Peusing téh mamalia dina orde Pholidota, nu kabagi kana hiji kulawarga
Manidae jeung hiji genus Manis, nu ngawengku dalapan spésiés. Awak peusing
dibungkus ku sisit nu baradag dina kulitna, sumebar di wewengkon tropis
buana Asia jeung Aprika.
Dina klasifikasi nu leuwih heubeul, peusing téh dihijikeun jeung sababaraha
ordo lian, misalna Edentata. Bukti genetik nu leuwih anyar[1] nunjukkeun yén
dulur peusing pangdeukeutna téh karnivora.
Paripolah jeung dedegan
Ciri peusing anu utama nyaéta sisit badag jeung teuas, nu sabenerna mah
bulu. Buluna ieu ngahiji sahingga jadi kawas sisit. Mun ngarasa kaancam,
peusing bisa ngaringkel jadi buleud, sedengkeun sisitna rogok salaku
pakarang atawa nutup rapet sahingga ngabungkus awakna. Sisit ieu téh tadina
mah leuleus, tapi nuturkeun umurna, sisitna beuki lila beuki heuras. Kuku
dina suku hareupna paranjang & heuras, biasa dipaké pikeun ngagali taneuh.
Peusing bisa ngaluarkeun bau haseum nu seukeut tina kelenjar deukeut boolna,
sarupa jeung bau segung.
Ukuran peusing rupa-rupa, gumantung kana spésiésna, antara 30-100 cm. Nu
bikang sacara umum leuwih leutik batan nu jalu.
Dahar
Kadaharan peusing anu utama nyaéta sireum jeung rinyuh. Cakarna nu teuas tur
paranjang dipaké pikeun ngagali atawa ngabongkar sayang sireum/rinyuh,
sedengkeun létahna nu panjang bisa dipaké nyasar sayang sireum. Peusing
tangkal bisa migunakeun buntutna pikeun ngagantung dina dahan, sabari mapay
liang mangsana.
Peusing mah euweuh huntuan sarta teu bisa ngagayem. Pikeun ngala mangsana,
kelenjar ciduh dina dadana ngabaseuhan létahna ku ciduh nu rapet, sahingga
sireum narapel kana létahna.
Baranahan
Mangsa keureuneuh peusing lilana 120-150 poé. Sakali borojol ilaharna mah
ukur hiji, tapi kadang bisa nepi ka tilu, beuratna antara 80-450 g.
Ancaman
Peusing téh jadi salah sahiji kadaharan sabagian masarakat Aprika. Katambah
ku leuweung nu beuki ngaheureutan, peusing raksasa geus jadi spésiés nu
kaancam lastari. Di Cina, kapercayaan yén bagian-bagian awak peusing téh
bisa dijadikeun bahan ubar ngajadikeun peusing ogé kaancam populasina.
Taksonomi
* Ordo Pholidota
o Kulawarga Epoicotheriidae (lastari)
o Kulawarga Metacheiromyidae (lastari)
o Kulawarga Manidae
+ Subfamili Eurotamandua (lastari)
+ Subfamili Maninae
# Genus Eomanis (lastari)
# Genus Necromanis (lastari)
# Genus Patriomanis (lastari)
# Genus Manis (Manis)
* Peusing India (M. crassicaudata)
* Peusing Cina (M. pentadactyla)
# Genus Manis (Paramanis)
* Peusing Malayu (M. javanica)
* Peusing Palawan (M. culionensis)
# Genus Manis (Smutsia)
* Peusing raksasa (M. gigantea)
* Peusing Temminck (M. temmincki)
# Genus Manis (Phataginus)
* Peusing tangkal (M. tricuspis)
# Genus Manis (Uromanis)
* Peusing buntut panjang (M. tetradactyla)
Sumber rujukan
* Pangolin, Wikipédia édisi basa Inggris (29 Agustus 2006)
Tumbu kaluar
* Pangolin: Wildlife summary from the African Wildlife Foundation
* A photograph of a pangolin
* Tree of Life of Pholidota
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Peusing"
Kategori: Peusing | Sasatoan
--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/