Tuh...ning eta dunya teh sempit samporet na da eteh oge nungkulan malahanmah di talahase teh bet siga anu boga hajat , duh.... mun terang istri akang saparakanca di hiyap tah ngan hanjakal harita eteh kabagean promo kesenian budaya urang ka para inohong tatamu na ti perwakilan negara2 sahabat,sanes...., apan eta anu ti houston mah tim genjringna pun anak tah sareng pun alo saparakanca, ngan katingalina urang bule nya, tuda pun alomah ning sunda sapotong,amerika sapotong, anu hijina deui sunda sapotong, australia sapotong... ngan sok tes basa sundanamah lancar, loma..... da eta lamun teu kusunda nyariosna di teke ku bibina.... tetehmah ngababakan eta nampeu di pengkeureun kjri houston mangga linggih, bilih baraya us ka houston, atuh kumpulan US eta ngomplek payuneun KJRI na. mangga diantos peuyeum sampeu, goreng tempe mah katut lalabna sayogi lah..... baktos teh nenny Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --Sampurasuuun...,
Kang Oman muhun kahoyongmah kitu, da kumaha ieu program teh proposalna tos janten, kantun 10% persiapanana kana prung teh. Kanggo Baraya urang anu di Garut, Kanggo teh Neny, Kang Yana, kumaha urang kokojoan atuh ngadamel acara di New York, Kanggo ngumpulkeun dana bencana di Garut, da seueur gening sesepuh seni didieu teh, malihmah abdi nembe ngontak Kang Burhan Suling bade nambut sulingna sareng rekaman instrumen Kacapi. asa kaemutan, Kang Endang..Klasik, tuh muhun seueur gening, kumaha tah Teteh Nenny siap kanggo ngokojoanana..?, abdi siap dina Kacapi sulingnamah, Kang Yana tangtos siap dina Ibing pencak Cimande, Pun Bojo Siap dina Tari Klasik,Bajidor, sareng Jaipongan, malihan mah sasih2 kapungkur aya festifal budaya sajagat Raya,di Talahase pun Bojo di angkir ku Konjen KBRI Houston -Texas janten wakil Bangsa dina seni tradisi Sunda ;Ibing Bajidor kembang Boled, tari topeng Klasik, sareng Merak teu hilap ari Jaiponganmah. Teh Neny gening tos miheulaan, duh hebat tetehmah... reueuslah. Sareng si kuring oge kusus kanggo dana ka Garutmah, sakumaha anu tos di saurkeun ka Ki Kuncen, nuju ngagerean urang baraya sunda, anu aya di sakuliah dunya, mudah2an luntur kolbuna,kageuing rasana kanggo sakedik-kedikeun tiasa ngempelkeun artos. Baktos Asep Oeking In [email protected], oman abdurrahman wrote: > Kang Asep, > > Atuh sakantenan bae pakaulan teh kanggo ngempelkeun bantosan pikeun dulur urang di pakidulan Jabar anu dina minggu-minggu katompernakeun ieu katarajang musibah lini. Mangga kanggo teknisna badanten bae sareng teh Nenny -Houston. Ieu panggero teh nyoko kana posting ngeunaan warta bencana alam...dst kamari ka kisunda. > > Sakantenan, bilih peryogi rumpaka sekar ageung anyar, aya di Kang Hasan (mh), lebetna tina Nurhidayahan, tarjamahan Al-Qur'an basa Sunda dina wangun pupuh sekar ageung, anggitan Abah Surya (R.H. Hidayat Suryalaga). Di Indonesia mah, khususna di Bandung, tos ngabaju eta rumpaka teh dina acara panutup siaran RRI, dihaleuangkeun meh unggal wengi. Mangga, geura gero bae Kang Hasan, kamari tilu seri buku Nurhidayahan koleksi kami hadiah ti Abah Surya parantos dititipkeun ka Kang Hasan waktos tepang di Bandung. Kawuwuh anjeunna seueur waktos luang, pamugi tiasa dicicil diseratkeun kanggo bahan posting di milist, ngeuyeuban eusi milist widang seni budaya, khususna rumpaka tembang Sunda /Cianjuran. > > Mangga, wilujeng manggung. > > Baktos, > manAR > > > --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
