Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Hoyong ngiringan asa rame pisan perkawis asal usul urang sarerea teh.
numawi upami urang percanten yen Al Qur'an pasti leresna teu kedah bingung,
mung kedah usaha ngabuktoskeun asal usul urang, eta ngarupikeun tugas para
peneliti supados langkung percanten kanggo nambihan kaimanan urang yen Al
Qur'an teh henteu bertolak belakang sareng elmu pangaweruh, malihan al Qur'an
sebagai petunjuk untuk membuktikan keilmuan manusa nu bodo keneh saurna. yen
elmu nu aya di al qur'an teu acan kapendak ku manusa. Upami nalungtik ayat2 yen
jelema dina al Qur'an teh aya tilu (3) bahasa, nyaeta 1. Al basyar sebagai
makhluk manusia (secara fisik),2. An nas sebagai anak cucu Adam, 3, al insan
nyaeta manusa anu ngagaduhan elmu pangaweruh anu punjul ti sato.(ensiklopedia
islam)
Sareng deui upami emut kana dialogna Gusti Alloh sareng para malaikat waktos
bade nyiptakeun adam dina QS.Albaqoroh ayat 30. "yen manusa tukang nyieun
karusakan di muka bumi" saur malaikat, sapangaweruh malaikat tos aya
orang-orang yang saling menumpahkan darah. berarti tos aya jelema sebelum Adam.
naha ieu ciri ayat yen aya manusa sateuacan Adam anu teu acan gaduh budaya?
yang akhirnya malaikat menerima karena Alloh berfirman lagi bahwa "Sesungguhnya
Aku mengetahui apa yang tidak kamu ketahui" kecuali iblis. tos ah siga ustad
bae si kuring oge kirang paos perkawis eta mah. mung panasaran wungkul yen sim
kuring teu hoyong di sebat turunan monyet siga saur kang Darwin. da ari manusa
mah tetep bae turunan manusa. Annas atanapi Al Insan tea. siga pari paos urang
perancis yen "ucing teh sanes anak anjing". mun ucing tangtos indung bapana
ucing, mun anjing oge indung bapana teh anjing. upami saur sepuh urang mah uyah
teh tara tees ka luhur sanes? sok sanaos sifat-sifat monyet
nu sarakah sok aya di manusa.
hatur nuhun wassalam
Isya ND.
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kolot baheula, mindeng kadongengkeun nyarita kieu: "Kuring mah bijil
tina
bebeulahan batu". Ieu kitu anu dimaksud asal-usul jelema teh? Yen manusa
teh asalna tina batu?
- Waruga Aslna tina Cai jeung Taneuh
Heuheuheu...memang siga lahuta kakuping saliwatan mah eta kekecapan kolot
baheula teh. Tapi, upama dilenyepan, aya benerna oge. Yen sabagean tina diri
manusa asalna tina batu. Apan ari badan manusa teh dijieun tina cai jeung
taneuh (ceuk Al Qur'an); atawa tina mineral-mineral anu sabagean gedena cai
tea (ceuk elmu pangaweruh). Sedengkeun ari taneuh teh apan asalna tina
babatuan (lain pedah anu nulis teh ti geologi ieu mah, swear, ceuk elmu
pangaweruh). Jadi, lamun disebut "kuring" bijil tina beubeulahan batu nya
teu nyalahan-nyalahan teuing. Geologi bisa pisan ngajelaskeun kumaha
batu-batu anu ngalaman bareulah akhirna jadi taneuh atawa kaluar tian eta
babatuan sungapan cai tea.
Tapi, ti iraha entitas anu ayeuna disebut manusa teh nya kasebut salaku
"manusa"? Naha kajadian Adam teh leuwih nyurup kana sarupa
"pelantikan" atawa ngukuhukeun yen entitas Adam teh geus pantes disebut
manusa? Atawa, Adam ngajaggelek kitu wae salaku sumber sejen evolusi? Ieu
pananya-pananya munggaran keur pamiangan. Duanana ngabogaan dalil-dalil anu
kuat.
- Dilahirkeun atawa Gelar?
Ebrehan anu kahiji, upamana, dijelaskeun ku dalil naqli, yen khalifah di
muka bumi teh "dijadikeun" (Bs. Arab: "ja'alnakum fil al ardli
kholiifatan..."). Naha pilihan kecap "diajdikeun" di dieu maksudna
diciptakeun tina euweuh pisan jadi aya atawa dilantik? Ebrehan anu kadua,
ngabogaan dalil naqli, upamana: "...ciciptaan Isya (a.s) bin Maryam teh
sarua jeung ciciptaan Adam" (dina maksud yen Isya a.s teu ngabogaan bapa teu
kudu hemeng da Adam as ge kitu). Laju, lamun Pangeran bisa nyiptakeun tina
euweuh jadi aya anu mimiti (makhluk anu dianggap awal kahirupan dina
evolusi, na bet ngaragukeun kana kakawasaanana nyiptakeun tina euweuh jadi
aya anu kadua?. Malah, pananya anu make kecap panganteur "laju" bieu jadi
hiji bukti pikeun kaimanan kana poean dihudangkeun deui. Kitu ceuk
katerangan sababaraha ahli tafsir.
Jadi, timana asal-usul manusa teh? Keukeuh poekeun? wayahna, kuring oge
sarua. Ngan, kacondongan sorangan mah nya kana pamadegan anu kadua. Kitu
soteh dina lebah proses ngwajudna jelema. Sabab, mungguhing dina falsafah,
anu kasebut awal teh minimal aya dua rupa: awal sacara zat (zatii) jeung
awal sacara waktu (waqtii).
- Potensi Makhluk: Qodim sacara Waktu
Ceuk para filosof cenah, sacara zati, anu awal mah ngan Pangeran. Tapi.
sacara waktu, potensi makhluk teh qodim (bisa disebut teu aya awalna) oge.
Sabab, lamun aya lolongkrang (basa Sunda anu pas keur istilah
Inggris "gap"), tangtu Pangeran teh kungsi istirahat, beh dituna, kungsi
nyieun kagiatan anu anyar. Padahal, mungguh Pangeran, teu aya anu anyar da
Pangeran mah salilana qodim jeung abadi. Jadi, kumaha atuh ngahartikeunana?
Kieu wae atuh bisi hese mah, ceuk filosof tadi, bayangkeun wae panon poe.
Naha antara panon poe jeung cahayana bisa dipisahkeun? Teu bisa pan? Tapi
tetep, ayana cahaya panon poe eta karana ayana zat panon poe. Tah kitu
babandingan makhluk anu qodim sacara waktu tapi teu qodim sacara zat teh,
saurna.
Eta sadaya ngeunaan qodim sacara waktu teh dina tataran potensi atawa
"pi-eun" tea (pimakhlukeun, pimanusaaneun, jst). Anapon anu mimiti
ditanyakeun ku Mh ngeunaan asal-usul; manusa mah sigana perkara ngawujudna
atawa ngajanggelekna manusa di luhureun taneuh ieu. Tah perkara ngawujud mah
nya pakait jeung syarat-syarat keur ngawujud. Lamun tea mah syarat gelarna
kahirupan teh ukur sakumaha kaayaan rahim indung jeung kajadian samemehna
(zygot, jst), nya tangtu wae moal kaharti gelarna manusa kalawan teu
ngabogaan indung bapa.
- Proses Ngawujud bisa Leuwih ti Hiji Kajadian
Tapi, da Pangeran mah Maha Kawasa jeung luhung elmuNa. Syarat-syarat keur
ngagelarna makhluk, kaasup manusa, lain ukur zygot (ngahijina sperma indung
jeung bapa) jeung kaayaan rahim anu jadi indung. Lain, lain eta ewae, sing
perecaya wae (hehehe...tina wilayah elmu dibawa kana wilayah kapercayaan).
Aya kondisi-kondisi sejen anu bisa ngalahirkeun manusa atawa makhluk sejenna
lamun diperlukeun. Nya hal ieu anu dina istilah falsafah irfani mah
disebutna proses "tajassada al arwah" atawa proses ngawujudna anu jadi roh.
Kagiatan sabalikna, nyaeta "tarawwahul ajsad" atawa ngarohna anu jadi jasad.
Dina paelmuan Sunda ge saur para ahlina, aya proses anu sarupa kitu. Keun ke
urang tatanya manawi pareng.
- Naon anu Penting tina Padungdengan Asal-usul Manusa?
Aya anu penting. Ceuk para ahli, anu penting, yen Pangeran teh Maha Sibuk,
"tangan" Pangeran henteu dibelenggu (ayat Al Qur'an duanana oge). Hartina,
unggal waktu aya proses nyiptakeun da Pangeran teh apan Maha Nyiptakeun tea
jeung makhluk mah anu anyar tea. Kukituna, tah ieu, kudu waspada, timana
kadaharan anu ku urang didahar unggal poe teh? Tina barang haram atawa
halal? Lamun ti anu haram aslna, tangtu daging anu dijadikeunana oge moal
berekah, malah bakal malik ngahesekeun anu bogana dina waktuna engke mangsa
mulang ka kaabadian. Inget, panyiptaan (menciptakan) eta lumangsung unggal
poe.
Tah, ceuk cenah, dina evolusi Darwin teh eta anu diilangkeun, kapercayaan
ayana ciptaan anyar unggal poe ti Pangeran. Tegesna, nyiptakeun ukur
dipasrahkeun kana mekanisme pertumbuhan jeung evolusi. Darwinian siga anu
teu percaya ayana campur tangan Pangeran unggal waktu (waktu dina
pamahaman manusa). Darwinian siga anu disindiran ku Al Qur'an yen
jelema-jelema anu teur percaya (kafir = nutupan kaimanan) nyarita: "tangan
Pangeran ditalian (terbelenggu)". Padahal teu kitu. Mung Alloh anu Maha
Uninga.
Cag
baktos,
manAR
On 8/25/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya, di ieu milis kungsi dipadungdengkeun perkara asal usul jelema.
> Pikeun nambahan info aya artikel menarik, pakait jeung koreksi kana teori
> Darwin. Sugan we aya gunana.
>
> salam,
> mh
> ==========
>
> Silsilah Manusia Jadi Lebih Rumit
>
> Nina Eikens
>
> 17-08-2007
>
> *Teori evolusi bisa jadi tidak seperti apa yang selama ini diajarkan di
> sekolah-sekolah. Para ilmuwan menemukan sisa-sisa fosil nenek moyang
> manusia
> jaman sekarang di Kenya, Afrika. Tadinya dianggap bahwa Homo Habilis
> artinya
> manusia yang menggunakan tangan, dilanjutkan oleh Homo Erectus artinya
> manusia yang dapat berdiri. Namun dari fosil-fosil yang ditemukan,
> tampaknya
> keduanya hidup pada waktu yang bersamaan.*
>
> [image: evolutie-aap_450.jpg]
>
> *Dipertanyakan*
> Kesimpulan di atas tertera dalam majalah ilmu pengetahuan *Nature*. John
> de
> Vos, seorang ahli paleontologi manusia yang bekerja untuk Naturalis, yaitu
> Museum Biologi Nasional di Leiden, mempertanyakan penelitian tersebut.
> Paleontologi adalah ilmu yang mempelajari sejarah kehidupan di bumi, jadi
> flora dan fauna purba yang telah menjadi fosil.
>
> Tujuh tahun lalu ditemukan dua fosil baru di Kenya. Fosil tersebut adalah
> secuil rahang atas Homo Habilis dan tengkorak Homo Erectus. Rahang
> tersebut
> berumur 1,4 juta tahun sementara Homo Habilis diperkirakan punah pada 1,7
> hingga 2 juta tahun lampau.
>
> Hingga sekarang dianggap bahwa Homo Habilis yang bertubuh kecil seperti
> kera, berevolusi menjadi Homo Erectus yang besar. Homo Erectus ini
> kemudian
> berevolusi menjadi manusia, yang disebut Homo Sapiens. Tapi penemuan fosil
> tersebut memperlihatkan bahwa kedua spesies itu jelas pernah hidup bersama
> selama setengah juta tahun, kira-kira sekitar satu setengah juta tahun
> lalu.
> Jadi Homo Erectus tidak mungkin berasal dari Homo Habilis. Demikian
> kesimpulan Meave dan Louise Leakey serta warga Belanda Fred Spoor pada
> proyek riset internasional Koobi Fora di majalah ilmiah *Nature*.
>
> *[image: schedels_350.jpg]Dua gagasan*
> Tidak ada kesepakatan tentang evolusi manusia. Hasil penelitian ini adalah
> juga penafsiran para penulis, demikian John de Vos mengingatkan. "Manusia
> sebenarnya belum benar-benar sepakat tentang apa yang terajdi. Tapi secara
> umum orang punya gambaran bahwa evolusi tidak terjadi dalam satu garis
> lurus." Ada dua gagasan tentang evolusi manusia, demikian John de Vos:
>
> John de Vos: "Gagasan pertama, adalah manusia atau Homo Sapiens, seperti
> kita, muncul di Afrika. Mungkin dari Homo Erectus. Itu adalah satu-satunya
> mahluk yang ada di kawasan tersebut. Homo Sapiens itu kemudian mengembara
> ke
> seluruh dunia dan spesies yang lebih tua tersingkirkan."
>
> Teori lain berpendapat, manusia tidak berasal dari Afrika, tapi muncul
> pada
> berbagai tempat di bumi, pada waktu yang kurang lebih bersamaan. Sekali
> lagi
> John de Vos:
>
> John de Vos: "Teori lainnya adalah bahwa Homo Erectus tiba di dunia lama.
> Dari Homo Erectus di seluruh dunia, muncul secara bertahap Homo Sapiens,
> seperti kita ini. Inilah ide multiregional yang indah."
>
> De Vos belum sepenuhnya yakin dengan penemuan para peneliti tersebut.
> "Jujur
> saja, yang kita bicarakan ini hanya potongan rahang atas yang geliginya
> juga
> sudah sangat rusak. Para penulis harus datang dengan pendapat yang kuat
> untuk bisa mengatakan bahwa itu adalah potongan rahang Homo Habilis, namun
> saya masih ragu."
>
> *Dipertanyakan*
> De Vos juga mempertanyakan tengkorak yang dinyatakan tengkorak Homo
> Erectus.
>
> John de Vos: "Tengkorak mereka tergolong kecil, dengan isi sekitar 600
> sentimeter persegi. Mereka malah mengatakan itu adalah ciri khusus Homo
> Erectus. Saya jadi berpikir, jika hal tersebut dibalik, si habilis adalah
> seorang erectus dan sebaliknya, kamu kembali lagi ke jalur yang sama."
>
> Menurut John de Vos kedua spesies memang pernah saling bersimpangan jalan.
> "Tapi pertanyaannya tentu saja apakah mereka saling mengenali satu sama
> lain
> sebagai satu spesies yang sama."
> Sumber:
> Radio Nederland:
> http://www.ranesi.nl/tema/pengetahuan/silsilah_manusia_rumit070817
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Building a website is a piece of cake.
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/