Sampurasun...!

Baraya,

Mindeng aya anu nanyakeun sarupa kieu:"Lamun 'sampurasun' (jeung "rampes"
jawabna) ngarupakeun kecap bubuka atawa uluk salam mimiti nyarita sacara
budaya (Sunda), kecap atawa kalimah naon dina budaya anu sarua, pikeun
kecap panutupna jeung naon pangawabna?". Upama nuturkeun agama, Islam
khususna, biantara atawa uluk salam teh dimimitian ku kalimah
"assalamu'alaikum wr wb" tur ditutup ku kecap "wassalam" atawa anu
sabanding, tah dina budaya, papasangan kecap bubuka "sampurasun" naon (anu
dipake panutup biantara)?

Salah saurang budayawan Sunda akhir-akhir ieu ngusulkeun kalimah pikeun
papasangan kecap bubuka "sampurasun", nyaeta kalimah "Hurip Sunda!".
Saterusna, upama "sampurasun" dijawa ku "rampes", mangka, inyana,  budayawan
Sunda tea, ngusulkeun pangjawab keur kecap "Hurip Sunda" nyaeta "hurip!".
Jadi, "Sampurasun..!" jawabna: "Rampes!", sedengkeun "Hurip Sunda!"
jawabna:"Hurip!".

Mungkin aya anu tatanya atawa leuwih tegesna "protes", yen kalimah "Hurip
Sunda" kareungeuna "primordial" atawa heureut teuing (kulantaran nonjolkeun
ngaran seler atawa budaya seler tinangtu). Mangga eta mah hak
sewang-sewangan pikeun panuju atawa teu panuju. Ngan, upama kecap "Sunda"
dicokot hartina anu sejen (lain ukur ngaran seler atawa budaya seler), asana
henteu kudu dianggap "primordial".

Apan aya 25 harti kecap Sunda, sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati"
(dina buku ieu aya pedaran ngeunaan "Tri Tangtu di Bumi anu lumayan rada
teleb). Dina 25 harti eta henteu disebutkeun hiji oge harti anu nyoko kana
ngaran seler atawa budaya seler. Ieu makna kecap "Sunda" anu 25 dicandak
tina rupa-rupa bahasa (Sansekerta, Jawa, Sunda, Kawi). Tina anu 25, upamana,
"Sunda" hartina: moncorong/cahaya (mulya), bersih, kasaimbangan, sampurna,
cai (subur makmur), gunung (kukuh pamadegan dina ngahontal maksud hirup),
jst. Jadi, "Hurip Sunda!" enas-enasna mah ngandung maksud do'a ka anu dituju
ku eta kalimah jeung lingkungan saudeureun urang sangkan hirup
aya kamulyaan, suci, saimbang, sampurna, subur makmur, kukuh pamadegan dina
ngahontal tujuan hirup, jst.

Balik deui kana jejer ieu posting, ayeuna-ayeuna ieu dina
pagempungan-pagempungan di Tatar Sunda, khususna di Bandung geus ilahar,
upama anu biantara bubuka ngucapkeun "Sampurasun", para hadirin saur manuk
ngawalon "Rampes!" jeung nalika inyana nutup biantara ku kalimah "Hurip
Sunda!", anu haladir reang ngajawab ku kecap "Hurip!". Keur hiji hal anu
kaasup kreativitas budaya, asana "Hurip Sunda!" - "Hurip!" sah-sah wae
salaku papasangan "Sampurasun" - "Rampes!" anu hal ieu oge, baheulana, teh
ngarupakeun kreativitas budaya luluhur urang sadaya.

Cag.
baktosna,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke