu, 
> hartina teh meureun, ngaran Sunda geus kanyahoan ku
> balarea pangleuirna 
> oge dina katompernakeun abad ka tujuh. Samalah
> naskah Pangeran 
> Wangsakerta spk. Ngembarkeun yen Tarusbawa
> ngembarkeun ngadegna nagara 
> Sunda nu murba the taun 669, ukur heuleut poe bada
> raja panutup 
> Tarumanagara, Linggawarman (666-0) maot.
> 
> Ari naskah wangsakerta mah, kecap /sunda /teh malah
> geus digunakeun ti 
> ahir abad kaopat, atawa awal abad kalima keneh. Dina
> taun 395, bada 
> dijungjung lungguh jadi raja Tarumanagara ti
> Wewengkon pagunungan di 
> Jayasinghapura (kuduna mah Jasinga kiwari eta teh!)
> ka daerah basisir. 
> Teuing lebah mana, ngan meureun mo pati jauh di
> daerah ku kiwari katelah 
> Jakarta nu kungsi jadi palabuan panggedena tur pang
> hadena di nagara 
> Sunda. Pakemitan anyar the dingaranan /Sundapura/ nu
> pihartieunana bias 
> �dayeuh Sunda�. Bisa �nagara Sunda�. Lantaran
> nagarana masih dingaranan 
> Tarumanagara, tangtuna leuwih mmerenah milih ku
> kahiji, nya! Mindahkeun 
> pakemitan teh teuing iraha, ngan sigana antara taun
> 395 jeung 400 Masehi.
> 
> Jadi, satemenna mah Sunda minangka ngaran nagara
> geus sohor ti mangsa 
> baheula keneh. Geus aya ti katompernakeun abad
> kaopat (naskah 
> wangsakerta), atawa sahenteuna ti abad kagenep
> (prasasti Kebonkopi 2 
> surahan biasa). Abad kasapuluh (prasasti Kebonkopi 2
> surahan husus) , 
> abad kasawelas (prasasti Sanghyang Tapak).
> 
> Ari kuduna mah, mun ngaranna kaitung geus kacida
> kahotna kitu, eunceup 
> pisan mun seug prestasina oge gumilang; babakuna ti
> maranehna nu teu 
> weleh ngagung-ngagung kasundaananan.
> 
> Prung lah, urang lawung����.
> 
> 
> 
> 
=== message truncated ===


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke