Kang Rahman, oge Kang Nana, Resep oge maos ieu jejer teh. Manawi bae sing jucung dugi ka tungtung, ah. Sanaes nanaon, kapungkur, jejer ieu kantos janten salah sawios topik di milis sapalih. Nanging, nya kitu: Ngabuntut bangkong.
Satemenna mah, ngabahas jejer ieu teh teu "ujug-ujug teuing". Gaduh dadasarna. Ti awitan udagan nagara, dugi ka kondisi obyektif nu aya (boh harita, boh ayeuna). Ti awitan situasi sosial ekonomi Tatar Sunda (nu asumsina mayoritas wargana urang Sunda), dugi ka samenelna urang Sunda di DPRD Jabar. (Sakali deui, kang: DPRD Jabar. Sanes DPRD DKI. Komo DPRD Timtim mah). Nu janten patanyaan kuring (oge akang panginten): Naha mungkin heunteu ide ka-Sunda-an janten "platform" atanapi "ideologi" partey? Malih, beh dituna mah, kumaha sih satemenna sikep urang Sunda kana politik teh? (Boa-boa, urang mah leuwih resep jadi jalma nu lalajo. Boh ku alatan moralitas urang, nu teu cop jeung praktek politik nu aya. Boh, ku belegug: Teu bisa "main" atawa teu boga karep jadi pamingpin. Tingali, misalna, waktos kamari Juragan Agum ilubiung dina Pemilihan Presiden. Teu nyalonkeun janten Presiden, tapi Wakil Presiden. Kituna teh, bari telat jeung ... tekor!). Perkawis sajarah, sapertos nu disigeung ku Kang Nana, satemenna "sajarah politik Sunda" teu minus-minus teuing. Urang sanes bae kungsi gaduh Adeng-Ajam. Tapi, oge Gerpis (Gerakan Pilihan Sunda). Milih lambang maung lugay, partey Sunda ieu kenging 1 korsi di parlemen harita (konstituante). Situasi ayeuna? Tiasa jadi langkung sesah manan dekade 50-an. Maklum, saur Kang Acil tea mah, "Urang Sunda geus beak diacak-acak ku partai". Mun sanes PDIP atawa Golkar, nya partey nu gaduh platform agama. Sapertos PKS. Lian ti eta, urang Sunda sok ngalem maneh nu oge (sakaligus) neluh maneh: egaliter, dina babasaan Kang Nana mah. Keur sim kuring, ieu taya sanes efeumisme tina "teu tiasa ngahiji". Paralel sareng "kultur huma" nu sok digembar-gemborkeun. Sanes bade mumpang kana realitas ilmiah, atanapi pasipatan "alamiah" pisan, ma'lum nu ngembrakkeun perkawis pasipatan urang Sunda eta teh teu jore-jore -- sarupaning DR, Prof. Tapi,ku remenna urang dicekokkan informasi eta, urang jadi "percaya" yen urang memang teu bisa ngahiji. Ah, janten ngacapruk. Sakitu bae heula. Mangga teraskeun... Baktos, Pun Maman --- In [email protected], Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Urang Sunda kalebet salah sahiji suku di nagara Indonesia anu ngagaduhan sifat EGALITER. Asa pikumahaeun pami US dihijikeun / aspirasi na disalurkeun ka hiji (parpol / organisasi ). Pastina bakalan sesah. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
