Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur leutik ku tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh bae keur meujeuhna kembang pakarangan ceuk babasan mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da pacilingan teh sasatna di jero imah, lebah manah bae asal aya conggang (di Garut mah "rongrang" tea lain, istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, nya didinya hajat leutik teh dilepaskeunana. Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong. Da nyakitu, di tempat anu loba balongan mah, balong teh mindeng papipir jeung imah. Tah, lebah ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan leutak anu geus lila nyaeuran balong. Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu lepas oge ti kolong. Kolong imah, nyimpen sagala rupa panineungan jeung sajarah anu nyicingan eta imah. Ieu teh, pakait jeung judul jejer, asa ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka hareup, babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan" teh meujeuhna ditambahan nu "noong ka kolong". baktosna, manAR
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: barudak sunda kiwari mah jigana, utamana nun digedekeun di kota, boa apal boal heunteu kana naon anu disebut kolong. pikeun urang sunda entragan 70-an katukang mah tangtu arapal, sabab loba panineungan jeung nu disebut kolong teh. paling heunteu, pernah make kolong dina kaayaan walurat, upama tengah peuting geus teu katahan hayang kiih. nya sok diponcorkeun kana rongrang, lolongkrang palupuh, terus mancer ka kolong. loba deui kagunaan kolong teh. salian sok dipake liang pancuran walurat, oge sok dipake kandang ingon-ingon. baheula mah ngukut ingon-ingon jiga hayam, marmot, jeung kelenci teh kandangna sok di kolong. numatak kitu, najan teu aya weker oge, wayah janari kasubuhnakeun urang lembur mah geus ting karuniang hudang, sabab kageuingkeun ku hayam jago kongkorongok di kolong. urusan kolong teh geuning lain tempat, lain wandana. kolong imah urang sunda ukuranana biasanya kurang ti satengah meter. beda deui jeung kolong imah urang banjar misalna, kolong imahna teh leuwih luhur, bisa dipake keur kandang ingon-ingon jiga embe jeung sabangsana. salam, mh ===== dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/ __________________________________ Do you Yahoo!? Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. http://mobile.yahoo.com/maildemo PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
