Nepangkeun Kang Engkus kumaha damang?

Tos  lami pisan abdi palay ngiringan ngawaleran eta "Ti iraha Âagama 
Sunda ayana ??"
Bade ngejentrekeun ti para ahli artropologi sareng arkeolgi, tangtos 
ditoongan tina kaelmuan kacamata urang barat "yen US teh jalma-jalma 
anu geus loba pangarti jeung loba kaharti keur harayatna. Sareng anu 
namina "AGAMA US" tos aya anu  sareng pangkolotna di dunya.  US 
nyebutna "GUSTI" atanapi MAHA TUNGGAL.

Waleran abdi nu masih keneh diajar "hirup dijero beuteung pun ibu", 
janten ieu tulisan masih keneh tetecean nyaeta timimiti punbapa mere 
cai mani ngahiji jeung endog, ngagumpal jadi getih mangrupa jalma. 
Teras ngabentuk euteuk, nadi (nerves), irung, biwir, kuping, mata, 
hate, daging jeung kulit, tulang jeung sumsum , bali jeung ususna anu 
mere kadaharan ka kuring. Saparantos tilu bulan ayana hawa nur / sunda. 
Di dieu pribados diajar ngadangukeun, ngarasakeun, ngapredeksi, 
ngambeuan, ngagerakeun nejehan (gerak silat) dijero beutung indung.
Diajar "hirup" sami diajar "sangsara" da mani po'ek geuningan jeung 
bari hese noongan langit jeung matahari, bulan, mars jeung sajabana 
bintang-bintang.
Encan ngarasakeun kanyataan panasna bumi,tiisna salju,  tiisna angin 
anu nyecep, gerak ombak dilaut, leubeutna tatangkalan, sasatoan nu 
mangrupa maung jajadian.
Encan ngarasakeun diajar teori-teori dipasantren ITB, jeung teori 
Eisten (gravitasi) cahaya, udara, gravitasi liang bodas jeung liang 
hideung nu jadi tanaga ti sagala nataga sa jagad raya. Anu bisa nyedot 
jeung ngaleungitkeun / ngahancurkeun gumpalan bumi jeung sa eusina; 
kitu oge matahari, bulan, mars jeung bintang-bintang.
Geuning mani leres sa estuna pitutur Prabu Siliwangi urang ngaleungit 
bari teu kudu ninggalkeun jasad jadi taneuh.
Da urang teh erek niron sifat "Gusti" nyaeta "liang hideung" jeung 
"liang bodas" anu dijentenkeun pusat tanaga dalam nu ditiron kubarudak 
anu sok menca.

Da abdi teh masih po'ek keneh Kang Engkus anu kedah dipasian Nur  , 
namina oge masih diajar nyerat sareng pihampuraan bilih aya kalepatan 
upami aya cariosan anu teu nyugemakeun , oge hapunten kasadaya aki , 
abah sareng  luluhur US. Pasihan abdi  goib sunda supados rada kahartos 
keur ngajarkeun
urang Amerika, sugan wae maranehna jadi urang sunda anu balalageur.

Ti iraha Âagama Sunda ayana ??
Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu nyugemakeun, da teu 
acan kapendak, namung upami ngabandungan para ahli sejarah jeung 
antropologi, seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara (Sunda) 
teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus ka Nusantara, malah aya 
sabagean nu nyebutkeu yen rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus 
aya, tapi hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti, kahontal 
ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda kaabus bagja dikersakeun ku 
Gusti gumelar di lemah-cai
Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh jinawi nu ceuk M.A.W 
Brouwer mah diibaratkeun tanah parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti 
nuju imut ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan ayeuna 
anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan
jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu buahna, daunna, 
tangkalna, jeung akarna bisa dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan 
jeung papakean nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna. Tah 
kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek ngadaharna, tangtu 
teu susah pikeun neangan pangan, papan jeung sandang teh. Oge tangtu 
yen ti jaman
karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam , 12 jam beurang 
jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku Gusti ge karuhun urang geus dibere 
parabot jeung
pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas kamanusaan di 
dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku lamun beurang peuting teh ngan 
ukur dipake sare, da teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare 
tinggal dug. Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran loba waktu nu 
luang da keur kabutuhan sapopoe harita mah mah teu hese, sedengkeun 
alam nu sakitu kayana, atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang 
ngagunakeun waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina, nalungtik 
dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun nganyahokeun ka Gustina, 
mangga bandingkeun upama
digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah kadaharan, atuh 
tangtu bae waktuna loba kasita keur neangan pangabutuh diri nu tinangtu 
waktu pikeun nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta 
hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun
mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya, matak teu heran 
lamun ti baheula luluhur urang geus ngahasilkeun jeung budaya 
perhitungan, sitim pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal 
alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut spirtual agama. 
Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk 
dalang), nu antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung agamana 
ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun ge marawa oleh-oleh 
budaya jeung agama hasil panalungtikan luluhur Sunda pikeun 
disumebarkeun di lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya 
maranehna.

Upami noongan seratan Kang Engkus mani jentre pisan sareng loba anu 
kaharti jeung pikartieun US. Ceuk bahasa sakolaan mah mani "ilmiah'.
Jiganamah US teh tos ngenal RASIO ti baheula keneh tibatan ngandelkeun 
rasa (hate/qalbu). Ngan naha nyatana ayeuna teu aya rasa "NGAHIJI US" 
anu geus dirasiokeun (akal).
Hiji conto-conto tina elmu :  budaya perhitungan, sistim pananggalan, 
budaya aksara/tulisan, pangarti soal alam, soal perhubungan jeung 
tangtu soal nu nyangkut spirtual agama. Ieu sadaya elmu sunda anu 
disebat tiasa NGABEUNGKUT keur mimpin kahareup US.

Ti iraha Âagama Sunda ayana ?? ku abdi badi ditambihan nyatut di 
karangan buku abadi anu tos diterbitkeun di USA ngan punten wae ka 
dulur-dulur nganggo bahasa ingris.
Eta buku ngadadarkeun perihal "penca" anu aya pakait jeung US nu di 
sebat spiritual agama oge budayana. Geuning US ayeunamah tos melek elmu 
anu seueur rasiona, sagala rupa elmu kedah kaharti jeung kedah 
dijentrekeun keur barudak nu ngarora anu erek neruskeun lululhur budaya 
sunda anu kacida kolotna ete umur ti 7000 - 60.0000 taun masehi.

Ieu judul buku "The Secret of Silat.....Indonesian Martial Arts". 
www.silabooks.com
Mangga wae diaos ku baraya sakantenan urang sami-sami diajar 
ngadugikeun kanu nyerepkeun budaya penca hususna, budaya sunda umumna, 
mangga nyanggakeun mugi-mugi aya mamfaat keur aranjeuna nu palay terang 
"penca'.
DA ABDI MAH RUMAOS MASIH KENEH DIAJAR  ANYEUNA OGE MASIH KEUR DIJERO 
BEUTEUNG PUN IBU.

Introduction

Pure Spiritual (Kerohanian Asli) of Silat or Pencak Silat from
7000 Years Ago Based on the Pure Cultures of Sundae Land

The Sea Level

The data of the pure spiritual Silat or Pencak Silat is nonscientific 
being tested by the hypothesis of using deviance from as many 
disciplines as possible. The Polynesians of the Sundae Land did not 
start their first migration, after the sea level had reached the level 
it is today. Sundae Land was a continent. When the big flood covered 
this continent and the plate got erosion from water (cai) it developed 
into an archipelago now known under the name of Indonesia, this process 
took thousands and thousands of years.
The orang asli / orang pribumi (owners of the land) and the continent 
disappeared, cultures of orang pribumi the original people or residents 
of the Sundae Land including their advancement and wisdom of Silat or 
Pencak Silat were lost under water (cai.)
The lost orang pribumi (original people) fertilized great cultures. 
Meaning that the culture of Indonesia was at one time, the center of 
the world. The society on Sundae Land was a great civilization. The 
pure spiritual culture of different tribes is still in existence today. 
Practitioners of Silat are using the same terms of the Sundae Land for 
spiritual Silat or Pencak Silat to obtain inner power (tenaga dalam.)
Based on the continent of the Sundae Land, which divided into 4 
directions (juru), are Irian Jaya, Kalimantan, Sumatra and Java. These 
big islands represent the magic (gaib) of Silat or Pencak Silat. Four 
juru is the term for direction and langkah the word for steps the 
general action of Silat or Pencak Silat. The spiritual center is kiblat 
in Pencak Silat.
If you understand that the concept of the pure langkah a spiritual 
movement in Pencak Silat, you will integrate the words of arus (flow) 
and langkah as words for inner power, which represents the center and 
guides people in learning Silat. Four juru translates to Arus and thus 
becomes the channel of the center of inner power in the South East 
Asian martial arts. Four juru is based on the spirit in South East Asia.
The four colors (warna) represent the four directions such as the north 
(utara), south (selatan), east (timur) and the west (barat.) When four 
juru spreads out it evolves into 8 colors and 8 directions becoming 
light (cahaya), afterwards from the cahaya creates life (urip) then 
breath (hawa / napas), from urip it develops into gerak (movements or 
energy), from energy it progresses into the shield (Perisai.) Finally 
finding out who created the urip because of hawa / napas, the answer is 
the creator or God (Gusti.) On Java Island words mean manuggal (only 
one God.) The Silat PD system being close to God itâs action words are 
spoken and thought in bahasa, the specific Java language manunggalangi 
lan kawula Gusti is most traditional. Most people on Sundae Land 
practiced Silat or martial arts using pure spiritual words. They 
performed rituals using music and included movements or dance styles of 
Pencak Silat or Silat.
Archeologists believe that South East Asia is the cultural center, 
which was destroyed by an unlucky flood in the last Ice Age. The 
descendants are the Polynesians and the Indonesians who lived on Sundae 
Land or on the submerged continents of South East Asia.
A large continental platform â the so called Sunda shelf â approached 
the size of North America. Genetics can be used to support a model of 
ancient human movements. All of these three disciplines 1. linguistic, 
2. anthropology, 3. genetic, support the hypothesis of early post â 
glacial immigrations out of South East Asia to the North, West, South 
and East. The new results of the genetics in particular confirm that 
Austronesians had their home in South East Asia back in the Ice Age and 
then spread early to the Pacific and South India. The immigration came 
out of two ethnolinguistic centers of old Sunda Land â the Austronesian 
homeland in Eastern Indonesia around Sabah, Sulawesi, Maluku and the 
Austro â Asiatic homeland which may have spread down the old East Coast 
of Vietnam and into the South China Sea. (Stephen Oppenheimer 1998: 1 - 
222)

I will try to explain this further along in this book, and answer the 
questions about South East Asian martial arts, the tree of life (pohon 
hidup) and the spirit of martial arts. First how Silat is close to God 
(Gusti), second how to breathe (napas) and about the flood (gerak / 
arus.)
The concept of the pure spirit forms the basis in building the 
foundation in the Sundae Land martial arts. The tree of life (pohon 
hidup) grows into many concepts, which depend on the perception from 
the different regions in Sundae Land.



The Beginning of Eastern Polynesia
The beginning starts with the creation of light (cahaya) by the Gods. 
People from these islands use specific terms for the creation of the 
sky (io.)
Natives pass on stories about a sky couple, which are represented by 
two children (po) night, and (ao) day. Po and ao gave birth to another 
two children ragima (the bright sky), and rangiuri (the night sky.)
Mamao symbolizes the space in female form rangiuni is the male sky or 
the father of the sky. Papatuanuku is the mother of the earth, te po 
the night, and te kore the empty void.
The light - giving qualities of the tree (huppe piyer) are taken by the 
lingo and his brother, and then it is transferred to the sun and moon 
through blood (darah) of a sacrifice. Heaven and earth translates into 
rangi and papa, and the wind translates into tawhiri matea.
The light shines over the earth (papa) and all creators (io) in the 
Polynesian myths. There is also a cosmic egg involved. Light originates 
either from the egg or the lotus. These stories relate to the power of 
Silat or Pencak Silat and give you an idea about symbols and signs. God 
created the bright â light (ragima) and the night - sky (rangiuri.) 
Light has been processed and it evolves into the power or energy of the 
universe (jagad raya.) This pure light was created by God who brought 
it back to the earth (papa.)
The light shines on the earth just between nighttime and daytime, at 
dawn, this light is pure (asli) like clear dew (embun.) The power of 
life (urip) when the sun (matahari) passes through the darkness (gelap) 
of the underworld at night, is the seed of life, the power of the 
creator and of the universe. This light is the ragima of the cosmos.

Pun Yan  NYC nuju ngumbara keur di ajar "hirup"
On Wednesday, February 23, 2005, at 02:05  PM, engkus ruswana wrote:

>
> Sampurasun kasadayana para wargi kisunda, hususna ka
> kang Ganjar nu tos ngahiap sim kuring ngunaan
> padungdengan Agama Sunda, neda sihapunten nembe tiasa
> nedunan panghiap ti salira, kumargi sim kuring dina
> raraga kumawula ka diri nu salawasna nganteur kana
> kahayang kuring teh, sok ider-ideran ka luar daerah nu
> antukna jarang tiasa mukaan millist kisunda, nya
> sakalina kebo mulih pakandangan teh, dimana muka nya
> saabreg bahan bacaeun sim kuring hasil kamotekaran
> kidulur sadaya, sadayana oge sok dibaca da matak narik
> hate pikeun ngabandunganana, nya dimana rada nyalse
> nembe tiasa mairan. Dina mairan sim kuring biasana sok
> rada panjang da hoyong sabeuleugeudeurna ulah dugi ka
> gantung huap, janten peryogi oge waktos nu rada
> nyalse.
> Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang
> kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak teh,
> waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina,
> tapi rupina anjeunna teu mampu ngagali eusina eta
> ajaran sareng memang biasana sateuacan nalungtik teh
> biasana tos nyusun heula Âhipotesa numutkeun
> pamadegan anjeunna, nu tangtos dina nalungtikna eta
> perkara tos nganggo koridor pikeun diarahkeun kana
> ngabuktikeun sareng nguatkeun eta hipotesa tea (da
> kitu teori ilmiah nu dianggo), nya tangtos bae hasilna
> tiasa benten sareng nu saestuna. Da  numutkeun sim
> kuring mah upami hoyong nalungtik nu objektif
> (sanyatana), nya kedah diibaratkeun nyandak kertas
> kosong pikeun dieusi ku naon bae nu kapendak, nembe
> ditarik hipotesa teras hasilna dikonfirmasikeun deui
> (naon atuh basa sundana hipotesa jeung konfirmasi
> nya??). Kitu oge saatos disusun drfat/rancangan
> tulisanna. Tapi ari ieu nu ku sim kuring kabandungan
> mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak sababaraha
> tulisan/buku teras  pleng les terang-terang nonghol di
> Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu nyangkut
> spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh
> mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna saukur
> kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.
> Naha aya kitu Agama Sunda?? mun aya nu kumaha ?? Kitu
> nu dipadungdengkeun. Di dieu sim kuring bade
> nandeskeun yen ari kecap agama teh estuning pituin
> kecap nu urang tina basa Kawi (Asli Sunda-Jawa), da di
> nagara deungeun mah teu dikenal kecap agama, cenah aya
> nu nganggap asal ti India/Sanskrit, ku kuring kungsi
> ditaroskeun ka utusan agamawan urang India, waktos
> kaleresan sim kuring ngaluuhan ondangan Saresehan
> International terbatas ngeunaan ÂReligion minority and
> belief di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan ti
> India, Pakistan, Srilangka, Nepal, Malaysia,
> Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari
> religion ceuk basa Sanskrit mah disebutnaÂDharma ,
> jadi Hindu Dharma teh hartina Agama Hindu. Kitu oge
> waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj (ahli
> Fiqih ti  NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng
> jeung Nurcholis Madjid dina raraga dialog terbatas di
> CSIS, oge netelakeun yen di Islam dikenal
> kecap/istilah Nilah  Milah  jeung Din nu hartina dina
> basa Indonesia mah diterjemahkeun ngan sakecap bae
> jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah jeung din
> teh aya bedana. Oge aranjeunna percaya yen tiasa bae
> di Sunda/Jawa jeung suku nu lianna kungsi turun nabi,
> da cenah Gusti teh nurunkeun sakitu rebu nabi nu lamun
> diitung jumlah nu  turun di timur tengah masih keneh
> aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di Nusantara.
>
> Tah ku katerangan eta beuki yakin sim kuring yen eta
> kecap agama teh asli basa nu urang, ku sabagian urang
> sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu
> tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere ngaran
> boh barang, boh laku atawa sipat atawa naon bae pikeun
> nuduhkeun eta ngaran/kecap. Janten pami kitu teu kaci
> lamun urang ngahartikeun eta kecap make basa deungeun,
> jadi jauh teuing lamun dihartikeunana jadi tidak kacau
> (a=tidak; gama = kacau) duka tina basa nanahaon
> dicokot eta harti da dina basa Inggris mah teu aya
> kecap ÂgamaÂ, lamun nyokot tina basa Yunani, naha aya
> kitu kecap ÂAgamaÂ. Aya oge kecap Âgamma nu sok
> dipake simbul dina matematik atawa ngaran sinar, tapi
> nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu lamun aya nu
> tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding
> ngiluan jeung ngaenyakeun, bari jeung duka teuing enya
> henteuna mah nyahona, lamun seug tea mah diudag. Ceuk
> pamanggih sim kuring kecap Âagama tina ÂHagama asal
> tina kecap h(a) = hana = aya atawa nu Aya (Gusti),
> jeung gama = patokan, (conto lain dina jaman kaemasan
> Majapait disebut ÂNagara Kartagama nu hartina nagara
> nu geus make patokan nu beres pikeun karaharjaan
> rakyatna). Jadi hartina agama teh patokan ti nu Maha
> Kawasa (Gusti), apan hirup jeung kahuripan urang estu
> patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar tina
> patokanNa/kersaNa/kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun
> urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha Kawasa jadi
> manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus
> rumasa dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah ingkar
> tina kasundaan, lamun rumasa dikersakeun cukang
> lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung luluhur
> Sunda atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu
> geuning teu saeutik nu ngaugung-ugung luluhur batur nu
> teu hir walahir, ari luluhur sorangan kaluli-luli
> dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur urang
> Sunda. Kitu deui lamun rumasa dikersakeun ngabogaan
> lemah-cai Sunda anu sakitu nyatana saripatina geus
> ngawujud jadi wujud/salira ngalangkungan cai nu
> kaleueut, kadaharan nu katuang, napas nu kaseuseup,
> hawa panas jeung panonpoe nu kaserep, asa butek teu
> ngarti kuring mah lamun aya jalmi nu leuwih ngamumule
> lemah-cai batur tinimbang lemahcaina sorangan,
> nganggap suci ka lemah cai batur ari lemah cai
> sorangan teu dianggap suci, nepi ka teu lebar dijual
> murah pikeun ngamumule lemah-cai batur (naha bisa kitu
> urang nyieun lemah cai, apan sagala nu diciptakeun ku
> Nu Maha Suci tangtos Suci ayana), padahal sakuduna mah
> diurus hade-hade, dipupusti saestuna jeung dipiara
> sanyatana, da kawajiban manusa nurutkeun kersaNa
> pikeun ngurus dunya sabanda-sariksa-sapariboga sangkan
> awak cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener, pamilihna
> pinter jeung boga budi-daya nu jujur nu tangtos mawa
> genah-merenah jeung tumaninah nya salamet diri sakujur
>  (namung punteeenn.... pisaaann .... ieu mah pamadegan
> sim kuring bae).
> Tah patokan Gusti eta nu ku luluhur Sunda geus prak
> dipigawe kalayan sanyatana bakat ku nyaah ka
> anak-turunanna, diterapkeun dina raraga kumawula ka
> dirina, ka luluhur jeung ka turunannna, ka papada
> kawula, ka alam-lingkunganna, oge tangtu ka Gustina.
> Tah harita mah teu acan aya ngaranna ngan disebut bae
> Agama (da ayana istilah agama Sunda atawa Agama Sunda
> Wiwitan, Agama Jawa jeung sajabana eta mah
> kadieunakeun sanggeus agama nu datang marake merek),
> tapi sanggeus datangna kayakinan/kapercayaan luar ti
> bangsa deungeun nu ngajarkeun soal kumawula ka sasama
> mahluk, ka alam jeung ka Gusti numutkeun adat jeung
> budaya bangsana nu asalna ti kapercayaan Hindu disebut
> bae agama Hindu, nu datang ti  kapercayaan Budha
> disebut bae agama Budha, nu datang ti Islam disebut
> Agama Islam, nu datang ti Kristen disebut bae agama
> Kristen jeung sajabana, ari agama nu aslina teu
> meunang disebut agama, nya disarebut bae kapercayaan,
> padahal kecap Aliran Kapercayaan atawa Kepercayaan
> terhadap Tuhan YME mah nya ti taun 1973 sanggeus abus
> dina GBHN, samemehna disarebut Aliran Kebatinan atawa
> Aliran Kerohanian atawa Aliran Kejiwaan, padahal kecap
> Âbatin jeung Ârohani eta kecap tina basa Arab,
> sedeng nu diagem ajaran asli, geuning nyata patukeur
> baju teh, nu ti jero make ngaran deungeun nu ti luar
> make ngaran pribumi (jati kasilih ku junti). Didieu
> sim kuring bade ngabandingkeun sareng pangalaman urang
> nu anyar keneh, ti keur leutik malah nepi kaayeuna ari
> nyebut pasta gigi teh sok nyebot odol, kajeun merek
> naon bae aya odol merk pepsoden, aya odol merk
> Ritaden, merk close-up jsb, teu apal yen odol teh hiji
> merk pasta gigi nu pangheulana sumebar di urang,
> sanggeus merk odol teu kaluar deui,  ngaran odol teh
> jadi ngaran Âgenerik pikeun pasta gigi. Kitu oge
> sababaraha taun katukang ari nyebut tustel, kajeun
> merk naon bae sok disarebut ÂkodakÂ, padahal kodak teh
> ngaran merk tustel nu baheula ngamasarakat (populer),
> tapi sanggeus  merk kodak jebul deui, laun-laun jarang
> nyebut kodak nya tustel bae, conto lain cai mineral
> lamun urang nitah meuli cai mineral teh sok nyebut
> pangmeulikeun aqua, sok sanajan nu jebulna merk Vit,
> nya jarang diprotes da nu dimaksudkeunana cai mineral.
> Luluhur urang teu kacaritakeun nolak sumawonna nyerang
> ka eta bangsa jeung agama nu datang ti deungeun, sabab
> luluhur urang geus make patokan Gusti tea, yen mandang
> ka diri batur sacara kadirina pribadi moal nandasa ka
> batur da urang ge embung ditandasa, moal nyerang ka
> batur dan urang oge embung diserang, dina laku hirup
> jeung kahuripan teu garah geureuh ka batur sabab boga
> pamadegan yen saha nu melak bakal metik hasilna. Nya
> akibatna agama-agama deungeun jadi ngembang kalayan
> subur sabab teu diganggu, tapi nu tetep mikukuh jeung
> mituhu kana agama heubeul ti baheula tepi ka kiwari
> tetep hirup teu leungit sok sanajan ngurangan jeung
> jadi kalindih. Nu jadi hanjakal pikeun sabagian bangsa
> urang, oge sabagian urang Sunda kmiwari, nyaeta naha
> geuning nu ngagem agama asli bet ditandasa,
> lolongkrang hirup jeung kahirupanana dipager jeung
> disesered, malahan aya nu ngahaja sangkan leungit,
> contona kawin nu teu dumasar kana agama deungeun hayoh
> dianggap kumpul kebo teu disahkeun jadi teu meunang
> bukti kawin ti nagara, nu antukna boga anak dianggap
> anak haram jadi teu boga akte lengkep (najan meunang
> ngan disebut anak indung teu disebut ngaran
> bapana/haram??), dina digawe jadina teu meunang
> tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti
> pamarentah, dina digawe di pamarentahan lian ti hese
> abusna, dina abusna tong ngaharepkeun dipromosikeun
> najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi
> tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk
> salah sahiji agama ti luar  (nu-5), di lingkungan
> masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa
>  pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal
> boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna
> cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina
> prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean
> urang Sunda sok disarebut ÂJati kasilih ku Junti tehÂ.
>
> Saenyana beurat tangtangan ngagem agama luluhur
> sorangan teh, jadi teu aneh lamun loba nu kapaksa
> pikeun identitas dirina jadi nyepeng agama nu di
> kudukeun ku pamarentah/ masyarakat, cenah da bongan
> dipaksa keun bae itung-itung  Ânyumput buni dinu
> caang supaya teu dikucilkeun. Ana kitu boh
> pamarentah, boh masyarakat umum geus ngadorong
> sabagian rahayatna pikeun teu jujur/ngabohong, padahal
> apan ngabohong teh geus ingkar tina ajaran agama naon
> bae oge. Buktina waktu ngeusian formulir KTP teu ngaku
> ngagem salah sahiji agama nu-5, eeh jebulna jadi KTP
> duka ku Camat atawa Lurah/Kapala Desa sok rajin
> dieusian jadi ngagem salah sahiji agama, ari diprotes
> alesanana cenah kitu aturanna jeung euweuh dina
> komputerna, jadi mun teu dieusi komputerna macet,
> euuh..... kutan nya manusa eleh ku komputer. Matak
> pantes lamun akibatna bangsa urang disebut bangsa
> munafik teh da geuning kanyataana kabohongan teh
> dirarojong, jeung sok sanajan bangsa Indonesia teh
> mayoritas ngagem agama suci, geuning kanyataanna
> tingkat korupsi kaabus pangrongkahna di dunya,
> kriminalitas lianna oge kaabus rongkah (geuning unggal
> poe urang ngabandungan jeung nyakseni dina TV sagala
> bentuk kaingkaran jeung angkaramurka), dina kahirupan
> sapopoe geuning nu geus jelas nyolok mata buncelik yen
> nilik kana ukuran gajih teh teu mungkin upamana loba
> pejabat nu boga kakayaan nu lubak-libuk, tapi geuning
> ku masyarakat mah tetep dipikaserab jeung diajenen
> pisan, nyata geuning laku-lampah nu nyimpang teh
> dirarojong ku masyarakat, jadi dina hal ieu masyarakat
> ge boga salah pikeun ngadorong perilaku nyimpang teh,
> matak pantes mun alam geus ngambek jeung  nyimpang
> tina welas asihna, da jalma nu ngeusian ieu alamn geus
> loba nu ingkar tina kamanusaan jeung leungit
> kawelas-kaasihna boh ka sasamana boh ka alamna, pan
> ceuk ajaran kisunda mah antara alam jeung nu ngalaman
> teh ngabogaan sifat silih gumantung, da buktina nu
> ngawujud jadi waruga nu ngabogaan daya teh asalna tina
> sapipatina alam (acining cai-bumi-angin/udara-seuneu
> jeung sari rasa alam). Mangga urang sami-sami
> ngalenyepan....
> Perkawis patarosan ti Kang Ganjar eta biasa sok
> ditararoskeun dan ngukurna tina acuan agama deungeun
> tea khususna ti agama Samawi, jadi mun teu sarua jeung
> patokan eta dianggapna lain agama nu antukna agama
> seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana
> konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri
> neangan saha nu dijadikeun nabi jeung nerangkeun
> sorga/naraka, Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat
> ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun kitab suci.
> Tah biasa patarosan teh soal saha nabina ?, naon kitab
> sucina ?, kumaha sholatna ?, kamana kiblatna ?, naha
> aya syahadatna ?, kumaha puasana ?,  naha percaya
> ayana sorga jeung naraka ? kumaha sual konsep dosa ?
> jeung sajabana. Mangga ku si kuring dipedar, tapi ieu
> mah mung saukur paupamaan da teu sadayana konsep eta
> aya wujudna, mung tiasa bae diterangkeun.
>
> Soal Saha Nabina?
> Didieu aya sababaraha katerangan, nyaeta kieu : upama
> nu dimaksudkeun nabi teh nu ngadugikeun ajaran, nu
> nungtun pikeun milih antara nu hak jeung nu teu hak
> nyaeta biwir jeung ucapna nu asal ti Nu Maha Ucap, da
> eta biwir jeung daya ucapna teh estu kersaning Nu Maha
> Kawasa da kabeh jalma teh teu aya nu meuli eta biwir
> sumawonna ucapna estu utusan ti Gusti pikeun
> ngucapkeun jeung nyoarakeun nu bener nu bersih nu
> didumasaran ku welas asih da Gusti mah gaduh sifat
> Maha Welas tur Maha Asih, nu ngandung harti sakabeh
> jalma kudu jadi nabi da memang tugas manusa di dunya
> pikeun ngatur dunya nu didasaran ku welas asih. Upama
> nu dimaksud nabi teh juru salamet, nyaeta Indung Bapa,
> da urang moal bisa mungkir yen salametna urang tug
> dugi ka gede jeung boga ajen teh estu gegedena jasa
> indung bapa urang, urang sarerea pasti tiasa
> ngarumasakeun sakumaha gedena jasa indung-bapa urang,
> coba lamun harita keur orok beureum ku indung/bapa
> urang dipalidkeun atawa ditandasa saperti jaman ayeuna
> nu sok kabejakeun dina TV, tangtu urang moal hirup
> tepi kaayeuna. Jadi jelas indung-bapa urang nu jadi
> juru salamet, atuh tangtu ku lantaran indung bapa
> urang oge disalametkeun ku nini-aki, nya nini aki ge
> sebagai juru salamet dan moal aya urang lamun
> indung-bapa urang teu salamet, nya saterusna nerekel
> atuh cindekna mah ti indung-bapak tepi ka luluhur
> urang eta nu jadi juru salamet urang, atuh pantes mun
> urang boga rumasa miajen jeung ngamumule luluhur
> sorangan ulah dilalaworakeun. Cobi geura lenyepan sing
> lantip, naha urang geus pernah husuk sidakep situhu
> tunggal madep neneda ka Nu Kawasa sangkan sagala
> puji-puja, rahmat, sapaat, maunat jeung mujizat supaya
> ditamplokkeun ka indung-bapa jeung luluhur urang,
> umumna mah geuning sok ditamplokkeun keur luluhur
> batur, ari kolot jeung luluhur sorangan teu kabagean
> da sok dianggap bae loba dosa, menta teh sangkan
> diampunan dosana, padahal Gusti mah Maha Uninga jeung
> geus netepkeun hukumna dimana melak eta nu metik
> hasilna malahan sok kaala oge ku anak turunanana, boh
> alusna boh gorengna.
>
> Naon kitab sucina ?
> Upama nu dimaksud yen kitab suci teh tulisan ti Nu
> Maha Kawasa nu jadi Sumber Elmu pikeun bekel salamet
> manusa hirup di dunya, atuh tangtu bae eta tulisan Nu
> Maha Kawasa mah moal tiasa dipapandekeun jeung moal
> bisa diturutan ku manusa, kajeun ngan  ukur sahurup,
> manusa ukur bisa  maca, ngaji, terus ka ngaos,  eta ge
> mun daek jeung katepi, tapi ari nepi ka tamat ngelmu
> ti kitab suci Gusti mah asa pamohalan, jeung tinimbang
> tamat ngelmu mah kalah ka kaburu tamat ngalalakon di
> dunya, jadi lamun tea mah aya nu umaku geus tamat
> ngelmu tina Kitab Suci (Elmu) Gusti, bet asa ku
> kaleuleuwihi, komo bari jeung umaku geus sakitu kali
> namatkeun elmu gusti mah, sabab mun geus bisa
> namatkeun elmu Gusti hartina geus sarua tingkatan
> jeung Gustina, tah ari nu kitu bisa henteu disebut
> ujub-ria-takabur (teu langkung parawargi, sumangga).
> Jadi naon atuh kitab sucina. Tah nu dimaksad kitab
> suci damelan pangeran tempat atanapi sumber elmu
> kasalametan teh, ceuk luluhur Sunda mah nyaeta alam
> semesta jeung pangeusina, didinya sumber elmu teh pek
> geura baraca (maca), terus diaji (ngaji) mun geus
> kaaji tangtu bisa kaaos (ngaos) kaluhunganana. Cobi
> bae aya sabaraha surat jeung ayat eta di alam, oge
> kaasup diri sakujur urang nu mungkin salah sahiji
> surat elmu Gusti, eta aya sabaraha rebu ayat dina diri
> urang sakujur, tong boro namatkeun elmu nu aya di
> alam, maca -ngaji Âjeung ngaos elmu nu aya dina diri
> nu sapopoe dibabawa, asa pamohalan urang bisa
> namatkeun tepi ka urang pulih ka jati mulang ka asal,
> da buktina elmu kadokteran nu geus sabaraha generasi
> manusa ngotektak ngaguar elmu dina diri, geuning can
> taramat keneh bae.
> Upama urang maca jeung ngaji kana tangkal cau contona
> nu jadi salah sahiji ayat Gusti, urang bisa maca
> sabagian tina diri tangkal cau, geuning tangkal cau
> mah geus rumasa jeung tumarima dikudratkeun jadi cau,
> nya tangkalna tangkal cau, daunna daun cau, jantungna
> jangtung cau, buahna buah cau, akarna akar cau, tug
> dugi ka rasana (batina) oge rasa(batin) cau teu
> nyimpang tina papagon hirupna, teu ingkar tina
> kudratna kersaning Nu Maha Kawasa, malahan urang oge
> bisa ngabedakeun bedana rasa jeung tangtungan cau
> ambon, cau muli, cau emas, cau kepok jsb., tara sugan
> patukeur rasa (batin) sok sanajan papada sasama cau
> estu natrat ngukur ka kujur mituhu kana KersaNa Nu
> Kawasa. Dina amal-amalanana oge jelas, manehna geus
> kumawula ka manusa jeung sasatoan, geus ngabuktikeun
> kawelas kaasihna tangkal cau rido dirina paeh sanggeus
> cauna diala (tangkal cau umumna terus paeh lamun geus
> diala buahna), tapi samemeh buahan tangkal cau sok
> tatan-tatan ngabogaan anak heula, sangkan kumawulana
> langgeng. Tuh geuning sakitu luhurna eta babakti cau,
> da jelas tangkal cau ge papada mahluk hirup sanajan
> beda cara hirupna jeung manusa. Tah balik deui ka
> urang sanggeus ngaji eta tangkal cau, naha urang nu
> geus dikudratkeun kersaning Gusti jadi urang Sunda,
> naha geus rumasa rasa Sundana tetep kukuh pengkuh teu
> patukeur rasa (batin) jeung sasama manusa liana nu
> dikudratkeun jadi bangsa nu beda tangtungan jeung
> rasana numutkeun adat jeung budayana, jeung geus
> sakumaha urang migawe kumawula ka papada hirup teh.
> Mangga bandingkeun jeung cau, naha bener urang leuwih
> luhur ajen tinimbang cau .???
> Soal tulisan Gusti nu teu bisa diturutan ku mahluk
> Gusti, didieu jelas naha urang bisa nyieun cau
> kilangbara tangkal cau sautuhna mah (paling oge bisa
> nyieun ukur cacauan nu teu sarua jeung cau nyaan),
> naha urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian
> leutik tina diri, paling oge bisa curuk buatan nu
> pasti beda fungsi jeung sifatna, Jadi jelas didieu yen
> tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah
> moal bisa diturutan ku jelema, jadi jelas Sucina,
> matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu
> leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama
> nu diagemna tinimbang dirina, malah aya nu rela
> ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab.
> ....Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup.
>
> Kumaha sholatna jeung syahadatna ?,
> Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya
> teh nyaeta kecap Sembahyang nu hartina
> Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga kumawula
> teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek
> dikawulaan jeung saha nu kumawulana, anu tangtos kedah
> nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha Gusti
> Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti
> Kuring, matak sok dimimitian heula ku maca jeung ngaji
> diri : Saha jeung timana ari dat nu aya dina diri naon
> bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung
> naon pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura
> saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun manusa asal ti Nu
> Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa
> nu ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung
> rumasa dikersakeun jadi mahluk pangunggulna tinimbang
> mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa nu
> dititipkeun asal ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu
> ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya (ceuk wayang mah
> Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya mulus rahayu
> berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh
> mahluk pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain
> ngan ukur keur manusa tapi oge keur sakabeh mahlukNa,
> tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah
> lamun geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan
> lain meunang nawar urang jadi urang Sunda teh, estu ku
> KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat
> jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya
> di saban bangsa ge tangtu oge kenging rahmat atanapi
> kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun
> urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima
> kana kersaning Gusti, tangtu sah adatna lamun manusa
> sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe ngilu
> ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku
> welas asih, kalayan make cara ciri jeung adat budaya
> Sunda nu ngurus dirina sangkan
> cageur-bageur-bener-pinter-jujur jeung salamet,
> ngamumule lemahcaina, miajen jeung mituhu ka
> luluhurna, kumawula ka gustina make basa jeung budaya
> nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya
> deungeun, tinangtu sah adatna.
> Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang
> Sunda baheula mah, jadi lain muja-muji ka Pangeran da
> bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa Maha
> Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bisa
> gerak ge ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara
> puntu-penta ka Pangeran da Gusti mah Maha Uninga, naon
> bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna Gusti
> mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun
> hukum-hukumNa, jadi sagalana di Gusti mah geus
> nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan. Jadi tinggal
> prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu
> Maha Kawasa dan eta memang Kersana, matak ceuk
> dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun papagon
> hirup sapopoe pikeun Âtapa di mandala  nu hartina
> prak digawe molah alam kalayan ngajaga kasucian alam
> raya  (buana ageung) jeung ngajaga kasucian buana alit
> (diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung
> papagon kamanusaan.
> Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa,
> osok oge ngajalankeun laku Heneng-Hening-Eling-lan
> Waspada, nu intina ngendapkeun rasa, pikir elingan
> jeung  kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti
> Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu Pertiwi (bumi) jeung
> Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka
> para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna
> geus rumasa jeung tumarima tos dipasihan sagala
> kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihna tos
> katarima, nya ngucapna ijab-kabulna mah ku basa batin
> bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku dirina.
>
>
> Kamana Kiblatna?
> Ari kiblat teh ceuk pamaham sim kuring, nya patokan
> arah pikeun kadeuhueskeun ka Gustina jeung
> nganyahokeun salah-benerna. Tah upama eta hartina ceuk
> ajaran luluhur Sunda mah nyaeta tangtungan diri badan
> sakujur, da geuning pikeun nangtukeun mana
> kaler-kidul, wetan-kulon jeung luhur-handap teh
> geuning tangtungan diri, da geuning lamun urang aya di
> kota Bandung nyebut Lembang teh aya di kaler, tapi
> sabalikna lamun urang keur aya di Subang nyebut
> Lembang teh ayana di Kidul, pon kitu deui urang
> ngarasakeun uyah teh asin, gula teh amis, cengek teh
> lada apan eta teh nyata ceuk rasa nu ngancik di letah
> nu aya dina diri, nyahona warna beureum, bodas,
> koneng, jsbna oge ceuk awasna panon nu aya dina diri,
> eta awas teu bisa dibohongan da lamun ceuk batur
> koneng, tapi ceuk awasna panon netelakuen bodas nya
> tangtu bae kayakinan teh bodas moal bisa dibohongan.
> Nu kitu disebut elmu nu hakiki teh lain cenah jeung
> lain beja estu nyata karasa ku sorangan da ari cenah
> jeung cenah keneh mah can karasa kasaksi ku sorangan
> eta hartina can jadi elmu, pon kitu deui dina
> ngarasakeun kawelas-kaasih Gusti, ngarasakeun
> pangawasana nu asal ti Gusti, tangtu ngagunakeun
> tangtungan dirina sewang-sewangan, teu bisa urang
> tuturut munding atawa jiga beo nganyahokeun ka Gustina
> ngaliwatan cenah ceuk batur, na kumaha ngayakinkeunana
> lamun masih cenah, estu kudu karasana disorang ku
> sorangan keur sorangan jeung nyorangan tah eta ceuk
> kolot disebutna elmu kasunyatan teh, matak dina wayang
> mah diri teh disimbulkeun jadi ÂBatara GuruÂ, da
> sagala kanyaho teh apal jeung nyatana teh make diri.
> Jadi ceuk kolot lamun urang hayang deuheus ka Gustina
> atuh geura Ânalungtik diri ngotektak awak, nyungsi
> diri nyuay badan, angelo paesan tunggalÂ. Da urang
> tangtu moal apal ka Gustina mun teu apal ka dirina.
> Ari lolobana mah geuningan seueur nu neangan Gusti
> jauh-jauh bari cul kana ngaraksa jeung ngariksa diri,
> ceuk istilah Mama Mei mah cenah loba nu neangan seuneu
> kundang damar, nyukcruk leuwi neangan cai,
> kukurilingan neangan sangu bari mawa sumbul eusi kejo,
> tinggal prak naha bet ngaprak. ( tapi punnteeen). Tapi
> ceuk bawirasa sim kuring asa teu jauh-jauh teuing
> hakikina mah jeung ki dulur nu nedunan munggah haji,
> punten ieu ge pami kenging macakeun make dadasar
> kacamata elmu Sunda, nya pami teu sapagodos, anggap
> bae katerangan ieu teu aya. Ieu mah nu kasaksi dina TV
> geuning  dina raraga ngadeuheuskeun jeung Gustina teh
> sok ngurilingan wangunan kabah atawa ÂbaithullahÂ
> (punten pami lepat nyeratna), beuki lila beuki
> ngadeukeutan sangkan tujuanna bisa atel/nyabak komo
> deui bisa nyium mah kana eta adegan. Ceuk bacaan elmu
> sunda enya bener eta adegan nu dipusti-pusti teh
> ngalambangkeun adegan diri nu kukuh, da buktina
> bangunanna segi opat  kalayan aya pancerna (papat
> kalima pancer) jeung aya kaen disingraykeun mangrupa
> panto, nu kahartina ku kuring nyimbulkeun adegan diri
> nu asal ti sarining cai-seuneu-angin-bumi jeung nu
> jadi pancer kuringna, jeung eta panto dibuka pikeun
> nganyahokeun Gustina, sedengkeun warna kaen panutup
> hideung ceuk elmu sunda ngalambangkeun kukuh-pengkuh
> atawa tetep teu galideur, atuh tangtu benerna pikeun
> ngadeuheuskeun jeung Gustina geura kurilingan eta diri
> sakujur kalayan sing pengkuh tong galideur dina
> nyungsina.
> Atuh aya deui amalan lianna nyaeta maledogan
> patok/menara  batu nu nangtung cenah pikeun ngusir
> setan, eta kahartina ku kuring geura usir eta setan
> (nafsu-nafsu goreng) nu nyaliara dina dirina
> sewang-sewangan (batu satangtung ceuk Kisunda mah).
> Pon kitu deui dina papakeana keur ritualna geuning
> sagala pakean diuculkeun teu meunang dipake iwal ti
> kaen bodas salambar nu dibeulitkeun pikeun nutupan
> aurat, nu kahartina ku kuring nya tangtu lamun rek
> deudeuheus ka Gusti Nu Maha Suci. Diri urang ge ulah
> mawa rereged dunya estu kudu taranjang (asli)
> dibeulitan kaen bodas nu hartina dibeulitan ku niat nu
> suci. Tah kitu ceuk bacaan make dumasar Kasundaan mah.
>
> Kitu oge lamun ngabandungan prak-prakanna shalat ki
> dulur muslim, geuning dimimitian ku niat rek dedeuheus
> ka Gusti terus bae wudhu beberesih da urangna ge kudu
> suci lamun hayang deuheus jeung jeung Nu Maha Suci nu
> sareatna mah geuning meresihan eta bagian-bagian
> anggota badan nu biasa dipake pikeun ngalakukeun
> kasalahan, nyaeta uteuk jeung elinganna, baham jeung
> ucapna, cepil jeung danguna, soca jeung awasna,
> pangambung jeung angseuna. leungeun jeung obahna,
> sampean jeung langkahna. Tah eta pisan parabot nu sok
> bisa dipake salah nu ngotoran kana diri teh. Atuh
> tangtu bae eta mah simbolna da nyatana mah kudu
> diwujudkeun dina tekad-ucap jeung lampah, jeung memang
> salilana kudu deuheus jeung Gusti teh, nu hartina
> beberesih teh kudu diudak keur salilana saumur hirup
> urang kudu terus beberesih, supaya sifat manjing sifat
> (sifat suci dina diri manjing jeung sifat Maha Sucina
> Gusti). Tah eta simbul-simbul teh ku luluhur urang mah
> teu pati dilulugukeun, tapi estu pok-pek-prak,
> langsung dipigawe sanyatana dina tekad ucap jeung
> lampah sapopoe. Tah kitu para wargi dulur-dulur Ki
> Sunda, hususna ka Kang Ganjar mugi wae tiasa nambihan
> ka wanoh, nya nuhun mun teras bogoh mah, komo mun seug
> dugi ka jatukramina tiasa kebo mulih pakandangan. Naha
> bade ku saha dipupustina elmu karuhun Sunda lamun
> sanes ku seuweu-siwina Ki Sunda, ... mangga
> nyanggakeun...
>
> Ti iraha Âagama Sunda ayana ??
> Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu
> nyugemakeun, da teu acan kapendak, namung upami
> ngabandungan para ahli sejarah jeung antropologi,
> seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara
> (Sunda) teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus
> ka Nusantara, malah aya sabagean nu nyebutkeu yen
> rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus aya, tapi
> hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti,
> kahontal ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda
> kaabus bagja dikersakeun ku Gusti gumelar di lemah-cai
> Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh
> jinawi nu ceuk M.A.W Brouwer mah diibaratkeun tanah
> parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti nuju imut
> ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan
> ayeuna anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan
> jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu
> buahna, daunna, tangkalna, jeung akarna bisa
> dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan jeung papakean
> nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna.
> Tah kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek
> ngadaharna, tangtu teu susah pikeun neangan pangan,
> papan jeung sandang teh. Oge tangtu yen ti jaman
> karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam
> , 12 jam beurang jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku
> Gusti ge karuhun urang geus dibere parabot jeung
> pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas
> kamanusaan di dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku
> lamun beurang peuting teh ngan ukur dipake sare, da
> teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare
> tinggal dug. Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran
> loba waktu nu luang da keur kabutuhan sapopoe harita
> mah mah teu hese, sedengkeun alam nu sakitu kayana,
> atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang ngagunakeun
> waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina,
> nalungtik dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun
> nganyahokeun ka Gustina, mangga bandingkeun upama
> digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah
> kadaharan, atuh tangtu bae waktuna loba kasita keur
> neangan pangabutuh diri nu tinangtu waktu pikeun
> nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta
> hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun
> mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya,
> matak teu heran lamun ti baheula luluhur urang geus
> ngahasilkeun jeung budaya perhitungan, sitim
> pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal
> alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut
> spirtual agama. Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka
> awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk dalang), nu
> antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung
> agamana ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun
> ge marawa oleh-oleh budaya jeung agama hasil
> panalungtikan luluhur Sunda pikeun disumebarkeun di
> lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya
> maranehna. Tah sanggeus bangsa penjajah datang kalayan
> pulitik adu dombana, nya jigana ti mimiti harita
> bangsa urang nu ngagem kaaslian nu mikareueus
> kalemah-caina dikerdilkeun ku panjajahan, nu ngagem
> agama nu bisa nguatkeun kacintaan jeung kanyaah ka
> lemah caina ditandasa, sabalikna mun nyebarkeun ajaran
> nu nguntungkeun penjajah, nu matak ngurangan mikanyaah
> jeung mikaasih ka lemah-caina disokong, antukna oge
> muterbalikeun sajarah nu pajar luluhur bangsa urang
> mah biadab teu berbudaya jeung agamana cenah
> animisme-dinamisme (nya kaharti da eta pulitik
> penjajahan  jadi lamun aya nu nyebutkeun yen luluhur
> urang baheula cenah teu beradab jeung nganut
> animisme-dinamisme, kacindekan kuring eta nu nyebut
> teh antek penjajah bae), atuh sagala bukti kaagungan
> jeung kaluhungan budaya luluhur urang diringkid ka
> nagara manehna, sangkan urang leungiteun tapak jeung
> leungit jati diri bangsana, nu dampakna ayeuna geuning
> karasa urang jadi leuwih ngaugung-ugung bangsa
> deungeun tinimbang bangsa sorangan. Jadi punten sakali
> deui kuring can bisa ngabuktikeun eta kayakinan soal
> kaluhungan elmu karuhun Sunda baheula, tapi apan
> ajaranna mah sabagian masih diparake keneh, nya
> mudah-mudahan sauetik-saeutik eta tutungkusan nu
> disimpen di bojong jalan, nu diteundeun di handeuleum
> sieum ditunda di hanjuang siang nuntut dibarukaan ku
> nu manggihan, kitu oge geus waktuna kaneron teh
> dibukaan, sugan jadi urang Sunda dihariap deui jeung
> urang Sunda ngahampura, Nya Sunda jaya deui.
> Sual nu diagem ku ki dulur di Cigugur, Lebak Cawene,
> Ciparay, Gunung Halimun oge dulur di Kankes, eta
> intina mah sarua, nu beda teh raehanana saluyu jeung
> kondisi jeng situasi perkembangan jeung dongsokan dina
> kahirupan nu kaalaman mangtaun-taun, nu teu weleh
> ngalaman halangan jeung harungan boh nu di kota,
> dikampung sumawonna nu di gunung. Jadi tangtu bae geus
> loba nu laleungit, nya kitu deui dulur nu di Kanekes,
> nu diparake ayeuna memang masih asli, tapi geus teu
> lengkep, loba nu ditinggalkeun lantaran harita aya di
> alam panyumputan diudag-udag ku tentara kasultanan
> banten, nu tinangtu loba adat budaya nu teu bisa
> dikembangkeun.  Oge nincak di jaman alam kamerdekaan,
> jaman DI/TII masyarakat nu ngagem kasundaan dimusuhan
> jeung loba nu ditandasa tepi ka binasa, kitu oge jaman
> rengsena PKI, ku lantaran teu ngaku salah sahiji agama
> nu aya nya loba oge nu ditandasa jeung dibui da
> dianggap PKI, eeh jaman ayeuna oge masih keneh aya
> sikep diskriminasi ti pamarentahan, jeung deui ki
> dulur nu lian mani aranteng bae teu ngabelaan
> sumawonna  narulungan, malahan mah sok loba nu ngilu
> nyalahkeun, iraha atuh pabaralik pikirna ???.
> Tah sakitu bae heula pedaran ti sim kuring pikeun
> nedunan panghiap ti ki dulur kang Ganjar nu sanesna
> mah ke urang sampeur deui kapayun, oge kasanggakeun ka
> kidulur sunda sanesna, hayu atuh urang pada-pada
> mikareueus jeung mikanyaah ka elmu Sunda, kusaha deui
> mun teu ku urang. Hapunten nu kasuhun bilih langkung
> saur, bahe carek teu sapagodos jeung pamendak para
> dulur.
>
> Cag ah, tabe pun sampurasun.
>
> Pun Engkus tea.
>
>
>
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke