Assalamualaikum hapunten aya kalepatan 'teknis' bagian II na teu kakintunkeun.....janten rada kirang lengkap kanggo 'introduction'na. kanggo pa kuncen urang sunda pangapunten naon margina sim abdi dianggap sanes anggota milisnya? ari ngintun lebet ari bade muka dina group kedah daftar deui sareng masih ngantos approval?..padahal raraosan mah tos janten anggota teh lami.....bilih aya kalepatan sim abdi nyuhunkeun di wartosan kedah kumaha? hapunten ka kadang wargi nu nga reply mung katampi masih ngalangkungan kisunda.
anyway, (he...he...naon sundana nya) nyanggakeun terasna ieu dongeng kampung ============== II Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama (advance) jadi Kanyataan Karang. Saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk. Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah... Ulikan hayang weduk mah, cenah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk. Bari nu kitu teh,... sok baroga pantangan/mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah- bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna) (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha enya kanuragan?’). Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh? Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur? Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake.... 1. Harti Kecap karang Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna (punten bilih aya ahli basa sunda di di kisunda/urang sunda) leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali - Kamus umum Basa Sunda LBSS 1992). Matak tuluyna.... eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang. Sabenerna di kampung mah harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!?? Matakna...matakna.... Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa). Saluyu jeung eta... Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara. Jadi sakali deui..... Hartina karang di sunda mah taneuh.... matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?. 2. Harti kecap Batara Kecap Batara aya sabaraha harti: Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana. Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara. Katilu, Di Bali Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa. (kadua jeung katilu tingali diantawisna dina - wikipedia) Tiluharti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam. Ana kitu..... Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina. Ana kitu.... Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan.. Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII) Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ?? ================= bagian salajengna urang kintunkeun kapayun upami pareng baktosna Eddy Nugraha __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
