Haturan Kang Engkus anu tos tiasa mukakeun gedong rahasiah anu tangtosna 
dipilarian ku papada urang sadaya, sareng mugia Kang Engkus dimulyakeun ku 
Gusti Allloh anu murbeng alam.

sim kuring gaduh kapanasaran perkawis "Batara Patanjala" sareng "Batara 
Niskala" batara anu dua ieu teh naha sami atanapi identik (serupa tapi tak 
sama), punten pang bejer-beaskeun bae supados sim kuring kenging hikmah. 

Ieu seratan Akang anu di copy-paste ku sim kuring:
 "Ari nu disebut Batara Patanjala nu dina tulisan kang Saleh jeung kang Anis 
dumasar kana kropak 632 embar
VI ngandung harti cai walungan, jeung Patanjala dianggap mangrupakeun daya 
hirup. Nya kuring oge pamadegan ngahartikeun daya hirup nu ngalir dina sakujur 
badan wadag, atawa disebut batin/wujud halus,"

Sedengkeun Batara Niskala (niskala = teu katempo = gaib = aya tapi teu aya, teu 
aya tapi aya) nyaeta nu disebut Ingsun (isun) tea, nu lain lalaki-lain awewe, 
lain budak-lain kolot, teu arah-teu enggon, teu boga kolot jeung teu boga anak, 
nu nganyahokeun jeung nyaksi nu murba sakujur diri, nu wujudna karasa, kasaksi 
ku sakuringna-sakuringna.

Wassalam,
dudi_ss (purwokerto)


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke