>Kang Dien, >Upama urang teu boga hiji barang, tapi urang perlu kana eta barang teh, >diwenangkeun urang NGINJEUM. Komo deui ieu mah perkara nginjeum aksara, >upama nginjemna teh teu kudu mulangkeun deuih. Pek we rek dipake nepi ka >iraha oge, teu kudu mayar royalti sagala rupa. Kadar daek we makena. >Hehehe. MH, Wayahna, istilah NGINJEUM téh urang teundeun, malah urang popohokeun sakalian, bonganna nu kangaranan nginjeum mah kudu waé dipulangkeun. Mun teu kitu tangtu urang téh dosa da kapan nginjeum téh sarua jeung ngahutang. Nginjeun teu dipulangkeun sarua jeung nganjuk teu ditaur, nya ! Ku kituna, yu urang paké istilah MIBOGA jeung NGAWASA sangkan ulah aya anu ngagunasika. Mun urang miboga, sabataé, tangtu urang bisa maké sawaregna. Tapi najan urang teu miboga, asal urang ngawasa, asana sarua waé, dina harti bisa maké sawaregna bari teu aya anu ngagunasika. Kawas supir nu ngawasa mobil MH upamana, pan lalugina, jaba ti bisa maké sawaregna téh di bekelan deuih, keur meuli BBM jeung sajabana. Embohna ti éta, ka anu teu apal ka jinisna mah, si supir téh bisa ngaku yén mobil nu dipakéna téh mobil inyana, ha ha ha ! >Tah eta pisan puguh oge, "Aksara teh GAMBARAN sora." Cing urang cobaan >toong naon eta kalimah teh maksudna. Upama aya GAMBARAN, tangtu aya nu >DIGAMBARKEUN, sarta aya nu NGAGAMBARKEUN. Naon hasil gambaran-na, nya >AKSARA tea. Nu digambarkeunana, SORA. Ari nu ngagambarkeunana tangtu >MANUSA. Hehehe. Tah kitu, leres éta téh ! >Aksara gambaran sora, ngandung harti aksara teh MODEL tina sistim sora. >Kangaranan model, nepi ka iraha wae oge, moal bisa persis sarua jeung nu >dimodelkeunana. Hal ieu kulantaran domain-na teu sarua. Domain SORA >dirobah jadi domain TULISAN. Salian ti eta, ari nu ngaranna ngamodelkeun >mah pinasti kapangaruhan ku waktu jeung pangabutuh manusa nu >ngamodelkeunana. Kulantaran kitu, atuh pangabutuh kana aksara teh bakal >gumantung kana pangabutuh manusa nu mituturkeunana. Tangtu wae, kaperluan >manusa Sunda kiwari, baris beda jeung pangabutuh manusa Sunda bihari. >Mangga we titenan, boh aksara, boh kosakecap basa Sunda nu aya dina naskah >heubeul, naha sarua kitu jeung nu dipake kiwari. Apan heunteu nya. Eta teh >ciciren, pangabutuh manusa Sunda kiwari, geus robah jeung pangabutuh >karuhunna. >Elmu basa, teu bina jeung elmu sejen, tangtu nu disebut katangtuan dina >hiji mangsa baris robah. Mangga toong, kumaha kamekaran pamikiran manusa >dina ngamodelkeun atom, misalna. Atawa kamekaran pamikiran manusa dina >ngahartikeun asal muasal kahirupan. Balik deui ka puhuna, nyaéta aksara téh gambar/lambing/simbul sora. Kapan MH ogé gambar mah modél, nya kumaha nu ngamodélkeunana waé. Mun ayeuna digambarkeun ku aksara eu, isuk mah boa jadi ö atawa sugan õ teu nanaon da kapan sidik éta téh ngagambarkeun sora nu nyata, dapon balaréa bisa narima. Jeung deui robah aksara téh kapan kungsi kaalaman, nyaéta tj jadi c ; dj jadi j ; j jadi y. Tapi ulah lali, di masrakat anu geus ajeg mah, utama dina basana, kajadian kitu téh moal kungsi kaalaman. Mangga parios basa Arab, khususna Basa Al-Qur-an. Aksara nu dipaké nuliskeun Kalamullah, moal robah najan ngan ukur satitik. Mun aya nu ngarobah, pinasti kanyahoan. >Pangabutuh kana aksara /q, x, z/ jeung sajabana teh saenyana mah lain ngan >ukur keur nuliskeun kecap /Qur'an/ hungkul, eta mah ngan saukur conto, >tapi geus mangrupakeun pangabutuh nu kawilang WAJIB, upama basa Sunda >hayang dipake pikeun alat ngabungkeuleukeun hasil olah pikir jeung olah >rasa manusa Sunda dina sagala widang kahirupan. Misalna, upama urang Sunda >rek nyieun buku "Diajar Ngitung", piraku upama aya ekspresi Aljabar jiga >kieu /2x + 3y + 4z = 50/ kudu ditulis /2KA + 3GA + 4NGA = 50/ onaman. Eta >teh, karek dina pngajaran ngitung. Upama pangajaran fisika, na ekspresi >v-ektor rek ditulis jiga kumaha, upama keukeuh teu daek nginjeum aksara >sejen. Kuring bisa ngajugjugan, ka mana sabenerna alur pikiran salira. Nya heueuh atuh, tong maksakeun nu matak rungsing. Mun urang maké sarung, maké kaméja koko, maké sorban jeung pici bodas kawas haji, ceuk saha goring ? Pantes wé nu aya, alus katénjona, ngeunah dipakéna. Tapi ulah kéna-kéna kitu, der waé pakéan kitu téh dipaké ngojay ! Pantes sotéh, alus sotéh, ngeunah sotéh lamun dipaké sholat, ari dipaké ngojay mah rék kumaha bisa ngeunahna ? Paké pakéan ngojay sakumaha pituduh tukang ngojay ! Cindekna mah naon waé perluna, kawasa parantina. Mun urang nyaritakeun matematik, paké basa matematik. Mun urang nyaritakeun agama, paké basa agama. Kitu saterusna. Mangpaatna ? Disagigireun moal salah harti téh tangtu urang bakal meunang pangajén ti balaréa, sahenteuna baris disebut ahlina. Balikana dijejelkeun kana akasara Sunda. Aksara Q upamana, tangtu kudu tangtu sorana. Hartina, mun aksarana kitu, sorana tangtu kitu, teu kaci robah-robah. Geura pék cobaan ucapkeun kecap Qur-an, terus bandingkeun jeung kecap kurupuk , Coca Cola ; aqua ; qualitas jsté. Kumaha kacindekanana ? Eta téh kakara aksara Q, can nu séjénna. >Perkara sora "eu" nu digambarkeun ku aksara /eu/, nu pernah katoong ku >kuring mah lain ngan bobogaan urang Sunda wungkul, basa urang Eropa oge >bogaeun. Sakadar conto, dina basa Perancis, aya sababaraha kecap jiga >kieu: /deux, peu, je veux, tu peux/. Eta kecap nu diberendelkeun teh >sorana mirip jeung sora /eu/. Tangtu baraya nu bubuara di Perancis leuwih >apal kana eta pasualan. Malahan Ki Buldan Jayawiguna pernah ngusulkeun >kieu: upama hayang praktis, hiji aksara ngagambarkeun hiji sora, sora "eu" >bisa digambarkeun ku aksara /ö/ (o diluhurna make titik dua ngadapang). >Kitu deui dina basa Inggris, aya eta teh. Di urang ogé aya, nyaéta di Acéh jeung di tempat MH sugan. salam, kang Dien
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- Perkara sora /q/ kuring mah ninggalina pikeun ngaakomodasi kecap serepan. Salian ti eta, aksara /q/ teh ilahar pikeun simbolisasi bahasa elmu pangaweruh. Contona dina elmu ngitung, berendelan aksara /p, q, r, s/, /x, y, z/, jeung /u, v, w/ eta teh ilahar dipake pikeun ngaran v-ariabel (rek ditulis /pariabel/?), ngaran matriks, ngaran v-ektor (peun ah, moal ditulis sisipan nu ieu mah), jeung sajabana. Nya ari hayang-hayang teuing mah, bisa oge keur nulis /qulub tutut/, /qulub suuk/, jeung sajabana. Hehehe salam, mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com --------------------------------- Get your email and more, right on the new Yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
