Sok lah, urang padungdengkeun di milis ieu, namung
inventarisir heula pokok bahasanana, supados terarah.
Ulah dugi ka siga DPD ayeuna di DPR. Tos diadegkeun,
sareng dijamin UUD (hasil amandemen kadua/tilu?), eh
...ngarasa teu maksimal sareng teu diwaro eksistensina
ku anggota DPR sanesna, ayeuna kalah ka rumahuh,
mending dibubarkeun wae tong aya DPD.
Pangalaman juragan Andi Mallarangeng ngadegkeun partey
politik daerah di tingkat nasional teh malihan mah
kalah ka paeh di tengah jalan. Ayeuna kalah ka
"ngasong" padamelan ka pangawasa nagara.
Uapmi sabada dievaluasi aya "kans" tiasa narik paminat
di tingkat lokal teu aya lepatna, janten bahan wacana.
Tapi upami sakintenna, teu tiasa kaduga atanapi
kalaksanakeun mah, margi warga masyarakat sunda tos
terpolarisasi sareng aspirasina mencar ka berbagai
golongan/kelompok sareng partaey), mendingan energi
urang dipusatkeun kanggo ngadamel konsep ningkatkeun
kasejahteraan rahayat Tatar Sunda. Kanggo
ngalaksanakeun eta konsep, ngangge "kendaraan" partey
anu tos aya. Atanapi langsung wae didugikeun ka
pangawasa anu nuju nyepeng pancen tugas di Jawa Barat.
Sabab sakaterang sim kuring mah, para pangawasa daerah
teh, masih teu acan siap ngagaduhan konsep anu jelas,
upama tos janten mingpin hiji daerah, alias sakarep
dewek dina mingpin daerahna. Contona, di daerah teh
aya paguron luhur, anu mangrupi janten gudangna sumber
daya pikir anu teu jore-jore, tapi da asana teh
pangawasa daerah teu maksimal ngamangpaatkeun sumber
daya ieu. Duka pedah teu terang kaunggulan hiji
paguron luhur, duka pedah sieuneun kanyahoan
kacurangan-kacurangan anu dilakukeun ku para pangawasa
daerah. Di kota Depok, dimana kuring mukim, kerjasama
Pemda sareng UI teh ngan basa-basi wae. Tujuh taun
kapengker UI ngalangkungan program pengabdian
masyarakatna ngusulkeun hiji konsep ngolah limbah anu
ramah lingkungan, dugi ka cara ngadamel alatna sagala,
teu dipalire-palire acan. Tah taun ieu, nembe kaala
hasilna, Depok janten kota paling kotor sa Indonesia.
baktos,
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Pikeun ngalengkepan wacana dina ieu jejer, ieu aya
> artikel kenging nyutat tina Mangle:
>
> Partey Lokal
>
> Kapungkur di tatar Sunda aya partey lokal,
> upamina wae, partey Gerakan Pilihan Sunda (Gerpis),
> atuh di Sumatera Timur, aya partey Gerakan Rakyat
> Simalungun Sumatera Timur (GRSST). Tetela dina
> Pemilu 1955 partey lokal henteu sukses, angger wae
> masarakat langkung cop milih partey nasional
> sapertos PNI, Masyumi, PKI atanapi Parkindo. Ayeuna
> muncul deui karep hoyong ngadegkeun partey lokal.
> Upamina wae di kalangan aktipis kasundaan, timbul
> sora-sora nu miharep ngadegna partey lokal.
> Alesanana, ku ayana partey lokal aspirasi daerah
> bakal langkung kapalire. Saurna, salami ngandelkeun
> partey nasional mah, duka iraha aspirasi daerah teh
> bakal kaperhatoskeunana.
__________________________________
Yahoo! for Good - Make a difference this year.
http://brand.yahoo.com/cybergivingweek2005/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/