Saleresna mah aya "telaahan" bahasa ieu anu lengkap, anu tos janten pakem para ahli bahasa sadunya, nyaeta teori basa anu diserat ku Ferdinant De Saussure. Kamari kuring ngagaduhan ringkasan bukuna anu diserat ku Prof. Harimurti Kridalaksana. Tapii duka "kaselitp dimana, dikurah-koreh di "pabetekan" di kantor kuring teu kapendak. Teori Saussure teh, didasarkeun kana panalungtikan basa-basa sadunya, kalebet basa Sanskerta, anu janten acuan basa di Nusantara. Dina teori Saussure, saleresna mah, basa teh heunteu sakadar mung ngagambarkeun sora wae, tapi aya aspek sanesna (kuring hilap deui, kang MH panginten langkung paos). Ceuk Juragan Saussure teh, basa anu paling komplit, konsisten aturanana nyaeta basa Sanskerta. Tapi basa anu pang "kacowna" basa Cina (rumpun basa ieu teh pan basana teh mangrupi gambar, sanes ngagambarkeun sora).
Kumargi basa teh hasil olah cipta sareng rekayasa manusa, teu tiasa dibendung pangaruh ti basa sanesna. Ieu teh tos janten hukum alamna kabudayaan (upama ningali basa sabage salah sahiji kabudayaan). Kitu oge dina basa Sunda. Aksara basa Sunda dina abad ka 12 benten pisan sareng aksara Sunda dina abad ka 16, sapertos anu dicarioskeun ku Kang Mumu, dosen Sastra Daerah FIB UI. Dina carios anu di luhur, saleresna kuring hoyong ngagambarkeun, yen aksara hiji basa teh , berkembang teras, aya ugeran-ugeran anu kedah diperhatoskeun ku urang. Dina perkara aksara Sunda ieu, (alm) mang Ayat kantos medarkeun pendapatna..Kapungkur asana kuring kantos mostingkeun perkawis ieu di KUSnet. Sakitu anu kapihatur, pamugi janten nambih wawasan urang Sadaya. Upami aya nu lepat atanapi kaliru, eta mah kalepatan kuring, atuh upami aya nu leres, eta mah anging pangersa Allah. Baktos, mrachmatrawyani --- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >Kang Dien, > >Upama urang teu boga hiji barang, tapi urang > perlu kana eta barang teh, > >diwenangkeun urang NGINJEUM. Komo deui ieu mah > perkara nginjeum aksara, > >upama nginjemna teh teu kudu mulangkeun deuih. > Pek we rek dipake nepi ka > >iraha oge, teu kudu mayar royalti sagala rupa. > Kadar daek we makena. > >Hehehe. > > MH, > Wayahna, istilah NGINJEUM téh urang teundeun, > malah urang popohokeun sakalian, bonganna nu > kangaranan nginjeum mah kudu waé dipulangkeun. Mun > teu kitu tangtu urang téh dosa da kapan nginjeum téh > sarua jeung ngahutang. Nginjeun teu dipulangkeun > sarua jeung nganjuk teu ditaur, nya ! > Ku kituna, yu urang paké istilah MIBOGA jeung > NGAWASA sangkan ulah aya anu ngagunasika. Mun urang > miboga, sabataé, tangtu urang bisa maké sawaregna. > Tapi najan urang teu miboga, asal urang ngawasa, > asana sarua waé, dina harti bisa maké sawaregna bari > teu aya anu ngagunasika. Kawas supir nu ngawasa > mobil MH upamana, pan lalugina, jaba ti bisa maké > sawaregna téh di bekelan deuih, keur meuli BBM jeung > sajabana. Embohna ti éta, ka anu teu apal ka jinisna > mah, si supir téh bisa ngaku yén mobil nu dipakéna > téh mobil inyana, ha ha ha ! > > >Tah eta pisan puguh oge, "Aksara teh GAMBARAN > sora." Cing urang cobaan > >toong naon eta kalimah teh maksudna. Upama aya > GAMBARAN, tangtu aya nu > >DIGAMBARKEUN, sarta aya nu NGAGAMBARKEUN. Naon > hasil gambaran-na, nya > >AKSARA tea. Nu digambarkeunana, SORA. Ari nu > ngagambarkeunana tangtu > >MANUSA. Hehehe. > > Tah kitu, leres éta téh ! > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
